Minggu kamari kuring nungkulan ceramah Duta Besar Syria di UI, anu ngobrolekun 
perkara nagarana "baheula, Kiwari jeung Kahareup". Dina ngajawab hiji pananya, 
Pa Dubes teh ngajentrekeun, bedana Israel jeung Yahudi. Yahudi mah hiji bangsa 
turunan ti para Nabi. Ari Israel mah hiji nagara, dimana mayoritas pendudukna 
teh bangsa Yahudi. Kawijakan nagara Israel heunteu otomatis jadi kawijakan 
sakabeh bangsa Yahudi.

Ari Perkara Obama dina soal ngabela kawijakan nagara Israel, aya saurang 
pangamat anu netelakeun siga kieu. Mungkin memang Obama boga pamadegan sejen 
anu 
leuwih ngarangkul opini urang Arab jeung urang Islam Umumna. Tapi Obama oge teu 
bisa nolak kanyataan yen di lingkaran leutik sakuriling Obama masih kuat 
pendapat anu ngabela kawijakan Israel. Obama oge pastina kudu memperhitungkeun 
hal ieu, pikeun politik jangka panjangna. Memang dina perkara politik mah teu 
bisa ditingali ngan sakadar "hideung" jeung "bodas".

mrachmatrawyani



________________________________
From: Maman <[email protected]>
To: [email protected]
Sent: Sun, January 30, 2011 7:57:20 PM
Subject: [kisunda] Timur Tengah sanes  Sineger Tengah

  
From: Mohammad zen 
ngiringan ...tos lami ngaghoib hehe...

Ceuk kuring ieu mah : 
1. Obama mah sami wae leuwih parah ti jalmi anu teu narima pendapat batur, 
buktinya, ku keukeuhna, ngadukung israel ngajajah palestina, ku keuekeuhna 
ngajajah batur , teu narima saeutikpun soara ti umat manusa, hehe lain manusa 
meureun???
===========================

 


      

Kirim email ke