URANG SUNDA
Pangeling-ngeling:
Para Wargi, Urang Sunda teh anu kacatet dina sajarah mah ngalalakonna ti abad
Ka-2 M, janten Urang Sunda teh panginten tos aya komunitasna sateuacan abad
eta.
Nagarana anu kawentar teh SALAKANAGARA (di Pulasari, Pandeglang),
Agrabinta,Sindangbarang (Cianjur Kidul), ka beh dieunakeun aya Tarumanagara,
Galuh lajeng Padjadjaran, Sumedanglarang ssbte, seueur-seueur deui.
Nu pangkawentarna nyaeta karajaan Padjadjaran, malih dianggo nami hiji
universitas nyaeta UNIVERSITAS PADJADJARAN di Bandung kanggo pangelingeling yen
baheula aya nami karajaan ieu.
Panalitian aya henteuna Padjadjaran parantos ditalungtik ti abad ka16 keneh ku
urang Walanda, ku expedisi Let. Scipio dipiwarang ku gubernur Jend. Amsterdam
kanggo ngabuktoskeun, dumasar kana catetan Tome Pirez urang Portugis anu abad
14 kantos ka JAWA BARAT. Di Museum Hoorn (caket LELYSTADT) di Neitherland
aya hiji museum disebatna MUSEUM VOC , aya kakantunan PADJADJARAN mangrupi
hiji
tihang anu diukir nganggo logam koneng ngahiji sareng titinggalan karaton Yogya
mangrupi kareta kancana.
Urang Sunda gaduh prinsip ti ngawitan kapungkur ............cag laptopna
kabujeng seep baterena , ngke diteraskeun