Para wargi urang Sunda, buktos-buktos ngeunaan ayana Padjadjaran seueur pisan, ti payun atos didugikeun ayana panalungtikan Letnan Scipio, salajengna engke aya deui panalungtikan ti Kapten Adolf Winkler , 1690. Panalitian Ram en Coop, 17 01. Teras ku Abraham van Riebeck,1709...saterasna mah panalungtikan anu intensif sareng komprehensiv kenging Pleyte 1903, van der Moellen , Chrome sareng Hole, dugi ka taun 1930-an, Ten Dam , 1950 an. Atuh ari catetan-catetan anu janten dadasar mah kenging Tome Pires (1513). Dina taun 1983 ngeunaan Padjadjaran sareng Siliwangi dijantenkeun naskah ilmiah ku Sunarto sareng Viviane S. Tessier (hiji wanoja ti Perancis ti ecole Francaise d’Extreme Orient). Buktos sapertos prasasti saniskanten parantos aya lengkep.
Seueur deui data ngeunaan Padjadjaran. Ari para ahli sanaos eta naskah pantun, syair, pupuh ssjbna. Tetep bakal di ”keep” margi eta oge data, numawi tiasa janten seratan oge aya data.Kitu atuh. ________________________________ From: A.Mulyana Kahdar <[email protected]> To: [email protected] Sent: Thu, February 3, 2011 11:21:58 AM Subject: [kisunda] URANG SUNDA URANG SUNDA Pangeling-ngeling: Para Wargi, Urang Sunda teh anu kacatet dina sajarah mah ngalalakonna ti abad Ka-2 M, janten Urang Sunda teh panginten tos aya komunitasna sateuacan abad eta. Nagarana anu kawentar teh SALAKANAGARA (di Pulasari, Pandeglang), Agrabinta,Sindangbarang (Cianjur Kidul), ka beh dieunakeun aya Tarumanagara, Galuh lajeng Padjadjaran, Sumedanglarang ssbte, seueur-seueur deui. Nu pangkawentarna nyaeta karajaan Padjadjaran, malih dianggo nami hiji universitas nyaeta UNIVERSITAS PADJADJARAN di Bandung kanggo pangelingeling yen baheula aya nami karajaan ieu. Panalitian aya henteuna Padjadjaran parantos ditalungtik ti abad ka16 keneh ku urang Walanda, ku expedisi Let. Scipio dipiwarang ku gubernur Jend. Amsterdam kanggo ngabuktoskeun, dumasar kana catetan Tome Pirez urang Portugis anu abad 14 kantos ka JAWA BARAT. Di Museum Hoorn (caket LELYSTADT) di Neitherland aya hiji museum disebatna MUSEUM VOC , aya kakantunan PADJADJARAN mangrupi hiji tihang anu diukir nganggo logam koneng ngahiji sareng titinggalan karaton Yogya mangrupi kareta kancana. Urang Sunda gaduh prinsip ti ngawitan kapungkur ............cag laptopna kabujeng seep baterena , ngke diteraskeun
