Muhun abdi ge nguping ti rerencangan kamari, malah sababaraha rerencangan janten panitiana, salut lah Powered by Telkomsel BlackBerry®
-----Original Message----- From: oman abdurahman <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Sat, 5 Feb 2011 08:31:53 To: <[email protected]> Reply-To: [email protected] Subject: Re: [kisunda] Saresehan Sultan dan Raja Nusantara? Wah, bener oge beja kamari via tlpn ti abah Olot teh, aya rencana pajemuhan katurunan raja jeung Sultan sa Nusantara. Ngan kamari mah dina tlpn, teu kabejakeun ieu rencana geus nepi ka gubernur sagala rupa, komo nepi ka rencana arek hadir Presiden sagala mah. Ceuk pamadegan gubernur mah salah sahiji manfaat tina eta acara nya taya lian ti pariwisata pikeun Jabar, khususna Bandung. Sok sanaja kitu, keur kuring sorangan, tacan tembong pisan hubungan antara eta acara jeung pariwisata. Ayana eta acara teh bisa jadi "second opinion" nya kana pamadegan "ulah loba teuing ngalieukan ka tukang". Aya kitu tina rengrengan eta para katurunan sultan jeung raja teh, salahsaurangna, (anu ngaku) katurunan raja Pajajaran atawa Raja Siliwangi? Lamun aya, aya hadena diwawancara, pikeun maluruh pituduh kana ayana bukti ngeunaan karajaan Pajajaran atawa Raja Siliwangi. Nya sakalian wae nyieun "secon opinion" anu sejen. Ari ceuk (dina) prasasti mah (upamana "Prasasti Kabantenan" oge malah "Prasasti Batutulis" sorangan) ngaran "Pajajaran" teh aya disebut-sebut. Atuh pon kitu keneh, istilah "Siliwangi" aya kasebut, minimal ceuk naskah babad Bujanggamanik (kukituna, kaharti upama istilah "Pajajaran jeung "SIliwangi" namper dina ingetan sabagean gede warga Sunda, malah masing-masing jadi ngaran hiji paguron luhur di Jabar; oge anu kadua jadi ngaran divisi katangtaraan di Jabar). Ayana "second opinion" teh penting, ngarah elmu tumuwuh subur, sangkan pipiikiran kritis tetep hirup. Keur warga Jabar atawa Urang Sunda atawa kisunda sorangan, "second opinion" ngeunaan sajarahna kacida pentingna, sangkan aya sikep ngahargaan kana kanyataan hirup, jeung, anu leuwih penting ti eta, sangkan bisa ngamaknaan jeung ngalempengkeun kana jihat anu positif naon rupa anu jadi kayakinan atawa cecekelan atawa budaya anu aya di masyarakat. Wilujeng, mugia eta rencana pajemuhan lain ngan saukur nostalgia anu sifatna autis, tapi bener-bener bisa ngalahirkeun kamaslahatan pikeun hirup kumbuh bernegara jeung berbangsa. Cag. manar 2011/2/5 mh <[email protected]> > > > Bandung Tuan Rumah Pertemuan Sultan dan Raja Nusantara > Jumat, 04/02/2011 - 19:01 > > BANDUNG, (PRLM).- Kota Bandung rencananya bakal menjadi tuan rumah dalam > acara Silaturahmi Nasional Raja dan Sultan Nusantara II. Acara yang digelar > pada bulan Juni mendatang itu, akan dipusatkan di Gedung Merdeka. Sekitar > 220 raja dan sultan se-Indonesia, kemungkinan bakal hadir dalam acara > tersebut. > > Rencana itu diungkapkan Gubernur Jabar Ahmad Heryawan di Gedung Sate, Jumat > (4/2) siang, usai menerima rombongan Badan Pekerja Silaturahmi Nasional Raja > dan Sultan Nusantara II. Presiden RI Susilo Bambang Yudhoyono rencananya > juga akan menghadiri acara tersebut. "Tadi kami membahas teknis persiapan > untuk acara tersebut. Melalui acara itu, diharapkan bisa mendongkrak sektor > pariwisata Jabar dan > > mempererat komunikasi antar daerah khususnya yang masih memiliki kesultanan > dan keraton," ujarnya. > Sementara itu, Sultan Sepuh XIV Keraton Kasepuhan Cirebon PRA Arief > Natadiningrat menjelaskan, acara itu akan berlangsung tanggal 24-26 Juni. > Acara akan dihadiri sekitar 1.000 tamu undangan. "Untuk raja dan sultan > se-Nusantara yang sudah dikonfirmasi, insya Allah ada 220 yang bakal hadir," > ujarnya. > > Arif menambahkan, acara berisi berbagai agenda yang intinya mempererat tali > silaturahmi. Ada juga pembahasan tentang keberadaan keraton dalam kebijakan > nasional. "Termasuk sosialisasi potensi budaya dan pariwisata dari > masing-masing daerah," katanya. (A-128/A-88)*** > > http://www.pikiran-rakyat.com/node/134269 > > > >
