Halow bah Imun damang juragan? Lami teu tampil eeeh naha ayeuna mah asa 
moderat, 
wise, kalem  ....asana teh eleh militan ku bah Tohaan urusan panco sareng kang 
Maman heu heu.... 


Makarya Mawa Raharja




________________________________
Dari: "[email protected]" <[email protected]>
Kepada: [email protected]
Terkirim: Jum, 4 Februari, 2011 18:10:01
Judul: Re: [kisunda] Saresehan Sultan dan Raja Nusantara?

  
Nah kudunamah urang sunda teh ngamanfaatkeun momen ieu jang nunjukeun 
ektistensi 
sunda di ieu nagara, kumaha we carana da baroga uteuk lin? Momen ieu ulah ukur 
jadi kajadian anu ngaliwat wungkul. Tunjukeun karakter si kabayan anu alusna, 
nyaeta kapinteran urang sunda, malesna piceun, ulah jiga kang ibro tuh, males, 
wayak kieu masih dihaharudung sarung bari nyonyoo songsong lampu tempel 

Powered by Telkomsel BlackBerry®
________________________________

From: mh <[email protected]> 
Sender: [email protected] 
Date: Sat, 5 Feb 2011 10:02:03 +0800
To: <[email protected]>
ReplyTo: [email protected] 
Subject: Re: [kisunda] Saresehan Sultan dan Raja Nusantara?
  



2011/2/5 oman abdurahman <[email protected]>

  
>Wah, bener oge beja kamari via tlpn ti abah Olot teh, aya rencana pajemuhan 
>katurunan raja jeung Sultan sa Nusantara. Ngan kamari mah dina tlpn, teu 
>kabejakeun ieu rencana geus nepi ka gubernur sagala rupa, komo nepi ka rencana 
>arek hadir Presiden sagala mah. Ceuk pamadegan gubernur mah salah sahiji 
>manfaat 
>tina eta acara nya taya lian ti pariwisata pikeun Jabar, khususna Bandung. Sok 
>sanaja kitu, keur kuring sorangan, tacan tembong pisan hubungan antara eta 
>acara 
>jeung pariwisata.
>
Jigana tiap rombongan raja baris make atribut papakean khas daerahna 
masing-masing. Maeureun bakal aya arak-arakan pikeun nyambut para rengrengan 
tamu ondangan. Bakal leuwih hade mun sakalian aya acara pameran sagala 
unak-anik 
atribut karajaan sarta karajinan rakyat. Tuh pan teu hese ngaitkeun jeung 
pariwisata mah nya. Hehehe.
-mh-
Halo

Kirim email ke