Asa jarang, malah can kungsi manggih, mun baraya muslim, milih ngaran anak ngarujuk ka ngaran malaikat. Biasana mah sok ngarujuk ka ngaran nabi, sahabat, atawa asma Pangeran. Asana nu kungsi manggih ngaran nu ngarujuk ka ngaran malaikat teh, dipakenan ku baraya karesten, atawa babah.
Tapi sakadar keur mere inspirasi, bisa wae misalna. Jibril Sabda Pamungkas, nu bisa dihartikeun "wahyu pamungkas nu diturunkeun ngaliwatan malaikat Jibril." Atawa Jibril Saba Marcapada, nu maksudna Jibril turun ka alam dunya. Ngan kade pahili jeung Jibril Saba Kota, bisi dianggap nurutan Kabayan Saba Kota. 2011/2/8 Ii Sumirat <[email protected]> > > > Nyuhungkeun bongbolongan nami kanggo rerencangan anu bade ngalahirkeun, > naros kasikuring tp bingung: > > Ngaran payuna mah cenah tos aya hoyong mikail atawa jibril tapi papanjangna > hoyong ngaran sunda. > > Pami tiasa aya hartosna > > > > Nuhun sateuacana > > Ii Sumirat >
