Jaman "kaemasan" karajaan jeung kasultanan tos "pareum" ti saprak kamerdekaan Indonesia (1945). eta cenah bade aya pertemuan para sultan/Raja sa Nusantara di Bandung diarahkeun pikeun ngaronjatkeun budaya/pariwisata daerah. Ceuk kuring mah aya alusna, tapi tong dihartikeun rek ngadegkeun deui jaman karajaan baheula anu identik jeung feodalisme. Yogya salah sahiji kasultanan anu kawilang nyongcolang dina ngahangkeutkeun pariwisata. Taun kamari kuring jeung babaturan sa angkatan di FISIP UI jalan-jalan ka Cirebon, nyimpang ka Karaton Kasepuhan, matak ngahelas ningali kawaluratan karaton. Tadina mah rek ngadeuheus ka Pangeran Arif, tapi teu aya di tempat.
Lumayan rada lengkep oge kuring mideokeun kaayaan karaton jeung ngarekam penjelasan ti petugas karaton, utamana perkara penjelasan piring-piring anu aya di sabudereun bangsal karaton. Baheula aya batur kuring anu boga ide, karaton rek dijieun hotel, dimana para turis bisa mondok, ku cara ngadatangkeun pemodal ti Walanda, tapi ngan sawates ide. Guha sunyaragi wae ayeuna teu kaurus, padahal ceuk cenah mah, di hiji tempat di guha eta teh aya jalan ka Mekah, biasana sultan mun solat jumaahan di Mekah teh, make jalan eta. Ayeuna mun ka Cirebon, hese neangan es kopyor, sate jeung empal gentong ngan aya sababaraha tempat anu ngajual diantarana di Pasar Pagi. Padahal baheula mah, tempat mangkal es kopyor teh di bioskop hareupeun pabrik roko BAT tea. tempat eta ayeuna geus jadi mol. Empal gentong daging sapi langganan kuring ayana di handapeun menara cai, parapatan jalan Tuparev. mrachmatrawyani ________________________________ From: mh <[email protected]> To: Ki Sunda <[email protected]> Sent: Fri, February 4, 2011 12:08:09 PM Subject: [kisunda] Saresehan Sultan dan Raja Nusantara? Bandung Tuan Rumah Pertemuan Sultan dan Raja Nusantara Jumat, 04/02/2011 - 19:01 BANDUNG, (PRLM).- Kota Bandung rencananya bakal menjadi tuan rumah dalam acara Silaturahmi Nasional Raja dan Sultan Nusantara II. Acara yang digelar pada bulan Juni mendatang itu, akan dipusatkan di Gedung Merdeka. Sekitar 220 raja dan sultan se-Indonesia, kemungkinan bakal hadir dalam acara tersebut. Rencana itu diungkapkan Gubernur Jabar Ahmad Heryawan di Gedung Sate, Jumat (4/2) siang, usai menerima rombongan Badan Pekerja Silaturahmi Nasional Raja dan Sultan Nusantara II. Presiden RI Susilo Bambang Yudhoyono rencananya juga akan menghadiri acara tersebut. "Tadi kami membahas teknis persiapan untuk acara tersebut. Melalui acara itu, diharapkan bisa mendongkrak sektor pariwisata Jabar dan mempererat komunikasi antar daerah khususnya yang masih memiliki kesultanan dan keraton," ujarnya. Sementara itu, Sultan Sepuh XIV Keraton Kasepuhan Cirebon PRA Arief Natadiningrat menjelaskan, acara itu akan berlangsung tanggal 24-26 Juni. Acara akan dihadiri sekitar 1.000 tamu undangan. "Untuk raja dan sultan se-Nusantara yang sudah dikonfirmasi, insya Allah ada 220 yang bakal hadir," ujarnya. Arif menambahkan, acara berisi berbagai agenda yang intinya mempererat tali silaturahmi. Ada juga pembahasan tentang keberadaan keraton dalam kebijakan nasional. "Termasuk sosialisasi potensi budaya dan pariwisata dari masing-masing daerah," katanya. (A-128/A-88)*** http://www.pikiran-rakyat.com/node/134269
