Tong boro-boro ras jeung etnis, turunan hiji jelema, contona Jengis Khan, oge bisa ditelusur make tes DNA teh. Nu paeh dina kacilakaan sarta teu kanyahoan identitasna gening masih ditelusur kulawarga saha-sahana. Henteu hese. Lamun diterapkeun ka manusa Sunda oge nya bisa. Nu jadi masalah atawa nu dianggap hese teh nyaeta saha nu rek dijadikeun rusukan salaku urang Sunda asli. Naha urang Baduy? Naha urang Priangan? Atawa saha? Nya upama ditetepkeun urang Sunda asli teh urang Baduy, nya tinggal diakur-akurkeun deuekeutna DNA jeung urang Baduy. Nya sukur atuh ari andika muslim sarta henteu kaasup nu nyaratkeun Sunda kudu ngagem ageman karuhun mah. Hartina teu aya masalah di antara urang. Hampura.
--- On Fri, 2/11/11, [email protected] <[email protected]> wrote: From: [email protected] <[email protected]> Subject: Re: [kisunda] Sunda To: [email protected] Date: Friday, February 11, 2011, 5:25 PM Rarasaan can pernah maca atawa manggihan literatur sundanese race atawa ras sunda. Lamun teu salah bah ali kungsi nyieun catatan urg tehh (sa nusantara kecuali papua) asup kana ras austronesia. Jd lamun di cek dna rada hese metakeun ras sunda tehh hehehe. Jeung kieu kuring oge inshaallah masih keneh muslim naha da teu artina satuju kana kajadian anu dicikeusik komo deui pelakuna lolobana semahSent from my BlackBerry® smartphone from Sinyal Bagus XL, bayar teyusss.....From: Aschev Schuraschev <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Fri, 11 Feb 2011 21:34:27 +0800 (SGT)To: <[email protected]>ReplyTo: [email protected] Subject: [kisunda] Sunda Nurutkeun Bujangga Manik, Sunda teh wewengkon nu beulah wetanna di watesan ku Cipamali jeung Cisarayu. Bujangga Manik ge nyebutkeun carek (basa) Sunda beda jeung carek Jawa. Jadi Sunda teh ngaran wewengkon jeung ngaran sagolongan manusa nu nempatan eta wewengkon kalayan basa nu mandiri. Naon agamana? Teu disebutkeun dina eta naskah teh. Tapi upama ningali titilar di ieu wewengkon, aya batu menhir, candi Budha, aya candi Hindu, oge aya makam urang Islam. Jadi agama nu diagem di ieu wewengkon geus rupa-rupa. Kumaha carana ngayakinkeun lamun urang turunan manusa Sunda eta? Bangsa batur mah make tes DNA. Cenah DNA markers can tell what "race" you are. Kiwari mayoritas urang Sunda ngagem Islam. Teu hade lamun aya sagolongan jalam nu nyaratkeun urang Sunda teh kudu ngagem nu diagem ku karuhunna. --- On Fri, 2/11/11, [email protected] <[email protected]> wrote: From: [email protected] <[email protected]> Subject: Re: Usul Ganti Ngaran ..Re: Bls: [kisunda] Semah parasea di buruan urang To: [email protected] Date: Friday, February 11, 2011, 1:57 AM Didieu ngirim na memang saacan jumaahan, justeru didinya nu miheulaan asa pang - dna na. Na da kuring mah ukur mairan nu sejena bari jeung bener da lolobana (bahkan ceuk berita kabehanana) anu nyieun karusuhan dicikeusik mah lain urg cikeusik. Artina eta kasebut semah. Naha jol kana dna, na ari sunda the genetis? Kayakinan? Atawa naon?Sent from my BlackBerry® smartphone from Sinyal Bagus XL, bayar teyusss.....From: Aschev Schuraschev <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Fri, 11 Feb 2011 14:32:44 +0800 (SGT)To: <[email protected]>ReplyTo: [email protected] Subject: Re: Usul Ganti Ngaran ..Re: Bls: [kisunda] Semah parasea di buruan urang Tadi andika ngirim surelek pukul 12:21 AM. Waktu eta kaula keur solat jumaah. Jadi hampura kaula telat mairan surelek andika. Balik deui kana pasualan semah jeung aslina urang Sunda, naha valid mere cap Sunda ka hiji jelema ngan ukur ku kayakinan anu disebut ku andika agama Sunda? Ceuk kaula mah anu pangalusna mah tangtu wae make tes DNA. Naha teu meunang?Tingali wae sajarah! Pan karuhun urang Priangan (kaasup karuhun kaula oge karuhun sadere Ilen jeun andika) kungsi dikawasa ku Mataram. Sajaba ti budaya (seni, bahasa, jsjbn), jeung kayakinan (Islam jeung kejawen), tangtuna oge gen/DNA mangaruhan urang Priangan ngaliwatan perkawinan. Ulah asa pangsundana euy! Ka batur nganggap semah sagala. Visit Your Group Switch to: Text-Only, Daily Digest • Unsubscribe • Terms of Use .
