Sumuhun tos teu relevan deui. Komo deui sarat kedah ngagem
agama karuhun mah teu relevan pisan. Abdi sareng nu sajalan moal keresa ngagem
agama karuhun. Janten, mangga definiskeun deui Sunda anu cocog sareng kaayaan
kiwari.

 

Sarat ti abdi mah basajan, upami aya nu ngaku Sunda nya ku
abdi diaku. Eta hungkul. Peun. Henteu seueur pasaratan. Janten upami kang
Tubagus ngangken Sunda nya diangken pisan ku abdi. Sabalikna, aya nu teu ngaku
nya moal diaku ku abdi. Contona, aya satpam di Sukatani Depok nu ngaranna Asep
tapi kekepehan teu ngaku Sunda da anjeunna ngaraos janten urang Batawi. Nya ku
abdi teu dipaksa supados anjeunna ngaku Sunda.


--- On Fri, 2/11/11, Tubagus Rifki L <[email protected]> wrote:

From: Tubagus Rifki L <[email protected]>
Subject: [kisunda] Re: Sunda
To: [email protected]
Date: Friday, February 11, 2011, 10:41 AM















 
 



  


    
      
      
      Masian wates atanapi definisi etnisitas 'Sunda' numutkeun kana 
teks/naskah Bujangga Manik teu tiasa janten patokan anu mutlak pami ngemut kana 
kaayaan demografi ayeuna di hiji wewengkon. Basa jeung jelema nu aya dina hiji 
wewengkon geus pacampur baur, kitu deui 'DNA-na.'



Ciciren nu masih keneh teges nu jadi 'artifak' budaya Sunda, nya basa nu dipake 
sapopoe. Tapi ieu oge teu mutlak jadi ukuran, sabab si Gian Hok ti gardujati 
Bandung, lahir hirup di Bandung, basana Sunda, teu langsung di sebut Sunda, 
malah bisa jadi lain Sunda.



Komo ngukur kana ageman 'kayakinan' sapertos, Islam contona, pan eta teh PBU 
(Partly Built Unit) nu di import ka wewengkon Sunda. Teu sadaya nu nyarios 
Sunda ngagem Islam. Baduy oge nembe 'Slam Sunda Wiwitan???' 'I'-na teu 
diasupkeun. 'Trik' urang Baduy, bisi disakompet daunkeun jeung Ahmadiyah. 
Paribasa, kamimah teu kabagean dititah sholat! Ngan wayahna nabina, Adam, rek 
dipaten di Baduy, jadi Adam Tunggal. Teu aya dulur-dulurna nu ngarasa ka hina. 
Bisaan eta Baduy!



Jadi saha ari urang Sunda teh? Kula diaku teu jadi urang Sunda, kang Asev? Pan 
ngaran kula euweuh pisan ciciren Sundana (matak bisi teu diaku Sunda, di profil 
fb kukula ditambahan 'Kartadireja' ngaran aki nu urang Cibatu, Garut.) Mun ti 
Bapa campur, Baduy jeung Arab.



Hiji deui, naon kitu identitas 'Sunda' masih relevan?



Ongkarana Sangtabean Pukulun Sembah Rahayu

TiRiLiK



--- In [email protected], halimun_an@... wrote:

>

> Keun we antep nu boga pendapat kitu mah, sunda mah jelas mayoritas islam, 
> jadi nu teu ngagem islam nya lain sunda, kitukeun we hehehehehe

> Powered by Telkomsel BlackBerry®

> 

> -----Original Message-----

> From: Aschev Schuraschev <aschevetea@...>

> Sender: [email protected]

> Date: Fri, 11 Feb 2011 21:34:27 

> To: <[email protected]>

> Reply-To: [email protected]

> Subject: [kisunda] Sunda

> 

> Nurutkeun Bujangga Manik, Sunda teh wewengkon nu beulah wetanna di watesan ku 
> Cipamali jeung Cisarayu. Bujangga Manik ge nyebutkeun carek (basa) Sunda beda 
> jeung carek Jawa. Jadi Sunda teh ngaran wewengkon jeung ngaran sagolongan 
> manusa nu nempatan eta wewengkon kalayan basa nu mandiri. Naon agamana? Teu 
> disebutkeun dina eta naskah teh. Tapi upama ningali titilar di ieu wewengkon, 
> aya batu menhir, candi Budha, aya candi Hindu, oge aya makam urang Islam. 
> Jadi agama nu diagem di ieu wewengkon geus rupa-rupa.

> Kumaha carana ngayakinkeun lamun urang turunan manusa Sunda eta? Bangsa batur 
> mah make tes DNA. Cenah DNA markers can tell what "race" you are.

> Kiwari mayoritas urang Sunda ngagem Islam. Teu hade lamun aya sagolongan 
> jalam nu nyaratkeun urang Sunda teh kudu ngagem nu diagem ku karuhunna.

> 

> 

> 

> --- On Fri, 2/11/11, enjebe@... <enjebe@...> wrote:

> 

> From: enjebe@... <enjebe@...>

> Subject: Re: Usul Ganti  Ngaran ..Re: Bls: [kisunda] Semah parasea di buruan 
> urang

> To: [email protected]

> Date: Friday, February 11, 2011, 1:57 AM

> 

> 

> 

> 

> 

> 

> 

> 

> 

> 

> 

> 

> 

> 

> 

>  

>  

> 

> 

> 

>   

> 

> 

>     

>       

>       

>       

> 

> 

> 

> 

> 

> 

> 

> 

> 

> 

> 

> 

> Didieu ngirim na memang saacan jumaahan, justeru didinya nu miheulaan asa 
> pang - dna na. Na da kuring mah ukur mairan nu sejena bari jeung bener da 
> lolobana (bahkan ceuk berita kabehanana) anu nyieun karusuhan dicikeusik mah 
> lain urg cikeusik. Artina eta kasebut semah. Naha jol kana dna, na ari sunda 
> the genetis? Kayakinan? Atawa naon?Sent from my BlackBerry® smartphone from 
> Sinyal Bagus XL, bayar teyusss.....From:  Aschev Schuraschev <aschevetea@...>

> Sender:  [email protected]

> Date: Fri, 11 Feb 2011 14:32:44 +0800 (SGT)To: 
> <[email protected]>ReplyTo:  [email protected]

> Subject: Re: Usul Ganti  Ngaran ..Re: Bls: [kisunda] Semah parasea di buruan 
> urang

> 

>  

> 

> 

> 

>     

>       

>       

>       Tadi andika ngirim surelek pukul 12:21 AM. Waktu eta kaula keur solat 
> jumaah. Jadi hampura kaula telat mairan surelek andika.

> Balik deui kana pasualan semah jeung aslina urang Sunda, naha valid mere cap 
> Sunda ka hiji jelema ngan ukur ku kayakinan anu disebut ku andika agama 
> Sunda? 

> Ceuk kaula mah anu pangalusna mah tangtu wae make tes DNA. Naha teu 
> meunang?Tingali wae sajarah! Pan karuhun urang Priangan (kaasup karuhun kaula 
> oge karuhun sadere Ilen jeun andika) kungsi dikawasa ku Mataram. Sajaba ti 
> budaya (seni, bahasa, jsjbn), jeung kayakinan (Islam jeung kejawen), tangtuna 
> oge gen/DNA mangaruhan urang Priangan ngaliwatan perkawinan.

> Ulah asa pangsundana euy! Ka batur nganggap semah sagala.

> 

> 

>     Visit Your Group

>   

> 

> 

>   

> 

>   

>   Switch to: Text-Only, Daily Digest • Unsubscribe • Terms of Use

> 

> 

> 

> 

>    

> 

>   

>   

>   

> 

> 

> 

>      

> 

> 

> 

> 

>      

> 

>   .

>





    
     

    
    


 



  












 
____________________________________________________________________________________
Need Mail bonding?
Go to the Yahoo! Mail Q&A for great tips from Yahoo! Answers users.
http://answers.yahoo.com/dir/?link=list&sid=396546091

Kirim email ke