Muludan  -Arabna: ‘mawlid/ milad an-nabi’’ - nyaeta   pangeling ngeling 
dibabarkeunana  Sang Rahmatan lil alamin tanggal 12   rabiul awal/bulan ka-3 
tahun hijrah. Kusabab muludan karek diramekeun   ratusan taun saatos anjeuna 
ngantunkeun, jadi tangtuna ieu teh   mangrupakeun bid’ah / tambahan / inovasi 
hasil kapercekaan muslimin dina   numuwuhkeun/ngeuyeuban  si’ar agama.

Di Arabna baheula  mah mimitina ‘mawlid an nabi’ teh dieusi ku shalawat  jeung 
pujian2  ngagungkeun. Tuluy kadieunakeun, di loba loba nagri nu  aya umat 
muslimna  -saperti nu diantarana bisa katingali di urang  langsung- ditambahan 
ku  poe pere nasional ‘official public holiday’,  pawai/karnaval/arak arakan,  
pupujian (bari nyeungeut lilin, obor,  petasan, buroqan),  nyaritakeun/macakeun 
dongeng nabi, pangajian, dikir,  hajatan (di urang  numpeng), ngabagi bagi 
dahareun -kongas aya babasan  kokoro manggih  mulud-,  jrrd. Malah beuki 
kaayeunakeun mah, tumuwuh oge  bisnis  parasaben keur ngadodoho nu nyaahan & nu 
hayang derma.

Tulisan  ieu, rek nyaritakeun sabagian inovasi di sunda dina  
ngeusian/ngeuyeuban  muludan hususna nu geus rada arang dikanyahokeun  komo 
dipigawe ku  loba-loba urang sunda ayeuna nu kabeukina ukur manco  ka beja 
jeung  
kabiasaan bid’ah ‘mawlid an-nabi’ ti  Arab/ti batur  mungkul. Inovasi  di  
sunda 
nu dimaksud diantarana urang kumpulkeun kana  3 bagian :

1)      Nyipuh, ngabungbang, pajang jimat, jarah ka kabuyutan,….

2)       Ngawaris/ngajarkeun & tolab  elmu ulikan kasampurnaan:  mulih ka  jati 
mulang ka asal, ngahyang/ tilem langsung  & paeh  biasa heula  tuluy tilem, 
beda/saruana jeung jeung jelema jelema nu  nganggap cangkang  kana awakna/lain 
awak kanyataan hirupna jrrd.

3)       Ngurut nembrakeun sababaraha rasiah waktu/alam –khususna bulan  ka 3  
tanggal 12 (nu mere pertelaan ngeunaan robahan alam/pangaruh  rotasi  (bulan) 
jeung revolusi bumi ka manusa khususna make ulikan  luluhur  sunda-islam nu aya 
hubungana jeung kaidah innalillahi wa inna  ilaihi  rajiun. Kecap rabiul awal 
sorangan hartina waktu balik  rabi  (menetap)  al-awal (mimiti) – usum dimana  
jalma2  lalaki balik ka  imah/sarakan  sanggeus ngumbara/nyaba- nu gening lain 
saukur  kabeneran/dilelebah  ninggangna wayah Sang Uswatun Hasanah melebet ka  
bumi suci mulih ka jati  sampurna,  wewedalan & pangsurupan keur  tepung 
pangjuruan, Kaasup  naha teu maleman tanggal 14 pas bulan buleud  
pisan/purnama, 
sarua /  bedana jeung Putra Gangga Bisma Dewabrata dina  mahabarata nu keukeuh  
milih maot upami srangenge geus rada ngaler -wios  ngantosan bari nongton  
turunan galungan (bharatayudha)- najan salirana  tos rungseb ku panah.

I. Nyipuh-pajang jimat- ngabungbang - jarah ka kabuyutan

Ieu luluhur Quraysh teh  -Sayidina Muhammad saw- ajarana ngabenerkeun sareng 
nyaean ajaran ajaran sateuacana,  ngaberesihan nyampurnakeun (yujakihim) ummat 
di kamanusaan, papatah sareng tapak lacakna nyaangan   nu keur dikajaliyahan, 
masihan conto jalan hirup -sareat- nu pangparatan hakekat jadi leuwih 
gampang/simple nutur nuluykeunana. Bakating ku ngarasa   sugema nganuhunkeun 
pisan kana kanyaah  pituduh sareng ajarana nepikeun   ka cahaya  Nur (energi) 
nu 
ngamimitian ieu alam dunya jeung saeusina   (johar awal) ge disebutna Nur 
Muhammad malah geus dianggap deui teu   perlu aya Nabi lain nu ngomean 
ngaleuwih 
alusan ajaran deui najan jaman   robah robah nya kongas kaleler Sang Khataman 
nabiyyin.

---  Najan  tangtu ngan karek kaharti karasa tur kabutki kusorangan  sanggeus  
diantarana teu neangan/diajar/hayang nyaho mungkul (thalab)  tapi kudu  
muslim-kaffah aslamtu ka nu ngamurbana sorangan, leungit/paeh  bodo/poek  
jahilna, paeh nafsu lahabna, ngiblat ka bait sorangan  warisan luluhurna  lain 
ka  qiblat milik batur (tingali: caritaan malik  qiblat), ngadeg  ajeg 
shalat/do’a/itikadna..jrrd jrrd… mun henteu mah  nya hare hare teu  ngaler teu 
ngidul ukur riweuh kunurutkeun titahan  bari  naruhkeun/mercayakeun 
hiruphuripna 
ka beja ceunah jeung euceuk--.

Supaya  leuwih karasa-kaharti dina nga-apresiasina kana hal nu geus  kajadian  
ngeunaan tapak lacak Sang khataman Nabiyyin, nya urang sunda  nu  palerceka 
baheula ngadamel ‘kagiatan’ nu sajiwa/sawarna boga  sumanget   ngabenerkeun, 
ngomean, ngalusan, ngabersihan, nyampurnakeun,   ngagampangkeun dina nguesian 
/ngeuyeuban  mieling Milad anjeuna nyaeta :   Nyipuh-pajang jimat- ngabungbang 
-jarah ka kabuyutan.

Nyipuh hartinangaherangan ngabersihan nga-alusan ngomean.   Sedengkeun, 
Jimat/pusaka barang barang nu boga nilai tambah sabab geus   diengineer ku 
installan-program/itikad/do’a jelema samemehna. Kawas   ayeuna ku pangjiad 
ajengan cai herang biasa ge sanggeus di do’an   /diprogram ku anjeuna –dumasar 
kahayang nu menta berkahna-bisa   nyageurkeun nu gering bisa ngabantu 
ngabulkeun 
kahayangna –kualitas   program dina caina kumaha luhung henteuna ajengan nu 
nyieuna. Kusabab   ari pusaka/jimat mah lolobana jieunan jalma baheula nya keur 
  
kaayeunakeun mah loba nu geus teu up to date, geus  ‘corrupted’, teu   cocok 
jeung  ‘hardware’ nu nyekelna ayeuna, salah masang ‘instruksina’,   salah 
nyimpen ‘file’ pamorna,  jrrd jrrd ku sabab kabodoan teu apal  kana  manualna 
atawa mokahaan makena-  tungtungna sok matak  rujit/moekan   kanu 
nyekelna/kawarisna.

TAPI, Pangalus alusna jeung  pangamahal mahalna katut pangguna gunana   
jimat/barang pusaka tempat  nyimpen sakabeh program/itikad/amal/ELMU  jelema 
nya 
awakna sorangan-  lamun alus programna nya  hurung mancur  awakna gede harkat 
jadi pusaka  lamun goreng program  goreng make/amalna nya jadi rujit poek 
euweuh  
hargana.

Didieu nyipuh muludan teh nu jadi pokona nyaeta   awakna kabawa  
beresih/alus/caang deui – barang/pusaka jalma baheula mah  geus teu pati  
guna/teu usum sabab jaman geus ganti..ngeunah keneh boga  jimat Toyota  altis 
jeung blackberry tibatan mamawa keris..matak  nubarijaksana mah  ukur nyokot 
kamatihanana/pamorna…barangna disimpen  deui ka  tempatna/dikamusiumkeun/di 
kakolektorkeun nu daek resepeun   miara…dikaluarkeun ukur pajang jimat 
mungkul….sabab nu pentingmah   do’a/pamorna naha ngaresonansi jeung awak atawa 
henteu pakeun dipake   gunana.
Ari symbol silib sindirna mah nyarieun deui we sorangan  sorangan  nurutkeun 
jaman da moal seubeuh ku simbol silib sindir tapi ku  bukti  kanyataan 
gunana-najan hurmat pisan ka nungdamelna eta barang  sabab nu  bisa nyieun teh 
lain jalma jore-jore istuning empu linewih.

Nya  sabab awakna kalolobaana cai –kaasup uteukna- jeung cai gampang  narima  
neruskeun program do’a/softwarena- nyipuh teh umumna bari mandi   dipancuran, 
disusukan, disitu jrrd. Malah ku kamampuh cai dina nyimpen   neruskeun program 
teh loba jalma agung baheula nyimpen   do’a/program/itikadna teh disave na dina 
cai -cai lingkungan nu masih   kajaga kaaslianana kayaning di kabuyutan 
kabuyutan matak sok loba   cai/pancuran di kabuyutan boga ngaran/khasiat 
kayaning cikahuripan   ciasihan jrrd–najan kitu keukeuh we sabab keur kaperluan 
jelema ayeuna   kudu wae make ‘trigger’ du’a nu ngalapna mun henteu mah nya 
tiis 
cai   kaporit/cai ledeng we- hartina hare hare.

Matak teu aneh  -kajeun diulah ulah ku nu teu beukieun- di bulan mulud  mah 
rame 
pisan nu  ngahajakeun jarah ka kabuyutan2 ngalap berkah  kaalusan bari mamawa  
buyutna sorangan arek ngakurkeun (Kabuyutan tempat  suci boh nu aya  
diluar/dialam boh –utamana- ditangtungna sorangan).

Ari triggerna kudu wae dina nyipuh mah….

Lamun  make mediana cai nga scan proses urutan jadina awak tina tulang  tina  
sumsum kana kulit kana getih kana beungeut  aya bbasan tulang  sakersa  
dangan..rupana lintang johar jst ..jst…. …; Aya oge nu mimitina  tina  tali ari 
ari (plasenta asal muasal kurung/awak) –kanjut kunang-  tuluy  kana bujal tuluy 
kana mani madi maningkem…..dibenerkeun dialusan   ditetepkeun pernah pernahna…… 
jst ..jst. Ari awak perlu disipuh sabab   salila sataun dipake kaditu kadieu di 
dunya kudu we aya kurangna –jalma   mah gudangna kaluluputan- kayaning salah 
amal, pola hirup teu bener,   tunggul kararaud catang karumpak …jrrd jrrd jrrd…

Lamun  kana barang/jimat pusaka di scan deui mimiti programna..make 7   
pakalaman…kumaha nempa nyieuna…tuluy diurut bahana… discan pamorna jst….   
Jst..jst

Lamun kabeneran euweuh cai….miitina diurut tina  nafas  (angin/O2)….ditahan 
nyaliara kana awak…dituturkeun ku rasa tuluy  jadi  keketug sumarambah kana…. 
pakeun dibenerkeun deui selang surupna…  make  conditioning mimiti nyatana 
 agungna ku Allahumma … jembarna ka  Sang  Rahmatan lil alamin … make referensi 
ka pohaci, ka batara, ka Sang   Sulaeman tuluy make rujukan ti Kangjeng Nabi 
Khidir as jst jst …dua   realm sunda-islam dipake keur silih nguat/nyeukeutkeun 
nyipuh nempa   sorangan….(lain silih poyok silih rusak)

jst …jst… jst

Tuluy  keur ngetest-ngaevaluasi hasil nyipuh dipake engke dina  ngabungbang  
maleman 14 mulud kayaning kumaha buktina kumaha bedana  kumaha pangaruhna  
hasil 
nyipuh…biasana bari jarah/aya dikabuyutan2--ngabungbang maksudna   nyaring 
tengah peuting di luar keur meujeuhna caang bulan langit   nembrak cangra.-- 
Matak aya babasan teu geuneuk teu maleukmeuk…jalan   gede sasapuan…caang bulan 
opat belas….jst jst jst….

--detail dihapus margi saukur bacaan ‘light reading’, peryogina ukur kanggo nu 
nyipuh----

singgetna,  sanajan nyipuh jimat/pusaka teh –khususna awak  kajelemaanana- bisa 
 
iraha wae, tapi dina raraga mulud  jalmi agung nu  nyaangan/ngabersihan  
nyampurnakeun umat nya ngahajakeun pajang  jimat/mandi disipuh  
diherangan/dibersihan/di-reform/dialusan deui  babarengan katembong ku  kabeh 
supaya karaseun ku umat berkahna mieling  Sang khataman Nabiyyin  teh barang/ 
bobogaana ge kabawa  beresih/caang/alus deui -jadi dina  maksud mieling ‘batur’ 
–sang  Khataman Nabiyyin- hikmah/gunana mah keur  nu mielingna...nu eta kabeh  
lain sakadar simbor silib sindir mungkul  tapi mangrupa ulikan  kamampuh/skill 
nu puguh protokolna / empirik- lain  saukur symbol silib  sindir nu saukur 
kacape cape mikiran kacape cape  ngabudah.

II   Ngawaris/ngajarkeun & tolab  elmu ulikan kasampurnaan

Tanggal   12  Rabiul awal -Mawlid  An-Nabi-  nu disebut poe  dibabarkeunana  
Sayidina Muhammad saw teh sabenerna ceuk batur mah  dirunut tina pupusna.  Nu 
geus pada ragem nyaho/dipercaya mah ukur  dibabarkeunana the dina  taun gajah 
bulan rabiul awal. Sedengkeun  tanggalna ditangtukeun  nurutkeun kaidah 
‘Symmetry’ .

Yusuf Qardawi nyebutkeun:
As  for the second part of the question [what is exact birth date of  the  
Prophet (s)], the exact date of the Prophet's birth is disputed ,  but it  is 
most likely to be on Monday, 9th Rabee`Al-Awwal (20th or 22nd  of  April, 571 
AC), the same year in which the invasion of the  Elephants  took place against 
the Ka`bah. And he, peace and blessings be  upon him,  passed away on Monday 
12, 
Rabee` Al-Awwal in the eleventh  year of  Hijrah. 


Dina nangtukeun tanggalna, Gerard netelakeun, ( Microsoft Encarta): ” Since   
the precise date of Muhammad's birth is not known, the month was   probably 
chosen because it is the most widely accepted date for his   death and a 
symmetry between birth and death was assumed.".

Jadi  kaidah symetri tina pupusna dipake pakeun nangtukeun pasti tanggal   
dibabarkeunana sayidina Muhammad saw….naha bet kitu?..kumaha gunana  ieu  
kaidah? Nepikeun ka mana bukti symmetry ieu tepina,…kumaha   
prinsip/kaidah/ugeran  mulih ka jati mulang ka asal,  innalillahi wa   inna 
ilaihi rajiun dina prakna…. Nangtukeun tempo/wayahna dina…ngahyang/   tilem 
langsung  & paeh biasa heula tuluy tilem? beda/saruana jeung   jeung jelema 
jelema nu nganggap cangkang kana awakna/lain awak  kanyataan  hirupna jrrd? 
naha 
diajarkeun utamana dina waktu muludan?

(bagian salajengna urang kintunkeun upami pareng)…




------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke