*Muludan*  -Arabna: ‘mawlid/ milad an-nabi’’ - nyaeta pangeling ngeling
dibabarkeunana  Sang Rahmatan lil alamin tanggal 12 rabiul awal/bulan ka-3
tahun hijrah. Kusabab muludan karek diramekeun ratusan taun saatos anjeuna
ngantunkeun, jadi tangtuna ieu teh mangrupakeun bid’ah / tambahan / inovasi
hasil kapercekaan muslimin dina numuwuhkeun/ngeuyeuban  si’ar agama.

Di Arabna baheula mah mimitina ‘mawlid an nabi’ teh dieusi ku shalawat jeung
pujian2 ngagungkeun. Tuluy kadieunakeun, di loba loba nagri nu aya umat
muslimna -saperti nu diantarana bisa katingali di urang langsung- ditambahan
ku poe pere nasional ‘official public holiday’, pawai/karnaval/arak arakan,
pupujian (bari nyeungeut lilin, obor, petasan, buroqan),
nyaritakeun/macakeun dongeng nabi, pangajian, dikir, hajatan (di urang
numpeng), ngabagi bagi dahareun -kongas aya babasan kokoro manggih mulud-,
 jrrd. Malah beuki kaayeunakeun mah, tumuwuh oge bisnis parasaben keur
ngadodoho nu nyaahan & nu hayang derma.

Tulisan ieu, rek nyaritakeun sabagian inovasi di sunda dina
ngeusian/ngeuyeuban muludan hususna nu geus rada arang dikanyahokeun komo
dipigawe ku loba-loba urang sunda ayeuna nu kabeukina ukur manco ka beja
jeung kabiasaan bid’ah ‘mawlid an-nabi’ ti  Arab/ti batur mungkul. Inovasi
 di sunda nu dimaksud diantarana urang kumpulkeun kana 3 bagian :


   1. Nyipuh, ngabungbang, pajang jimat, jarah ka kabuyutan,….
   2. Ngawaris/ngajarkeun & tolab  elmu ulikan kasampurnaan: mulih ka jati
   mulang ka asal, ngahyang/ tilem langsung  & paeh biasa heula tuluy tilem,
   beda/saruana jeung jeung jelema jelema nu nganggap cangkang kana awakna/lain
   awak kanyataan hirupna jrrd.
   3. Ngurut nembrakeun sababaraha rasiah waktu/alam –khususna bulan ka 3
   tanggal 12 (nu mere pertelaan ngeunaan robahan alam/pangaruh rotasi (bulan)
   jeung revolusi bumi ka manusa khususna make ulikan luluhur sunda-islam nu
   aya hubungana jeung kaidah innalillahi wa inna ilaihi rajiun. Kecap rabiul
   awal sorangan hartina waktu balik  rabi (menetap) al-awal (mimiti) – usum
   dimana  jalma2  lalaki balik ka imah/sarakan sanggeus ngumbara/nyaba- nu
   gening lain saukur kabeneran/dilelebah ninggangna wayah Sang Uswatun Hasanah
   melebet ka bumi suci mulih ka jati sampurna,  wewedalan & pangsurupan keur
   tepung pangjuruan, Kaasup naha teu maleman tanggal 14 pas bulan buleud
   pisan/purnama, sarua / bedana jeung Putra Gangga Bisma Dewabrata dina
   mahabarata nu keukeuh milih maot upami srangenge geus rada ngaler -wios
   ngantosan bari nongton turunan galungan (bharatayudha)- najan salirana tos
   rungseb ku panah.



 **

*I. Nyipuh-pajang jimat- ngabungbang - jarah ka kabuyutan*

* *

Ieu luluhur Quraysh teh  -Sayidina Muhammad saw- ajarana *ngabenerkeun
sareng nyaean* ajaran ajaran sateuacana,  *ngaberesihan
nyampurnakeun*(yujakihim) ummat di kamanusaan, papatah sareng tapak
lacakna nyaangan nu
keur dikajaliyahan, masihan conto jalan hirup -sareat- nu *pangparatan
hakekat* jadi leuwih gampang/simple nutur nuluykeunana. Bakating ku ngarasa
sugema nganuhunkeun pisan kana kanyaah  pituduh sareng ajarana nepikeun ka
cahaya  Nur (energi) nu ngamimitian ieu alam dunya jeung saeusina (johar
awal) ge disebutna Nur Muhammad malah geus dianggap deui teu perlu aya Nabi
lain nu ngomean ngaleuwih alusan ajaran deui najan jaman robah robah nya
kongas kaleler Sang Khataman nabiyyin.

 --- Najan  tangtu ngan karek kaharti karasa tur kabutki kusorangan sanggeus
diantarana teu neangan/diajar/hayang nyaho mungkul (thalab) tapi kudu
muslim-kaffah aslamtu ka nu ngamurbana sorangan, leungit/paeh bodo/poek
jahilna, paeh nafsu lahabna, ngiblat ka bait sorangan warisan luluhurna lain
ka  qiblat milik batur (tingali: caritaan malik qiblat), ngadeg ajeg
shalat/do’a/itikadna..jrrd jrrd… mun henteu mah nya hare hare teu ngaler teu
ngidul ukur riweuh kunurutkeun titahan bari naruhkeun/mercayakeun
hiruphuripna ka beja ceunah jeung euceuk--.

Supaya leuwih karasa-kaharti dina nga-apresiasina kana hal nu geus kajadian
ngeunaan tapak lacak Sang khataman Nabiyyin, nya urang sunda nu palerceka
baheula ngadamel ‘kagiatan’ nu sajiwa/sawarna boga sumanget  ngabenerkeun,
ngomean, ngalusan, ngabersihan, nyampurnakeun, ngagampangkeun dina nguesian
/ngeuyeuban  mieling Milad anjeuna nyaeta : Nyipuh-pajang jimat- ngabungbang
-jarah ka kabuyutan.

Nyipuh hartina* ngaherangan ngabersihan nga-alusan ngomean*. Sedengkeun,
Jimat/pusaka barang barang nu boga nilai tambah sabab geus diengineer ku
installan-program/itikad/do’a jelema samemehna. Kawas ayeuna ku pangjiad
ajengan cai herang biasa ge sanggeus di do’an /diprogram ku anjeuna –dumasar
kahayang nu menta berkahna-bisa nyageurkeun nu gering bisa ngabantu
ngabulkeun kahayangna –kualitas program dina caina kumaha luhung henteuna
ajengan nu nyieuna. Kusabab ari pusaka/jimat mah lolobana jieunan jalma
baheula nya keur kaayeunakeun mah loba nu geus teu up to date, geus
‘corrupted’, teu cocok jeung  ‘hardware’ nu nyekelna ayeuna, salah masang
‘instruksina’, salah nyimpen ‘file’ pamorna,  jrrd jrrd ku sabab kabodoan
teu apal kana manualna atawa mokahaan makena-  tungtungna sok matak
rujit/moekan  kanu nyekelna/kawarisna.

TAPI, Pangalus alusna jeung pangamahal mahalna katut pangguna gunana
jimat/barang pusaka tempat nyimpen sakabeh program/itikad/amal/ELMU jelema
nya *awakna sorangan*- lamun alus programna nya hurung mancur  awakna gede
harkat jadi pusaka lamun goreng program goreng make/amalna nya jadi rujit
poek euweuh hargana.

Didieu nyipuh muludan teh nu jadi pokona nyaeta  awakna kabawa
beresih/alus/caang deui – barang/pusaka jalma baheula mah geus teu pati
guna/teu usum sabab jaman geus ganti..ngeunah keneh boga jimat Toyota altis
jeung blackberry tibatan mamawa keris..matak nubarijaksana mah ukur nyokot
kamatihanana/pamorna…barangna disimpen deui ka tempatna/dikamusiumkeun/di
kakolektorkeun nu daek resepeun miara…dikaluarkeun ukur pajang jimat
mungkul….sabab nu pentingmah do’a/pamorna naha ngaresonansi jeung awak atawa
henteu pakeun dipake gunana.

Ari symbol silib sindirna mah nyarieun deui we sorangan sorangan nurutkeun
jaman da moal seubeuh ku simbol silib sindir tapi ku bukti kanyataan
gunana-najan hurmat pisan ka nungdamelna eta barang sabab nu bisa nyieun teh
lain jalma jore-jore istuning empu linewih.

Nya sabab awakna kalolobaana cai –kaasup uteukna- jeung cai gampang narima
neruskeun program do’a/softwarena- nyipuh teh umumna bari mandi dipancuran,
disusukan, disitu jrrd. Malah ku kamampuh cai dina nyimpen neruskeun program
teh loba jalma agung baheula nyimpen do’a/program/itikadna teh disave na
dina cai -cai lingkungan nu masih kajaga kaaslianana kayaning di kabuyutan
kabuyutan matak sok loba cai/pancuran di kabuyutan boga ngaran/khasiat
kayaning cikahuripan ciasihan jrrd–najan kitu keukeuh we sabab keur
kaperluan jelema ayeuna kudu wae make ‘trigger’ du’a nu ngalapna mun henteu
mah nya tiis cai kaporit/cai ledeng we- hartina hare hare.

Matak teu aneh -kajeun diulah ulah ku nu teu beukieun- di bulan mulud mah
rame pisan nu ngahajakeun jarah ka kabuyutan2 ngalap berkah kaalusan bari
mamawa buyutna sorangan arek ngakurkeun (Kabuyutan tempat suci boh nu aya
diluar/dialam boh –utamana- ditangtungna sorangan).


*Ari triggerna kudu wae dina nyipuh mah….*



Lamun make mediana cai nga scan proses urutan jadina awak tina tulang tina
sumsum kana kulit kana getih kana beungeut  aya bbasan tulang sakersa
dangan..rupana lintang johar jst ..jst…. …; Aya oge nu mimitina tina tali
ari ari (plasenta asal muasal kurung/awak) –kanjut kunang- tuluy kana bujal
tuluy kana mani madi maningkem…..dibenerkeun dialusan ditetepkeun pernah
pernahna…… jst ..jst. Ari awak perlu disipuh sabab salila sataun dipake
kaditu kadieu di dunya kudu we aya kurangna –jalma mah gudangna kaluluputan-
kayaning salah amal, pola hirup teu bener, tunggul kararaud catang karumpak
…jrrd jrrd jrrd…

Lamun kana barang/jimat pusaka di scan deui mimiti programna..make 7
pakalaman…kumaha nempa nyieuna…tuluy diurut bahana… discan pamorna jst….
Jst..jst

Lamun kabeneran euweuh cai….miitina diurut tina nafas (angin/O2)….ditahan
nyaliara kana awak…dituturkeun ku rasa tuluy jadi keketug sumarambah kana….
pakeun dibenerkeun deui selang surupna… make conditioning mimiti nyatana
 agungna ku Allahumma … jembarna ka Sang Rahmatan lil alamin … make
referensi ka pohaci, ka batara, ka Sang Sulaeman tuluy make rujukan ti
Kangjeng Nabi Khidir as jst jst …dua realm sunda-islam dipake keur silih
nguat/nyeukeutkeun nyipuh nempa sorangan….(lain silih poyok silih rusak)



jst …jst… jst

Tuluy keur ngetest-ngaevaluasi hasil nyipuh dipake engke dina ngabungbang
maleman 14 mulud kayaning kumaha buktina kumaha bedana kumaha pangaruhna
hasil nyipuh…biasana bari jarah/aya dikabuyutan2--* ngabungbang *maksudna
nyaring tengah peuting di luar keur meujeuhna caang bulan langit nembrak
cangra.-- Matak aya babasan teu geuneuk teu maleukmeuk…jalan gede
sasapuan…caang bulan opat belas….jst jst jst….



--detail dihapus margi saukur bacaan ‘light reading’, peryogina ukur kanggo
nu nyipuh----



Singgetna, sanajan nyipuh jimat/pusaka teh –khususna awak kajelemaanana-
bisa iraha wae, tapi dina raraga mulud  jalmi agung nu nyaangan/ngabersihan
nyampurnakeun umat nya ngahajakeun pajang jimat/mandi disipuh
diherangan/dibersihan/di-reform/dialusan deui babarengan katembong ku kabeh
supaya karaseun ku umat berkahna mieling Sang khataman Nabiyyin teh barang/
bobogaana ge kabawa beresih/caang/alus deui -jadi dina maksud mieling
‘batur’ –sang Khataman Nabiyyin- hikmah/gunana mah keur nu mielingna...nu
eta kabeh lain sakadar simbor silib sindir mungkul tapi mangrupa ulikan
kamampuh/skill nu puguh protokolna / empirik- lain saukur symbol silib
sindir nu saukur kacape cape mikiran kacape cape ngabudah.



*II   Ngawaris/ngajarkeun & tolab  elmu ulikan kasampurnaan*

 Tanggal  12  Rabiul awal -Mawlid  An-Nabi-  nu disebut poe dibabarkeunana
Sayidina Muhammad saw teh sabenerna ceuk batur mah dirunut tina pupusna. Nu
geus pada ragem nyaho/dipercaya mah ukur dibabarkeunana the dina taun gajah
bulan rabiul awal. Sedengkeun tanggalna ditangtukeun nurutkeun kaidah
‘Symmetry’ .

 Yusuf Qardawi nyebutkeun:

*As for the second part of the question [what is exact birth date of the
Prophet (s)], the exact date of the Prophet's birth is disputed , but it is
most likely to be on Monday, 9th Rabee`Al-Awwal (20th or 22nd of April, 571
AC), the same year in which the invasion of the Elephants took place against
the Ka`bah. And he, peace and blessings be upon him, passed away on Monday
12, Rabee` Al-Awwal in the eleventh year of Hijrah. *

 Dina nangtukeun tanggalna, Gerard netelakeun, ( Microsoft Encarta): ” S*ince
the precise date of Muhammad's birth is not known, the month was probably
chosen because it is the most widely accepted date for his death and a
symmetry between birth and death was assumed.".*

* *

Jadi kaidah symetri tina pupusna dipake pakeun nangtukeun pasti tanggal
dibabarkeunana sayidina Muhammad saw….naha bet kitu?..kumaha gunana ieu
kaidah? Nepikeun ka mana bukti symmetry ieu tepina,…kumaha
prinsip/kaidah/ugeran  mulih ka jati mulang ka asal,  innalillahi wa inna
ilaihi rajiun dina prakna…. Nangtukeun tempo/wayahna dina…ngahyang/ tilem
langsung  & paeh biasa heula tuluy tilem? beda/saruana jeung jeung jelema
jelema nu nganggap cangkang kana awakna/lain awak kanyataan hirupna jrrd?
naha diajarkeun utamana dina waktu muludan?



(bagian salajengna urang kintunkeun upami pareng)…

Kirim email ke