Ngiringan...

Satuju sareng Kang Eko, abdi mah pami aya an nelepon nipu teh sok ngahaja 
speakerna teh diharuskeun teras dicandak kanu ngariung, atuh diayonan heula 
sawatara waktos mah (kalawan background anu cing calengir). Mun tos bosen sok 
digos, "Posisi Anda sudah kami ketahui, saya polisi!", cekeng teh :D 

Pami aya SMS, biasana mah langsung di-delete. Nanging pami kaleresan mood-na 
nuju awon mah sok dibales. salah sahijina siga kieu:

"Tobat woy! kasian emak lo hamil 9 bulan cuma buat ngelahirin anak penipu calon 
isi neraka. Semoga dosa orang yg kena tipu lo tanggung semua. Amin ya 4JJ 1."

Keuheul tuda, da numutkeun berita mah, tukang tipu sms mah biasana katangkep 
teh 
saatos hasil ngagembol artos jutaan, sanes welas puluh rebu pikeun eusi 
beuteung 
anak pamajikan wungkul. Janten abdi mah nyimpulkeun yen seuseueurna tukang tipu 
bakal deudeuieun pami tos ngalaman sakali hasil mah. Pami niatna jang maraban 
anak pamajikan mah, asana kengeng 100-500 rebu ge cekap diangge ngamodal dagang 
pulsa tibatan nipu batur mah.

Nuhun...




________________________________
From: "[email protected]" <[email protected]>
To: [email protected]
Sent: Sunday, February 13, 2011 1:50:07
Subject: Re: [kisunda] Nipu Make SMS?

  
Ari saur abdi mah, keun we antep da maranehna ge usaha jang anak pamajikana, 
tos 
aya nu ngalaman anak pamajikan dua poe teu dahar alatan teu kabeuli beas2 acan, 
nepika mikir meuli obat tidur jang barudak supaya teu karasaeun lapar ?
Mun can ngalaman nya moal bisa ningali kalakukan jelema ti sisi nu lain.
Powered by Telkomsel BlackBerry®
________________________________

From:  [email protected] 
Sender:  [email protected] 
Date: Sun, 13 Feb 2011 08:51:14 +0000
To: kisunda<[email protected]>
ReplyTo:  [email protected] 
Subject: Re: [kisunda] Nipu Make SMS?
  
Ih kakara saminggu bah imun di operator selulerna oge, cobi wae mh dikontak 
customer servicena abdi oge kantos kenging sababara kali boh SMS ari sms mah 
sok 
langsung didelete wae ari nu tlp mah lamun teu keur sibuk sok ngahaja dilayanan 
dugi beakeun eta pulsana hahaha....ayeuna anu sering mah anu nawisan nambut 
artos minimal sadinten dugika 3 kali sok langsung di delete wae abdi mah.

Baktos
ERN
Powered by Telkomsel BlackBerry®
________________________________

From:  [email protected] 
Sender:  [email protected] 
Date: Sun, 13 Feb 2011 09:42:04 +0000
To: <[email protected]>
ReplyTo:  [email protected] 
Subject: Re: [kisunda] Nipu Make SMS?
  
Kang eko tah damel di seluler
Powered by Telkomsel BlackBerry®
________________________________

From:  mh <[email protected]> 
Sender:  [email protected] 
Date: Sun, 13 Feb 2011 17:40:23 +0800
To: Ki Sunda<[email protected]>; Urang Sunda<[email protected]>
ReplyTo:  [email protected] 
Subject: [kisunda] Nipu Make SMS?
  
Baraya aya nu gawe di operator seluler?

Asa mindeng meunang SMS nu eusina nipu. Jiga SMS nu katarima ku balad uing poe 
ieu (Minggu, 13 Feb 2011) .

Salinan eusi SMS-na jiga kieu:
====================
Ini bpk lg pinjam HP org.
tlong beli'in pls20rb k, 
nomor ini 087842991140, 
bpk lg ada mslh d kntr 
polisi, jgn dl tlpn/sms dl
nnti bpk yg tlpn, skrg pntng.
===================
Nomor nu ngirim SMS: +6281998478837

Cing sugan aya nu gawe di operator seluler, lamun aya kasus jiga kitu kumaha 
nguruskeunana.

Aya teu misalna nomor khusus ti operator nu bisa dipake pikeun nampung laporan 
ti pelanggan,
sangkan nu ngirim SMS nipu bisa diproses. Misalna sanggeus aya laporan ti 
pelanggan eta nomor
teh di-blok we.

-mh-

 

Kirim email ke