Kamarana ieu teh, sisinarieun tiiseun, keur maruludan kitu?
Cing baraya ngadarongeng, kagiatan naon wae dina mangsa muludan nu kaalaman
ku masing-masing.

Sainget uing di lembur, mun muludan teh sok resep ku sidekahna. Ngadon dahar
balakencrakan ngumpul
kulawarga jeung tatangga. Tiap kulawarga marawa congcot masing-masing, teu
kaliwat jeung lauk hayamna.
Ari tempat ngariungna teh, salah sahijina di imah kolot uing.
Dimimitian ku ngado'a bareng diluluguan ku kokolot kampung. Beres ngadoa
dipungkas ku dahar bareng,
silih asaan masakan tantangga.

Cing sok ngadarongeng, sugan aya pangalaman acara muludan.

Kirim email ke