Ah henteu, ngan bade naroskeun we, ari baduy teh saleresna dimana sih? Cenah 
sok nyebut2 baduy, cenah kanekes, bari teu apal kuringmah eta dimana, jeung 
kaasup etnis naon ari baduy.

Boa2 baduy mah hiji komunitas nu datang ti langit tea nu disebut alien, jadi 
teu aya hubungana jeung sunda nu diluar baduy, aya missing link alias teu 
nyambung.

Jadi kitu we hehehehe baduy nya baduy, sunda nya sunda, dua barang nu beda jiga 
embe jeung kuda hehehehe. 

Kuring mah satuju mun aya test DNA, eta baduy teh lebet spesies manusa atawa 
nenek moyangna, atawa mahluk pertengahanna nu disebut missing link ku darwin. 
Da mun disebut spesies manusa mah boga sifat sosial, lain anti sosial 
bergerombol jiga maung misalna.. Jadi kuring yakin, baduy mah lain kaasup 
spesies manusa modern..
Powered by Telkomsel BlackBerry®

-----Original Message-----
From: "Tubagus Rifki L" <[email protected]>
Sender: [email protected]
Date: Thu, 17 Feb 2011 16:31:58 
To: <[email protected]>
Reply-To: [email protected]
Subject: [kisunda] Re: Perkara Adam Akuan urang Kanekes

Ngiring nambihan kangMan, numutkeun pangelmu Kanekes manusa teh awalna ti 
Kanekes tuluy nyebar ka sakuliah dunya. Kukituna urang sadayana turunan Kanekes 
alias Baduy. 

Tah bah Imun, bah Jebe, BahOman, sadaya nu aya di Kisunda tong ambek mun 
disebat turunan Baduy.
(Tong naros ilmiah atanapi heunteu)

Ongkarana Sangtabean Pukulun Sembah Rahayu
TiRiLik

--- In [email protected], Maman <manz2002@...> wrote:
>
> Nyaritakeun Adam, kujalan syariat asanamah moal kahontal ku akal pikiran.
> 
> Numutkeun kaimanan, jelema kudu percaya yen Adam teh manusa pertama anu 
> "turun" ka bumi (turun ti mana?).
> 
> Numutkeun kaelmuan antropologi paleontology jste, mangrupakeun evolusi tina 
> sabangsaning momonyetan, atanapi gogorilaan, ngan aya 'missing-link' (rantai 
> anu putus), naha monyet jeung gorilla ayeuna teu jaradi jelema.
> 
> Numutkeun kepercayaan nu sanes, asal usul jelema mimitina ti makhluk 
> asing(aliens) anu nyasar ka bumi, buktina
> jelema baheula bisa nyieun piramida anu sakitu tohagana, padahal teknologi 
> harita nurutkeun kacamata teknologi
> ayeuna, teu mungkin bisa mahat jeung nyusun batu granit sagede-gede imah, 
> beurana ton-tonan disusun ditempel-tempelkeun ngajadi piramid(make 
> ceterpillar kitu?), padahal harita acan aya elmu ukur, naha konstruksina bisa 
> presisi teu gejlog. 
> Kukituna aya jelema ayeuna ngaduga yen anu nyieun piramid (3500 tahun saacan 
> masehi), nu nyieunna: aliens.  
> Jadi meureunan, urang-2 katurunan aliens. he.he.he. 
> 
> Jadi mana nu bener ?
> 
> Mangga nyanggakeun kumaha pamadegan sewang-sewangan, mung si kuringmah bade 
> nyandak hikmahna we.
> 
> Kahiji, apan numutkeun katerangan mah urang-2 salaku manusa jadi 
> kholifatulloh di muka bumi, jadi wawakil Alloh (edun nya), hiji mahluk anu 
> dipasihan amanah pikeun ngurus ieu bumi alam jeung saeusina.
> Naha jelema bet ngaruksak dimana-mana? 
> Naha taneuh, cai, udara(angin), sumberdaya alam(energi, tambang) dirusak ku 
> bangsa manusa ? Sabab kabutuhan ? 
> Rupina ieu oge parantos di serat dina ayat Al-qur'an, 'telah terjadi 
> kerusakan alam dimana-mana akibat ulah manusia' (hilap ayat sabarahanamah).
> Kaduana, atuh lamun kitu mah urang-urang sabisa-bisa ulah ngalakukeun 
> perbuatan anu ngaruksak lingkungan
> alam.
> Katiluna, atuh urang boga dulur di Kanekes anu katelah Baduy tea, manehna 
> boga kaarifan luhung, kuurang-urang sakedahna ulah diganggu-gugat, sanajan 
> aya anu nyebut yen maranehanana teu modern, animisme, primitip. Da katingalna 
> manehna mah hirup basajan saluyu jeung alam. Dahar tamba lapar, sare tamba 
> tunduh, ngadek sa cekna nyacag saplasna. 
> 
> Sanes kitu Agan? Ieu mah ceuk Jang Ibro, duka tah ceuk Ki Suadma mah ha.ha.ha 
>  (mangga dihaturanan )
> 
> Baktos
> mz
> 
> On Thu Feb 17th, 2011 9:12 AM ICT mang jamal wrote:
> 
> >sacara kitu, asimilasi, adaptasi, jeung si si kitu, agama sunda
> >wiwitan memang tos kacampur-campur ku ajaran agama sejen. cara hindu
> >jeung islam. unikna, urang kanekes keukeuh nempatkeun sistem monoteis
> >ku cara nempatkeun para dewa handapeun nu kawasa, nu ngersakeun. jadi
> >nu dina hindu mah tilu dewa trimurti teh pangluhurna, di sunda wiwitan
> >mah handapeunanana. boa handapeun lapisan tempat sunan ambu & nyi
> >pohaci.
> >
> >ieu sapotong artikel si kuring nu kungsi dimuat kompas jawa barat
> >Sabtu 9 Juni 2007
> >harita temana soal UUD 45 nu diterjemahkeun ka basa sunda, ngabahas
> >Tuhan Yang Maha Esa nu disundakeun angger kitu :)
> >
> >Monoteis
> >Edi S Ekadjati dalam Kebudayaan Sunda: Suatu Pendekatan Sejarah (1995)
> >mengungkapkan tentang agama dan kepercayaan orang Kanekes yang disebut
> >agama Sunda Wiwitan atau Sunda Asli.  Tuhan atau sistem kekuasaan
> >tertinggi dalam agama Sunda Wiwitan berada pada Tuhan yang disebut
> >dengan sifatnya, Sang Hyang Keresa (Tuhan Yang Maha Kuasa), Nu
> >Ngersakeun (Tuhan Yang Maha Berkehendak), Batara Jagat (Penguasa
> >Alam), Batara Seda Niskala (Yang Gaib) dan Batara Tunggal.
> >     Sebutan untuk Tuhan yang senada dengan Tuhan Yang Maha Esa hanya
> >Batara Tunggal. Yang terakhir ini, meskipun bermakna esa, tentu sulit
> >diterima dan tidak cukup memadai sebagai versi Sunda sekarang untuk
> >Tuhan Yang Maha Esa karena sebagian besar orang Sunda menganut Islam.
> >     Tuhan didekati orang Sunda tidak dengan bilangan, tetapi dengan
> >sifat-sifat seperti Nu Welas Asih (Yang Maha Pengasih dan Penyayang),
> >sedang sisi kekuasaan terungkap dalam Nu Maha Kawasa (Yang Maha
> >Kuasa), Nu Murbeng Alam (Yang Menguasai Alam). Bahwa Tuhan itu Maha
> >Esa, satu atau tunggal, dalam pandangan religiusitas orang Sunda
> >tampaknya sudah merupakan sifat built-in atau nature (fitrah) Tuhan
> >hingga tidak lagi menjadi urusan penyebutan.
> >     Monoteisme sudah merupakan landaran beragama orang Sunda sejak dahulu
> >kala ketika karuhun orang Sunda menganut agama Sunda Wiwitan atau
> >agama Sunda Asli. Semua dewa dalam konsep agama Hindu (Brahma, Wisnu,
> >Syiwa, Indra, Yama dan lain-lain) tunduk kepada Batara Seda Niskala
> >(Edi S Ekadjati, 1999:73). Konsep dewa dari India disesuaikan dengan
> >sistem kepercayaan lokal yang monoteis. Akar monoteisme itu sering
> >dijadikan  alasan logis bila orang mempertanyakan proses masuknya
> >Islam ke Tatar Sunda yang relatif mudah. Dari sembilan wali yang
> >menyebarkan agama Islam di pulau Jawa, wilayah Tatar Sunda dahulu
> >hanya perlu satu, yaitu Sunan Gunung Jati. Meskipun bernada gurauan,
> >kenyataan ini menunjukkan bahwa bagi orang Sunda, hal pokok konsep
> >ketuhanan adalah monoteis.
> >
> >
> >On 2/17/11, mang jamal <mangjamal@...> wrote:
> >> islam jaman adam, nuh, jsb saacan muhammad saw sanes islam dina
> >> konteks ayeuna. tapi dumasar kana 'rundayan carita', benang merahna
> >> islam.
> >>
> >> islam oge ajaran nu teu langsung kumplit cara ayeuna, saatos qur'an &
> >> hadist lengkep. qur'an oge apan turuna gradual. saacan aya ayat nu
> >> ngaharamkeun hamar, sarupaning arak nu matak nu matak mabok, hamar eta
> >> biasa diarinum urang arab. sanggeus kabukti efekna leuwih loba
> >> negatifna, nya turun ayat qur'an nu ngaharamkeunana.
> >>
> >>
> >>
> >> On 2/16/11, Maman <manz2002@...> wrote:
> >>> Numutkeun aakuan hiji ulama (duka hilap deui), ceunah, Adam, Nuh,
> >>> Ibrahim,
> >>> Isa kaasup "Islam".
> >>> Anu jadi pertanyaan kuring, lamun bener eta akuan, kumaha sahadatna ?
> >>>
> >>> On Wed Feb 16th, 2011 11:03 AM ICT MRachmat Rawyani wrote:
> >>>
> >>>>Perkara Adam anu diaku sabage "bapa" na turunan Urang Kanekes (Baduy),
> >>>> kuring
> >>>>kantos ngobrol sareng Prof. Kusnaka  Guru Besar Unpad dina hiji acara.
> >>>>Ceuk inyana teh, cenah bisa jadi luluhur Urang Kanekes pernah ngobrol
> >>>> sareng
> >>>>saurang ulama anu ngajelaskeun perkara Islam, tapi can rengse obrolan
> >>>> kana
> >>>> inti
> >>>>pasualan agama Islam. Ti dinya jigana dikenal istilah Adam teh. Hal ieu
> >>>> teh
> >>>>
> >>>>nunjukkeun yen ti jaman baheula Urang Kanekes teh tos aya "interaksi"
> >>>> jeung
> >>>>
> >>>>dunya luar. Teu matak heran, soalna pan Kanekes teh jauh ti laut, tapi
> >>>> kabutuhan
> >>>>uyah pasti dipasok ti luar wewengkon Kanekes.
> >>>>
> >>>>Kadua bandingkeun carita mitos Urang Dayak, sakumaha anu dipedar ku (alm)
> >>>> Abah
> >>>>Surya waktos acara seminar/konferensi di Bogor, luluhurna Urang Dayak teh
> >>>> cenah
> >>>>asalna teh ti  luluhurna Urang Sunda. Mitos ieu oge aya, jigana hasil
> >>>> tina
> >>>>interaksi luluhur urang Dayak jeung sukubangsa di luar Dayak.
> >>>>
> >>>>Kacindekanana, sok sanajan hiji sukubangsa terasing atawa "mengasingkan
> >>>> diri" ti
> >>>>dunya peradaban umumna, pasti wae  aya interaksi jeung suku sejen, anu
> >>>> tiasa
> >>>>katingali tina carita/mitos, bahasa, pakaian, peralatan sjb.
> >>>>
> >>>>mrachmatrawyani
> >>>>
> >>>>
> >>>>
> >>>>
> >>>>________________________________
> >>>>From: Roza R. Mintaredja <roza.kalasunda@...>
> >>>>To: [email protected]
> >>>>Sent: Tue, February 15, 2011 6:41:29 PM
> >>>>Subject: Re: [kisunda] Re: Sunda
> >>>>
> >>>>
> >>>>
> >>>
> >>>
> >>>
> >>>
> >>
>



Kirim email ke