Sumuhun mang h.
--- On Sat, 2/19/11, Ki Hasan <[email protected]> wrote: From: Ki Hasan <[email protected]> Subject: Re: [kisunda] Sunda nu Hiji ti Wiwitan dugi ka kiwari... To: [email protected] Date: Saturday, February 19, 2011, 6:45 AM Perkara hubungan antara Agama Asli (mis. Sunda Wiwitan) jeung Agama Impor (mis. Islam), jigana urang bisa nyieun peta gambaran urang Sunda jiga kieu: A B C [----------][-----------------------------------------][----------] A ngawakilan kelompok pamikiran Sunda Fundamentalis, C Islam Fundamentalis, B Sinergi Islam-Sunda Dua ujung kelompok pamikiran A jeung C sarua heuras genggerongna. Ari B kelompok siger tengah, najan Sunda tapi oge ngagem Islam, najan muslim tapi oge teu anti kana budaya Sunda. Tah nu dikritisi, digero ku Kang Asep karek kelompok A, masih aya kelompok sejen nu perlu dihiap. 2011/2/19 Tubagus Rifki L <[email protected]> Saleresna teu kedah diadu-adu antawis Sunda Priangan sareng Sunda Banten. Sadayana oge Sunda. Ngan gara-gara penjajahan Mataram sareng Demak nya Sunda janten paburincay, Cirebon budayana robih janten langkung caket ka Jawa (Mataram), Priangan oge budayana rada kapangaruhan ku Jawa (Mataram), oge Banten kaler robih budayana janten Jawa (Demak). Ayeuna waktosna ngahijikeun deui Sunda. Carana kumaha? Carana mah ulah ngawilah-wilah Sunda Banten vs Priangan sareng (kanggo kang Ilen saparakanca) ulah ngawilah-wilah agama asli vs agama Islam. ------------------ Satuju pisan kang Aschev....eta matak urang aya di Kisunda. Ongkarana Sangtabean Pukulun Sembah Rahayu TiRiLik
