Hehehe, ari uing mah lain teu hayang ngacung, ngan mun ngacung bisi Kang
Ilen ngaceng pangambungna.
Salian ti eta, ka kabeh balad Ki Sunda ge uing mah ngaku kanca we, bae
aakuanan oge.

2011/2/20 Akang Tajimalela <[email protected]>

>
>
> Kuring ...ngacung....sanajan acan pernah tepang oge....hahaha
>
> TM
>
> --- Pada *Sab, 19/2/11, ilen kardani <[email protected]>* menulis:
>
>
> Dari: ilen kardani <[email protected]>
> Judul: Re: [kisunda] Sunda nu Hiji ti Wiwitan dugi ka kiwari...
> Kepada: [email protected]
> Tanggal: Sabtu, 19 Februari, 2011, 10:46 PM
>
>
>
>  Kang Rifki,
>
> Nuju anteng diajar yeuh kagareuwahkeun maos seratan akang nu nyambat wasta
> sim kuring,
> - "kang ilen saparakanca" : sok ngaracung saha wae anu janten kanca-kanca
> sim kuring teh? rumasa kuring mah teu apal hiji-hijina
> - "ulah ngawilah-wilah agama asli vs agama islam" : akur pisan, Urang Sunda
> na mah sarua, ngan anu beda teh 'tutumpakanana' atawa 'bajuna', aya nu make
> buatan India, China, Arab, jsb. Urang ulah ngagedekeun atribut tutumpakan,
> tapi kudu ngagedekeun Kasundaan nu jadi pancen hirup.
>
> Mangga teraskeun kang, sae pisan pangemut teh.
>
> ilen kardani
>  ------------------------------
>  *From:* Tubagus Rifki L <[email protected]>
> *To:* [email protected]
> *Sent:* Sat, February 19, 2011 11:30:46 AM
> *Subject:* [kisunda] Sunda nu Hiji ti Wiwitan dugi ka kiwari...
>
>
> Saleresna teu kedah diadu-adu antawis Sunda Priangan sareng Sunda Banten.
> Sadayana oge Sunda. Ngan gara-gara penjajahan Mataram sareng Demak nya Sunda
> janten paburincay, Cirebon budayana robih janten langkung caket ka Jawa
> (Mataram), Priangan oge budayana rada kapangaruhan ku Jawa (Mataram), oge
> Banten kaler robih budayana janten Jawa (Demak). Ayeuna waktosna ngahijikeun
> deui Sunda. Carana kumaha? Carana mah ulah ngawilah-wilah Sunda Banten vs
> Priangan sareng (kanggo kang Ilen saparakanca) ulah ngawilah-wilah agama
> asli vs agama Islam.
>
> ------------------
>
> Satuju pisan kang Aschev....eta matak urang aya di Kisunda.
>
> Ongkarana Sangtabean Pukulun Sembah Rahayu
> TiRiLik
>
>
>
>  
>

Kirim email ke