Kieu cenah padungdengan si ilen jeung si kardani sanggeus dahar balakecrakan
dina saung luhureun balong.
ilen: "Kardani, ari silaing percaya ka Allah"
kardani: "Allah nu mana?, nu boga anak atawa nu nunggelis?
ilen: "Allah mah hiji atuh, piraku boga anak"
kardani: "Geningan urang karesten mah nyebut Allah teh ka nu boga anak
lalaki?, mana nu bener?"
ilen: "Heueuh nu kitu mah ngarana sasar, nyebut laut kana uyah, nu bener
mah nu Nunggal atuh"
kardani: "Satuju atuh ari kitu mah, Allah mah nunggal taya papadana"
ilen: "Naha atuh silaing sok mupusti kana pusaka jeung jarah ka kuburan
karuhun, nukitu teh musyrik deuleu!, hartina midua Allah!"
kardani: "Piraku Allah bisa dipapandekeun jeung nu kitu?, pan tadi
oge disebutkeun taya papadana? Ari ceuk silaing naon nu bisa dipapandekeun
jeung
Allah? Sidik sagala nu aya jeung nu euweuh oge asal ti Anjeuna, kaasup pusaka
jeung para karuhun oge asal ti Anjeuna, piraku arek disajajarkeun jeung Allah".
ilen: "Heueuh akur atuh"