ilen:         "Kardapi, ari silaing percaya ka Allah, naon alesanana?"
kardapi:   "Ah kitu we ceuk ambu uing ge. Kitu dieu ceuk Bah Imun, kitu deui 
cek jelema rea."
ilen:        "Lain ceuk beja atuh ari masalah kapercayaan mah."
kardapi:    "Kudu ceuk saha atuh?"
ilen:        "Lain eceuk. Maneh kudu boga kayakinan!"
kardapi:    "Yakin. Uing nyakseni yen teu aya gusti nu dipikasembah nanging 
Allah jeung Muhammad teh rosulNa"
ilen:    "Tah kitu!"
kardapi:    "Eta ge eceuk keneh kang Ilen?"
ilen: "Ceuk saha?"
kardapi: "Nya ceuk maneh, naha maneh kitu nu ngabebener kayakinan uing?"

Ongkarana Sangtabean Pukulun Sembah Rahayu
TiRiLik

--- In [email protected], ilen kardani <ilen1017@...> wrote:
>
> Kieu cenah padungdengan si ilen jeung si kardani sanggeus dahar balakecrakan 
> dina saung luhureun balong.
> 
> ilen:         "Kardani, ari silaing percaya ka Allah"
> kardani:   "Allah nu mana?, nu boga anak atawa nu nunggelis?
> ilen:        "Allah mah hiji atuh, piraku boga anak"
> kardani:    "Geningan urang karesten mah nyebut Allah teh ka nu boga anak 
> lalaki?, mana nu bener?"
> ilen:        "Heueuh nu kitu mah ngarana sasar, nyebut laut kana uyah, nu 
> bener 
> mah nu Nunggal atuh"
> kardani:    "Satuju atuh ari kitu mah, Allah mah nunggal taya papadana"
> ilen:    "Naha atuh silaing sok mupusti kana pusaka jeung jarah ka kuburan 
> karuhun, nukitu teh musyrik deuleu!, hartina midua Allah!"
> kardani:    "Piraku Allah bisa dipapandekeun jeung nu kitu?, pan tadi 
> oge disebutkeun taya papadana? Ari ceuk silaing naon nu bisa dipapandekeun 
> jeung 
> Allah? Sidik sagala nu aya jeung nu euweuh oge asal ti Anjeuna, kaasup pusaka 
> jeung para karuhun oge asal ti Anjeuna, piraku arek disajajarkeun jeung 
> Allah".
> ilen:    "Heueuh akur atuh"
>




------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke