Ieu mah rek ngomongkeun mitoha, siga dina lagu Hetty Koes Endang.
Karesep mitoha teh miara manuk ti babaheula keneh, ari kuring anti pisan kana
ngurungan manuk teh da puguh teu tega ningalina. Kuring mah sok kalah atoh
lamun
ngadenge beja manukna aya nu maok teh. Hiji waktu ku kuring di bejakeun ka
pamajikan bari heureuy yen kuring mah rada teu satuju lamun mitoha resep ngerem
manuk teh. Tapi pamajikan teu wani nepikeun ka mitoha da bisi jadi matak. Aya
hadena.
Rupa-rupa permanukan aya di buruan, beo, jalak, kerak, muray, ekek, kakatua,
poksay, heulang, gagak, caladi, parkit, cicak rowo, prukutut, jrrd. Malah si
beo
mah bisa nyarita "Assalamualaikum", "Barade Pak", "Peuyeum", "Panen Bu", "Beo,
beo,beo, beo".
Ari mitoha teh sok pulang anting ka Kuala Lumpur, ngalongokan incuna bari
piknik
cenah. Ngan lamun keur nganjang ka kuala lumpur teu bisa sabatae gudag-gidig
kaditu kadieu da puguh euweuh baturna, beda jeung di lembur. Lila kalilaan
meureunan karasaeun hirup teu barebas jeung euweuh batur teh teu ngeunah, ti
dinya mitoha sadar yen manuk oge meureunan moal ngeunaheun dikurungan
saumur-umur........komo bari teu dikawinkeun mah.
Kitu kulan dongeng mitoha teh.
si ilen ah5nuk