Jigana can tamat dongengna. Kiwari manuk mitoha teh dikamanakeun? Tong dikencarkeun kabeh kituh, nu disarungan mah keun we sina nyayang.
2011/2/24 ilen kardani <[email protected]> > > > Ieu mah rek ngomongkeun mitoha, siga dina lagu Hetty Koes Endang. > > Karesep mitoha teh miara manuk ti babaheula keneh, ari kuring anti pisan > kana ngurungan manuk teh da puguh teu tega ningalina. Kuring mah sok kalah > atoh lamun ngadenge beja manukna aya nu maok teh. Hiji waktu ku kuring di > bejakeun ka pamajikan bari heureuy yen kuring mah rada teu satuju lamun > mitoha resep ngerem manuk teh. Tapi pamajikan teu wani nepikeun ka mitoha da > bisi jadi matak. Aya hadena. > > Rupa-rupa permanukan aya di buruan, beo, jalak, kerak, muray, ekek, > kakatua, poksay, heulang, gagak, caladi, parkit, cicak rowo, prukutut, jrrd. > Malah si beo mah bisa nyarita "Assalamualaikum", "Barade Pak", "Peuyeum", > "Panen Bu", "Beo, beo,beo, beo". > > Ari mitoha teh sok pulang anting ka Kuala Lumpur, ngalongokan incuna bari > piknik cenah. Ngan lamun keur nganjang ka kuala lumpur teu bisa sabatae > gudag-gidig kaditu kadieu da puguh euweuh baturna, beda jeung di lembur. > Lila kalilaan meureunan karasaeun hirup teu barebas jeung euweuh batur teh > teu ngeunah, ti dinya mitoha sadar yen manuk oge meureunan moal ngeunaheun > dikurungan saumur-umur........komo bari teu dikawinkeun mah. > > Kitu kulan dongeng mitoha teh. > > si ilen ah5nuk > > >
