2011/2/24 ilen kardani <[email protected]>

>
>
> Ieu oge pangalaman paramitra,
>
> Hiji waktu babaturan gawe (sebut we si Sodin) ngadu ka kuring sabab nyeri
> hate ku dununganana (si Bedul), nu jadi lantaran sabab menta promosi teu
> dicumponan tapi kalah dicarekan bebeakan, pajarkeun teh gawe oge can bener
> ari promosi hayang diheulakeun. Anu antukna si Sodin boga niat arek kaluar
> gawe sabab kanyenyerian.
>
> Kuring nyarita ka si Sodin, "Kunaon ari silaing make arek kaluar gawe
> sagala, mun ku dewek si Bedul geus digaplok harita keneh". "Naha kitu?"
> tanya si Sodin, "Mun silaing ngepret si Sodin pasti dipecat bari meunang
> pasangon, tapi lamun kaluar mah teu loba beubeunanganana. Terus silaing
> kontak ka si Komod, sabab manehna keur neangan pagawe anyar". Sakitu carita
> kuring ka si Sodin.
>

Aya nu salah rujuk-silangna:

"Mun silaing ngepret si Sodin pasti dipecat bari meunang pasangon, tapi
lamun kaluar mah teu loba beubeunanganana. Terus silaing kontak ka si Komod,
sabab manehna keur neangan pagawe anyar".

Kuduna "Si Sodin" diganti ku "Si Bedul".

Kirim email ke