Ieu oge pangalaman paramitra,
Hiji waktu babaturan gawe (sebut we si Sodin) ngadu ka kuring sabab nyeri hate
ku dununganana (si Bedul), nu jadi lantaran sabab menta promosi teu dicumponan
tapi kalah dicarekan bebeakan, pajarkeun teh gawe oge can bener ari promosi
hayang diheulakeun. Anu antukna si Sodin boga niat arek kaluar gawe sabab
kanyenyerian.
Kuring nyarita ka si Sodin, "Kunaon ari silaing make arek kaluar gawe sagala,
mun ku dewek si Bedul geus digaplok harita keneh". "Naha kitu?" tanya si Sodin,
"Mun silaing ngepret si Sodin pasti dipecat bari meunang pasangon, tapi lamun
kaluar mah teu loba beubeunanganana. Terus silaing kontak ka si Komod, sabab
manehna keur neangan pagawe anyar". Sakitu carita kuring ka si Sodin.
Pondokna carita, sihoreng enyaan we isukanana si Sodin pasea jeung si
Bedul, anu
antukna dipecat bari meunang pasangon 350juta. Keur ukuran harita mah gede
pisan
sabab harga motor Honda Astrea oge ngan 2.5juta perak. Teu lila ti dipecat, si
Sodin pindah gawe ka si Komod kalayan gajih nu leuwih gede.
Kitu dunungan, pangalaman paramitra.