Bejana urang Sunda, teuneung ludeung taya ka keueung; leber wawanen taya karempan.
Cing saha nu wani, ngadongeng lalakon hirupna, terus postingkeun ka Ki Sunda. Mun tea mah, tina 1147 unggal hulu ngirim dongeng lalakonna sakaca we, meureun bisa dibukukeun jadi buku "Pangalaman Balad Ki Sunda". Mun teu dicitak ge, atuh bisa-bisa dijieun buku elektronik. Aya nu wani? Sok didagoan ku kami. -mh-
