Yeuh dukur-dulur jangji kula mere tulisan make dialek Banten (Pandeglang belah
kidul antara Saketi jeung Labuan)
313 kecap
1611 hurup
Tarekat teu ba aran
Kami nyebutna Aki. Sabenerna si Aki diangap kiyai ku tatangga saider
pasantrenna, jeung ku tamu-tamu nu daratang silaturahmi ka anjeuna. Jeung
memang manehna kiyai, sabab pendidikan si Aki ti pasantren-pasantren ti mimiti
di Banten sampe ka jawa timur di Jombang. Pasantren si Aki di gunung Pulosari
kaasup modern sabab aya TK nepi ka Aliyah nu disaruakeun jeung sakola nageri.
Ceuk beja ti deungeun, si Aki lain ngan ukur pinter bahasa Arab, tapi oge
bahasa Perancis. Komo eta bahasa Inggris mah geus puguhna. Kitu deui bahasa
Jawa, Madura jeung Sunda mah. Awakna jangkung gede, hideung rek jiga urang
Sudan. Ceuk beja ti dengeun, dina diri si Aki loba kaanehan nu teu sasari. Kieu
contona, lamun aya bupati datang, si Aki sok jojong bae ngomean galeng di
balong. Paribasa, seuing seunah nanggoan. Sagede bupati, kapaksa kudu ngadagoan
si Aki sampe ka sore mun hayang manggihan.
Sanajan kiyai ceuk deungeun, si Aki tara make udeng, tara make baju koko, tara
make topi haji. Papakeanana pangsi jeung iket jawa atawa Baduy. Lamun jum'atan
di masjidna, tara daekeun khotbah atawa ngimaman shalat, malah manehna datang
pandeuri diuk pangburina. Kabeh urusan masjid jeung pasantren di serahkeun ka
santri jeung ustad.
Kula tahun 1997 mimiti pendak jeung si Aki sabab diajak kubabaturan. Cenah aya
pangajian. Kula kadinya malem jum'at. Ceuk kula mah, nu kitu lain ngaji, tapi
dzikir sanggeus salat magrib, tuluy ngadoa. Nu mingpin na geh lain si Aki.
Prosesi dipingpin ku ustadna. Beres ngado'a, kabeh hadirin, meureun aya kana
300 san jalma, budak campur jeung kolot, datang ti sakuliah Banten jeung
Lampung, jeung Palembang, ceuk beja aya nu ti Garut geh, di haturan dahar ku
Aki nu beasna jeung lauk emasna meunang melak si Aki.
Aya waktu manggihan si Aki. Kula nanyakeun kapanasaran, "Ki, unggal malem
jum'at dzikir raramean, lebet ka tarekat naon ki?"
Ceuk si Aki singket, "Ieu mah tarekat teu ba aran."
------------------------------------
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
[email protected]
[email protected]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[email protected]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/