Nuhun Kang TRL.

Aya sababaraha kecap nu uing kerung, cing bejaan, enya teu maksudna kieu:

1. "Tarekat teu ba aran"
teu ba aran =? tanpa ngaran
Maksudna, tarekat tanpa ngaran?

2. "Si Aki sok jojong bae ngomean galeng di balong"
jojong =? jongjon

3.  "seuing seunah nanggoan"
Keun sina nungguan

4. "diuk pangburina"
pangburina =? pangtukangna

2011/2/26 Tubagus Rifki L <[email protected]>

>
>
> Yeuh dukur-dulur jangji kula mere tulisan make dialek Banten (Pandeglang
> belah kidul antara Saketi jeung Labuan)
>
> 313 kecap
> 1611 hurup
>
> Tarekat teu ba aran
>
> Kami nyebutna Aki. Sabenerna si Aki diangap kiyai ku tatangga saider
> pasantrenna, jeung ku tamu-tamu nu daratang silaturahmi ka anjeuna. Jeung
> memang manehna kiyai, sabab pendidikan si Aki ti pasantren-pasantren ti
> mimiti di Banten sampe ka jawa timur di Jombang. Pasantren si Aki di gunung
> Pulosari kaasup modern sabab aya TK nepi ka Aliyah nu disaruakeun jeung
> sakola nageri. Ceuk beja ti deungeun, si Aki lain ngan ukur pinter bahasa
> Arab, tapi oge bahasa Perancis. Komo eta bahasa Inggris mah geus puguhna.
> Kitu deui bahasa Jawa, Madura jeung Sunda mah. Awakna jangkung gede, hideung
> rek jiga urang Sudan. Ceuk beja ti dengeun, dina diri si Aki loba kaanehan
> nu teu sasari. Kieu contona, lamun aya bupati datang, si Aki sok jojong bae
> ngomean galeng di balong. Paribasa, seuing seunah nanggoan. Sagede bupati,
> kapaksa kudu ngadagoan si Aki sampe ka sore mun hayang manggihan.
>
> Sanajan kiyai ceuk deungeun, si Aki tara make udeng, tara make baju koko,
> tara make topi haji. Papakeanana pangsi jeung iket jawa atawa Baduy. Lamun
> jum'atan di masjidna, tara daekeun khotbah atawa ngimaman shalat, malah
> manehna datang pandeuri diuk pangburina. Kabeh urusan masjid jeung pasantren
> di serahkeun ka santri jeung ustad.
>
> Kula tahun 1997 mimiti pendak jeung si Aki sabab diajak kubabaturan. Cenah
> aya pangajian. Kula kadinya malem jum'at. Ceuk kula mah, nu kitu lain ngaji,
> tapi dzikir sanggeus salat magrib, tuluy ngadoa. Nu mingpin na geh lain si
> Aki. Prosesi dipingpin ku ustadna. Beres ngado'a, kabeh hadirin, meureun aya
> kana 300 san jalma, budak campur jeung kolot, datang ti sakuliah Banten
> jeung Lampung, jeung Palembang, ceuk beja aya nu ti Garut geh, di haturan
> dahar ku Aki nu beasna jeung lauk emasna meunang melak si Aki.
>
> Aya waktu manggihan si Aki. Kula nanyakeun kapanasaran, "Ki, unggal malem
> jum'at dzikir raramean, lebet ka tarekat naon ki?"
> Ceuk si Aki singket, "Ieu mah tarekat teu ba aran."
>
>

Kirim email ke