2011/2/28 ilen kardani <[email protected]>

>
>
> Wilujeng Carangcang Tihang,
>
> Poe ieu pameakan bulan February 2011, mun aya baraya nu can boga udagan
> pribadi keur taun 2011, prak buru-buru dikotret jeung dipernahkeun.
> Keur Kisunda geus aya hiji udagan nyaeta ti Ki Hasan anu boga niat nyieun
> buku Pangalaman Baraya Kisunda, minimalna jadi buku elektronik. Kuring arek
> usul oge, saencan eta buku dialungkeun ka pasaran, urang ayakeun Balaka Suta
> (musyawarah) keur ngabahas eusina, oge kumaha pipolaheun urang keur
> mentangkeun eta buku ka balarea saluareun Kisunda.
>

Leres, salah sahiji jurus musyawarahna, bisa bari jalan: Sakadar conto, Kang
TRL sareng Kang Ilen tos ngalungkeun lalakon pangalamanana, baraya sejenna
bisa terus mairan ngabahas eta postingan, tah eta carita lalakon pangalaman
teh terus didokumentasikeun. Mun tea mah tiap anggota milis minimal ngirim
sa-artikel, meureun bakal aya kana rebuna artikel tah.

Kirim email ke