Keun we perkara biaya nyitak mah tong waka dipikiran, bisi kalah dugul.
Nu leuwih penting mah, der geura narulis pangalaman masing-masing, terus
postingkeun ka milis.
Tong panjang-panjang, cuku sakaca we.


2011/2/28 Maman <[email protected]>

>
>
> FYI (For Your Information, naon sundana ?)
>
> Upami bade ngadamel buku, biaya nyetak per halaman paling mahal 50 perak.
> Minimal halaman per buku 100 halaman, sareng minimal nyetak biasana 2000
> eksemplar.
> Aya oge anu tiasa 1000 Eksemplar. Disign layout kirang langkung sajuta
> rupiah.
> Janten upami nyetak 1000 eksemplar, ongkos disign sareng nyetak kirang
> langkung 6 jutaan.
>
> Enteng atuh kanggo Kang Ilen mah. :)
>
>
> On Mon Feb 28th, 2011 5:58 AM ICT ilen kardani wrote:
>
> >Wilujeng Carangcang Tihang,
> >
> >Poe ieu pameakan bulan February 2011, mun aya baraya nu can boga udagan
> >pribadi keur taun 2011, prak buru-buru dikotret jeung dipernahkeun.
> >
> >Keur Kisunda geus aya hiji udagan nyaeta ti Ki Hasan anu boga niat nyieun
> buku
> >Pangalaman Baraya Kisunda, minimalna jadi buku elektronik. Kuring arek
> usul oge,
> >saencan eta buku dialungkeun ka pasaran, urang ayakeun Balaka Suta
> (musyawarah)
> >keur ngabahas eusina, oge kumaha pipolaheun urang keur mentangkeun eta
> buku ka
> >balarea saluareun Kisunda.
> >
> >Sakitu kanggo tilam poe senen.
> >
> >si ilen kardani bin KRHT Arif Muhammad Yahya bin Tatang Andi Adikarta bin
> >Jayasasmita
> >
> >
> >
> >
>

Kirim email ke