Nyumponan pamundut Kuncen, saeutik ngadongeng
==============================================
Naon Atuh Artina Hiji Ngaran !
Kitu ceunah ceuk Wiliam Shakespeare dina carita Romeo dan Juliet, ‘What is a
name?’. Maksudna meureun naon hartina ngaran da nu pentingmah naon gaweanana.
Beda jeung nu ngagem agama Islam , ngaran teh bisa mangrupakeun hiji do’a.
Ceuk urang China, ngaran oge ceunah bisa mawa hokkie(mawa untung). Teu saeutik
jelema ngahaja ngarobah ngarana supaya teu boga kesan dusun atawa kampungan.
Digentos ngarana supados kesana kabarat-baratan(‘modern’), jigana kusabab
kuatna pangaruh media filem, narurutan ngaran artis asing.
Ieu mah dongeng kuring nalika pamajikan ngandeg keur budak anu kahiji. Saencana
lahir aya perjanjian lisan. Lamun budak lahir jenis kelamin na awewe nu berhak
mere ngaran indungna. Mun anak pertama borojol jalu anu berhak mere ngaran
bapana. Ku teknologi USG cenah bisa katingali jenis kelamin nalika orok masih
dina jero beuteung, kantos dipariksa, ceunah nu lahir bakal jalu. Hate kuring
sugema.
Pas tanggal 24 Februari, borojol we orok, ditingali teh jenis kelaminna geuning
‘beulah-vertikal’. Sugan teh jalu, aya rasa kaduhung saeutik, naha saencana
make di USG sagala. Nya kusabab awewe ku indungna eta orok dibere ngarang
‘Nabila Putri Utami’. Naon hartosna sareng makna eta ngaran rupina ngan
indungna anu nyaho.
Opat tahun saparantosna ti eta pamajikan ngandeg deui, alhamdulillah, tanggal
26 Juni ngalahirkeun budak jalu. perjajian lisan tetep berlaku. Anak kedua eta
ku sayah dibare ngaran Dwi Bagia Sentosa, anu hartina nyaeta anak kadua anu
mawa kabagjaan salamina. Amiin.
Ayeuna soal ngaran kuring, sigana kolot kuring mere ngaran nurutkeun instink
we. Buktina kuring kantos tumaros ka anjeuna. Dina surat kelahiran ti bidan
Ening di Cicadas, ngaran kuring dina salembar kertas biru natrat bin jentre,
‘Surjaman’ (wungkul/titik). ‘Naon pa hartosna ngaran eta ?’, Ceuk kuring. Walon
anjeuna: ‘Duka teuing atuh’.
Kuring oge teu apal timimiti iraha sesebutan ‘Maman’ ditambahkeun ka ngaran
‘Surjaman’. Sigana harita waktu kuring keur budak arek asup ka sakola dasar.
Meureun teu umum lamun aya ngaran ngan sakalimat, teu boga ngaran pondok jeung
panjang. Terus we ujug-ujug ditambahan ‘Maman’.
Kitu oge kuring teu apal naha ‘Surjaman’ robah ngajadi ‘Suryaman’, sigana ieu
nyesuaikeun jeung jaman. Jaman waktu ejaan Suwandi dirobah jadi Ejaaan Yang
Disempurnakan(EYD). Waktu harita abjad ‘dj’ jadi ‘j’ , jeung ‘j’ jadi ‘y’,
‘Tj’ jadi ‘c’, ‘Tjitjih’ jadi ‘Cicih’, ‘Djoko’ jadi ‘Joko’. ‘Djadjang’ jadi
‘Jajang’. Robahna ejaan sigana keur efesiensi huruf.
Guthak gathuk atanapi kirata nama osok dipake heureuy oge. Utamana dikeunakeun
ka hiji ngaran anu parantos jadi tokoh masyarakat. Sebut we AA GIM,
diplesetkan artina jadi “Abdi Atoh Gaduh Istri Muda”. Sigana perbawa ngaran
anu mawa matak anjeuna wantun ngalakukeun poligami, lain ku sunah-sunah teuing.
Nu sae mah nami AA LAKSANA, Abdi Adalah LAki-laki SAtia salamiNA. :)
BULUS.
:)
------------------------------------
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
[email protected]
[email protected]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[email protected]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/