---------- Forwarded message ----------
From: Maman <[email protected]>
Date: 2011/3/1
Subject: [kisunda] Naon Atuh Artina Hiji Ngaran !
To: [email protected]




Nyumponan pamundut Kuncen, saeutik ngadongeng
==============================================

Naon Atuh Artina Hiji Ngaran !

Kitu ceunah ceuk Wiliam Shakespeare dina carita Romeo dan Juliet, ‘What is a
name?’. Maksudna meureun naon hartina ngaran da nu pentingmah naon
gaweanana. Beda jeung nu ngagem agama Islam , ngaran teh bisa mangrupakeun
hiji do’a. Ceuk urang China, ngaran oge ceunah bisa mawa hokkie(mawa
untung). Teu saeutik jelema ngahaja ngarobah ngarana supaya teu boga kesan
dusun atawa kampungan. Digentos ngarana supados kesana
kabarat-baratan(‘modern’), jigana kusabab kuatna pangaruh media filem,
narurutan ngaran artis asing.

Ieu mah dongeng kuring nalika pamajikan ngandeg keur budak anu kahiji.
Saencana lahir aya perjanjian lisan. Lamun budak lahir jenis kelamin na
awewe nu berhak mere ngaran indungna. Mun anak pertama borojol jalu anu
berhak mere ngaran bapana. Ku teknologi USG cenah bisa katingali jenis
kelamin nalika orok masih dina jero beuteung, kantos dipariksa, ceunah nu
lahir bakal jalu. Hate kuring sugema.

Pas tanggal 24 Februari, borojol we orok, ditingali teh jenis kelaminna
geuning ‘beulah-vertikal’. Sugan teh jalu, aya rasa kaduhung saeutik, naha
saencana make di USG sagala. Nya kusabab awewe ku indungna eta orok dibere
ngarang ‘Nabila Putri Utami’. Naon hartosna sareng makna eta ngaran rupina
ngan indungna anu nyaho.

Opat tahun saparantosna ti eta pamajikan ngandeg deui, alhamdulillah,
tanggal 26 Juni ngalahirkeun budak jalu. perjajian lisan tetep berlaku. Anak
kedua eta ku sayah dibare ngaran Dwi Bagia Sentosa, anu hartina nyaeta anak
kadua anu mawa kabagjaan salamina. Amiin.

Ayeuna soal ngaran kuring, sigana kolot kuring mere ngaran nurutkeun instink
we. Buktina kuring kantos tumaros ka anjeuna. Dina surat kelahiran ti bidan
Ening di Cicadas, ngaran kuring dina salembar kertas biru natrat bin jentre,
‘Surjaman’ (wungkul/titik). ‘Naon pa hartosna ngaran eta ?’, Ceuk kuring.
Walon anjeuna: ‘Duka teuing atuh’.

Kuring oge teu apal timimiti iraha sesebutan ‘Maman’ ditambahkeun ka ngaran
‘Surjaman’. Sigana harita waktu kuring keur budak arek asup ka sakola dasar.
Meureun teu umum lamun aya ngaran ngan sakalimat, teu boga ngaran pondok
jeung panjang. Terus we ujug-ujug ditambahan ‘Maman’.

Kitu oge kuring teu apal naha ‘Surjaman’ robah ngajadi ‘Suryaman’, sigana
ieu nyesuaikeun jeung jaman. Jaman waktu ejaan Suwandi dirobah jadi Ejaaan
Yang Disempurnakan(EYD). Waktu harita abjad ‘dj’ jadi ‘j’ , jeung ‘j’ jadi
‘y’, ‘Tj’ jadi ‘c’, ‘Tjitjih’ jadi ‘Cicih’, ‘Djoko’ jadi ‘Joko’. ‘Djadjang’
jadi ‘Jajang’. Robahna ejaan sigana keur efesiensi huruf.

Guthak gathuk atanapi kirata nama osok dipake heureuy oge. Utamana
dikeunakeun ka hiji ngaran anu parantos jadi tokoh masyarakat. Sebut we AA
GIM, diplesetkan artina jadi “Abdi Atoh Gaduh Istri Muda”. Sigana perbawa
ngaran anu mawa matak anjeuna wantun ngalakukeun poligami, lain ku
sunah-sunah teuing. Nu sae mah nami AA LAKSANA, Abdi Adalah LAki-laki SAtia
salamiNA. :)

BULUS.

:)

Kirim email ke