Tah nambahan deui yeuh, lalakonna
Sok ah der nu sanesna geura ngadongeng.

---------- Forwarded message ----------
From: MRachmat Rawyani <[email protected]>
Date: 2011/3/2
Subject: [kisunda] Gan Jenderal Mat Sipit
To: [email protected]
Cc: urangsunda urangsunda <[email protected]>




Salah sahiji pangalaman pang endahnya pikeun kuring mah waktu jaman jadi
mahasiswa. Saha nu teu reueus jadi anggota sivitas akademika paguron luhur
anu dipikaserab, lain wae di tingkat nasional, tapi oge di regional jeung
internasional.


Babaturan sa angkatan  anu jadi mahasiswa anyar teh aya kana 200 - an urang.
Dina daftar anu lulus seleksi aya aran Guruh Irianto Soekarnoputra
jeung  Harvey
Malaiholo. Tapi nepi ka rek waktu perkenalan, Guruh teu katingali daftar
ulang. Jigana wae ngan sakadar rek nguji kamampuanana naha masih bisa lulus
asup UI. Padahal harita teh waktu kuring karek jadi mahasiswa di FISIP  aya
mahasiswa senior, lanceuk terena, nyaeta Bayu Soekarnoputra. Jigana wae
Guruh (meureun) eraeun asup ka FISIP,  pedah aya lanceuk tere,  sabapa teu
saindung  Ibu Hartini (istri kadua.. eh.. katilu Soekarno?). Padahal mah
ceuk cenah mah baheula oge Lanceukna Guruh (Megawati Soekarnoputri) kuliah
di Fakultas Psikologi , tapi ngan sataun alatan salakina  anu jadi perwira
angkatan udara gugur  keur ngajalankeun tugas, bari jeung teu kapanggih
layonna.


Saperti biasana, upama mahasiswa anyar kakarekek asup tah, aya masa
perkenalan anu baheula mah biasa disebut masa perpeloncoan. Tapi waktu
kuring asup mah istilahna  the  OSPEK (Orientasi Siswa PEngenalan Kampus).


(hanca…..)

 

Kirim email ke