Tah si raja dongeng, tukang ngaprak, Bah Willy, geus ngalalakon deui.
Sok Bak Willy geura burudulkeun lalakonna.

---------- Forwarded message ----------
From: Waluya <[email protected]>
Date: 2011/3/2
Subject: [kisunda] Duh Kartu Kredit....
To: [email protected]




Geus ampir leuwih ti dua minggu pamajikan ngan ambek-ambekan wae, pedah teu
puguh-puguh ujug ditagih ku Citibank pajarkeun acan ngalunasan hutang kartu
kreditna. Ari kitu na mah teu deuk ngambek kumaha, da ujug-ujug ditagih,
padahal kartu kredit Citibank teh kakara ditarima, acan dipake sakali-kali
acan. Ditelepon ka Citibankna, hese nyambungna, sabab nu ngajawabna mesin,
kalahka murudul we petunjuk, tekan nomor ini, tekan nomor itu ...jst, matak
kesel jeung pangpangna mah meakeun pulsa. Rek dijorag ka kantorna, acan aya
waktu, da pamajikan keur paciweuh di kantorna.

Ari tadi isuk-isuk, manehna salse, kabeneran kuring oge salse, nya giridig
we duaan ka kantor Citibank nu di Jalan Dago. Barang tepi ka dinya, langsung
ditanya security alias satpam, arek naon cenah. Barang dibejakeun masalahna,
si satpam teh kalahka ngarahkeun supaya nelepon make telepon umum nu aya di
lobby kantorna. Manehna sorangan nu nyambungkeun. Geus kitu ......teu
nyambung-nyambung. Kuring nu nungguan diluar kacida keselna, nempo satpam
nempelkeun gagang telepon kana ceulina salila-lila. Kaciri pamajikan rada
ngambek ka satpam, kuring gancangan asup ka jero lobby, apal pamajikan teh
gede ambek, sok gampang nyarekan, karunya si satpam lamun tepika dicarekan
bebeakan ku pamajikan. Untung si satpam teu jadi diambekna teh, da kaburu
mere bongbolongan, cenah soal klaim ieu, bisa dibereskeun di Citibank Asia
Afrika lantai 7.

Si Ontohod teh, mun ti tatadi. Nya laju weh ka Jalan Asia Afrika, nuju ka
lantai 7. Di lantai 7, langsung dicegat deui ku satpam, ditanya arek naon.
Dicaritakeun masalahna, manehna langsung telepan-telepon kaditu -kadieu.
Nungguan 10 menit mah, tepi ka si satpam teh ngomong: " Orangnya lagi tidak
ada, Ibu bisa kembali satu jam lagi!"

Nyel teh ambek, komo pamajikan mah, da puguh heueuh gede ambek. Langsung
nyarekan satpam. Kuring oge ngomong moal enya pelayanan bank gede jeung
asing model kieu. Si Satpam kalahka arapap-eureueup, cenah masalah ieu
diluar kewenangan manehna. Ngadenge kitu, pamajikan kuring teu eleh geleng,
unggal nu jalma kaluar ti ruangan, ditanya: "Pagawe Citibank?"
"Iya"
"Moal enya, saya dititah nungguam sajam, jauh-jauh kadieu!"
"Tidak tahu saya Bu!"
"Ya tidak bisa begitu. Pak ...Pak...pegawai citibank?", ceuk pamajikan teh
kanu ngaliwat saurang deui.
"Iya"
"Ini bagaimana ......" jst pamajikan nyorocos. Si jelema eta pungak-pinguk,
tapi akhirna ngageroan babaturanana. Jadi ngariung sababaraha urang.
Pamajikan terus neutreug, tepika akhirna salah saurang ngajak pamajikan ka
ruanganana.

Akhirna beres, ku jelema eta, tagihan kartu kredit citibank teh dianulir.
Ngan pamajikan ambek keneh, sakalian we kartu kreditna oge dicabut,
dibatalkeun, eta oge beres. Tapi masih keneh ambek, ngomong ka kuring:
"Pah..pah...sakalian we nu Papah urang cabut!"

Kuring teu mikeun, cekeng teh: "Ke mikir heula".

Mikir heula, sabab kadang-kadang perlu oge boga fasilitas nganjuk teh
...hehehehe

WALUYA

 

Kirim email ke