Hehehe, tah geuning si tukang carita bodor pondok ngurunyung. Sok lah Kang Sam geura ramekeun, kitu deui ka baraya sanesna, sok geura ngalalakon.
---------- Forwarded message ---------- From: sr <[email protected]> Date: 2010/12/20 Subject: PBKS-Pasti Ku Sia...siah! To: [email protected] Mang Hasan, bade ngiring ngareuah reuah PBKS yeuh, manawi kaanggo eta ge. Mangga nyanggakeun. Hatur nuhun. *Pasti Ku Sia…..Siah!* Teu ti sasarina balik gawé sirah karasa rieut, awak gé pipilueun muriang. Biasana mun rieut kitu ku sambel goang gé cageur. Ieu mah geus nguah sambel goang sacoét bari ditungtungan ku lulumpatan ngurilingan imah tetep wé sakadang rieut téh teu incah incah. Murak obat lieur gé kalahka kaluar késang tiis saawak awak. Antukna bisi kumaonam nya maksakeun indit ka dokter. Sanggeus nepi ka tempat praktékna, sarta nunggu sababaraha antrian, kuring dititah asup kakamar prakték, nék dipariksa. “Naon nu karaos?”Ceuk dokter bari ngantelkeun tetoskop ka dada kuring. “Rieut sareng muriang Dok!”Témbal kuring, dibéjakeun dua rupa wé, padahal huntu gé nyanyautan, awak riged, cangkéng nyeri jeung geregeseun deuih. Teu dibéjakeun kabéh, kapok baheula gé ditataan hiji hiji, balukarna kudu nebus obat sakitu lobana. Harga obat kiwari téa, matak ginggiapeun. Dibéjakeun dua gé, obatna aya opat rupana malahan ditambahan ku antibiotik sagala. “Mugi sing énggal damang, pami teu acan aya perobihan kadieu deui wé!”Ceuk dokter bari ngasongkeun obat. “Mangga!”Témbal kuring, léos balik. Duka obat nu kurang matih duka panyakit nu mantangul, sanajan obat ti dokter geus dipurak, panyakit angger wé teu cageur cageur. Balukarna dua poé teu asup gawé. Poé katiluna asa karasa harampang nya maksakeun asup. Nepi kapagawéan, kalahka ngajelengut kawas hayam ku toun, lieur jeung muriang karasa deui. Buru buru dititah ka dokter langganan pausahaan, sanggeus dipariksa, ku dokter dititah tés darah. Harita kénéh gedig ka rumah sakit nu deukeut tidinya. Hasilna dibawa deui ka dokter. “Ieu mah kedah dirawat, tombrositna turun!”Dokter ngabéjaan sanggeus mariksa hasil tés labna. Kuring positip dbd. Geus dibéjaan kitu, buru buru kuring balik, maksud téh hayang dirawat dirumah sakit nu deukeut ti imah, da nu deukeut jeung pagawéan mah geus kabayang riweuhna. Pan diopnameu téa kudu aya nu nungguan. Geuleuyeung numpak sikukut motor kameumeut téa, karék meureun aya tilu kilona, awak ngadadak ngaleketey, méh méhan ambruk. Buru buru kuring nyisi, reg eureun,langsung meuli aqua gelas opat siki, lek diinum. Karasa kana awakna rada meueusan cénghar. Kusiwel ngaluarkeun hp, nék ngabéjaan ménta dipapageun, dak dumadakan deuih, tulupan telepon kaditu kadieu gé euweuh nu nyambung. Jero pikir daripada nungguan nu can puguh hasilna, mending jalan sorangan, ongkoh mun cicing baé didinya bisi kaburu teu bisa walakaya. Dikota gedé téa sok haré haré. Nya ahirna sikukut dipihapékeun ka warung roko, kuring langsung nyéwa taksi ngajugjug rumah sakit. Dijero taksi kuring papadon ka supir, lamun kuring teu sadar titah anteurkeun ka rumah sakit nu alamatna geus dibéjakeun tadi. Untung nepi ka nu dituju masih kénéh kuat leumpang, sanggeus mayar ongkos taksi, buru buru kuring asup ka rumah sakit terus bébéja ka petugas jaga, yén kuring geus teu kuat hayang buru buru dirawat. Sanggeus uras urus administrasi langsung kuring dibawa ka UGD. Saumur umur nyunyuhun huis can kungsi unggah balé-ugd, haté jadi hemar hemir lantaran gigireun aya pasén keur aduglajer nahan kanyeri. Rét kuring kana leungeun, kulitna mimiti robah geunteul semu hawuk lir kulit munding, pangaruh trombositna turun meureun. Puguh wé nék nancebkeun jarum impusna gé lila pisan da hésé kapanggihna. Leungeun kénca geus raca ku jarum, weléh teu manggih urat nadina, ahirna pindah ka katuhu, untung bisa. Mun teu bisa wayahna cenah kudu dipalangkakan. Ih bararaid teuing! Geus asup impusan mah asa teu pati leplepan teuing. Réngsé masang impusan kuring diperenahkeun dirohangan, dihijikeun jeung pasén séjénna. Béja pabéja béja , burudul dulur nu sapangumbaraan mah daratang narempo, ari nu dilembur mah kaasup kolot jeung pamajikan, dipénta pidu’ana wé da teu bisa buru buru nempo. Geus tilu poé kuring ngéndong dirumah sakit, can aya tanda tanda nu nyugemakeun, malahan trombositna turun terus. Pipaéheun asa geus nampeu. Impusan gé ditambah jadi dua, tandana meureun panyakit kuring parna pisan. Katambah aya tatangga urang sabrang nempo bari ngomong kieu “Dulu tetangga saya,pangkatnya sudah tinggi, pistolnya juga empat, lewat juga kena db!” Duh Gusti haté jumerit pasrah. Mangkaning teu boga pentungan pentungan acan. Unggal subuh, piheulang leungeun maranti ditojosan ku jarum, dicokot getihna jang dipariksa, urutna raca bakating ku mindeung. Poé ka opat haté asa bungangang, lantaran numutkeun hasil tés darah, trombositna mimiti naék. Alhamdulillah nuhun Gusti, du’a kuring dikabul!Asa dijait ti sakaratul maut. Poé kagenep asa leupas ti pangbérokan lantaran kuring geus diidinan balik ti rumah sakit. ”Sudi teuing sanajan tempatna tumaninah jeung diac-an, sanajan suster na lir srikandi, sanajan haratis,komo bari jeung maya, sudi teuing kaalamanan deui!”Ceuk kuring na jero haté basa kaluar ti rumah sakit. Barang nepi kaimah, aya béja yén geus aya deui nu keuna,tatangga kuring ngan rada anggang. Pengurus rt didinya ngajukeun penyemprotan diwilayah kuring, ngan cenah kudu geus tilu urang nu keuna karék bisa disemprot. Jero pikir na pamaréntah asa ku téga téga teuing, nék nyemprot gé maké nungguan korban heula. Teerlaaaalu! Kitu meureun ceuk bang haji mah. Untung ray poéna aya deui nu keuna, dua urang deuih, pikeun kuring jeung nu séjénna nu can ka tarajang meureun untung da bakal gancang disemprot, tapi ceuk nu katarajang, pasti nyebut bedul, sabab ngarasa dijieun tumbal. Saméméh gering, enya boga dosa, bubud babad dipipir imah, meureun aya reungit kadupak, boa keur bobogohan matak galak gé, nyoco kana awak teu karasa. Nuduh kitu sotéh, moal nuduh jurig teu kadeuleu, piraku nuduh ka tongo da dicoco tongo mah paling bentol lebah huluna, pasti ku sia reungit, buktina aing positip dbd. Jeung pasti keur babad, da dicoco dienggon mah moal mungkin da jarang saré ti beurang kacuali tunduh, cenah mah reungit nu shift beurang nu ngabalukarkeun db mah, reungit shift peuting mah dina nyocona gé moal matak nanaon paling ngaganggu ngahéong palebah ceuli, teup eunteup dina cukang irung, gelepak ditepak, reungit rikat miheulaan kabur, antukna cukang irung katempuhan, meureudeuy nepikeun ka panon cimataan. Saprak keuna dbd, mun aya reungit sok ginggiapeun, sieun dicoco deui, mangkana mun aya reungit eunteup sok langsung ditepak, komo eunteupna dina pipi wanoja mah. Batavia, 2 Januari 2011 syam ridwan
