---------- Forwarded message ----------
From: sr <[email protected]>
Date: 2010/12/20
Subject: PBKS-Pasti Ku Sia...siah!
To: [email protected]


 Mang Hasan, bade ngiring ngareuah reuah PBKS yeuh, manawi kaanggo eta ge.
Mangga nyanggakeun. Hatur nuhun.

*Pasti Ku Sia…..Siah!*

Teu ti sasarina balik gawé sirah karasa rieut, awak gé pipilueun muriang.
Biasana mun rieut kitu ku sambel goang gé cageur. Ieu mah geus nguah sambel
goang sacoét bari ditungtungan ku lulumpatan ngurilingan imah tetep wé
sakadang rieut téh teu incah incah. Murak obat lieur gé kalahka kaluar
késang tiis saawak awak. Antukna bisi kumaonam nya maksakeun indit ka
dokter. Sanggeus nepi ka tempat praktékna, sarta nunggu sababaraha  antrian,
kuring dititah asup kakamar prakték, nék dipariksa.

“Naon nu karaos?”Ceuk dokter bari ngantelkeun tetoskop ka dada kuring.

“Rieut sareng muriang Dok!”Témbal kuring, dibéjakeun dua rupa wé, padahal
huntu gé nyanyautan, awak riged, cangkéng nyeri  jeung geregeseun deuih. Teu
dibéjakeun kabéh, kapok baheula gé ditataan hiji hiji, balukarna kudu nebus
obat sakitu lobana. Harga obat kiwari téa, matak ginggiapeun.  Dibéjakeun
dua gé, obatna  aya opat rupana malahan ditambahan ku antibiotik sagala.

“Mugi sing énggal damang, pami teu acan aya perobihan kadieu deui wé!”Ceuk
dokter bari ngasongkeun obat.

“Mangga!”Témbal kuring, léos balik.



Duka obat nu kurang matih duka panyakit nu mantangul, sanajan obat ti dokter
geus dipurak, panyakit angger wé  teu cageur cageur. Balukarna dua poé teu
asup gawé.  Poé katiluna asa karasa harampang nya maksakeun asup. Nepi
kapagawéan, kalahka ngajelengut kawas hayam ku toun, lieur jeung muriang
karasa deui. Buru buru  dititah ka dokter langganan pausahaan, sanggeus
dipariksa, ku dokter dititah tés darah. Harita kénéh gedig ka rumah sakit nu
deukeut tidinya. Hasilna dibawa deui ka dokter.

“Ieu mah kedah dirawat, tombrositna turun!”Dokter ngabéjaan sanggeus mariksa
hasil tés labna. Kuring positip dbd.  Geus dibéjaan kitu, buru buru kuring
balik, maksud téh hayang dirawat dirumah sakit nu deukeut ti imah, da nu
deukeut jeung pagawéan mah geus kabayang riweuhna. Pan diopnameu téa kudu
aya nu nungguan. Geuleuyeung numpak sikukut motor kameumeut téa, karék
meureun aya tilu kilona, awak ngadadak ngaleketey, méh méhan ambruk. Buru
buru kuring nyisi, reg eureun,langsung meuli aqua gelas opat siki, lek
diinum. Karasa kana awakna rada meueusan cénghar.



Kusiwel ngaluarkeun hp, nék ngabéjaan ménta dipapageun, dak  dumadakan
deuih, tulupan telepon kaditu kadieu gé euweuh nu nyambung.  Jero pikir
daripada nungguan nu can puguh hasilna, mending jalan sorangan, ongkoh mun
cicing baé didinya  bisi  kaburu teu bisa walakaya. Dikota gedé téa sok haré
haré.  Nya ahirna sikukut dipihapékeun ka warung roko, kuring langsung  nyéwa
taksi ngajugjug rumah sakit. Dijero taksi kuring  papadon ka supir, lamun
kuring teu sadar titah anteurkeun  ka rumah sakit nu alamatna geus
dibéjakeun tadi. Untung nepi ka nu dituju masih kénéh kuat leumpang,
sanggeus mayar ongkos taksi, buru buru kuring asup ka rumah sakit terus
bébéja ka petugas  jaga,  yén kuring geus teu kuat hayang buru buru dirawat.
Sanggeus uras urus administrasi langsung kuring dibawa ka UGD. Saumur umur
nyunyuhun huis can kungsi unggah balé-ugd, haté  jadi hemar hemir  lantaran
gigireun aya pasén keur aduglajer nahan kanyeri. Rét kuring  kana leungeun,
kulitna  mimiti robah  geunteul semu hawuk lir kulit munding, pangaruh
trombositna  turun meureun. Puguh wé nék nancebkeun jarum impusna gé lila
pisan da hésé kapanggihna. Leungeun kénca geus raca ku jarum, weléh teu
manggih urat nadina, ahirna pindah ka katuhu, untung bisa. Mun teu bisa
wayahna cenah kudu dipalangkakan. Ih bararaid teuing! Geus asup impusan mah
asa teu pati leplepan teuing. Réngsé masang impusan  kuring diperenahkeun
dirohangan, dihijikeun jeung pasén séjénna.



Béja pabéja béja , burudul dulur nu sapangumbaraan mah daratang narempo, ari
nu dilembur mah kaasup kolot jeung pamajikan, dipénta pidu’ana wé da teu
bisa  buru buru nempo. Geus tilu poé kuring ngéndong dirumah sakit, can aya
tanda tanda nu nyugemakeun, malahan trombositna  turun terus. Pipaéheun asa
geus nampeu. Impusan gé ditambah jadi dua, tandana meureun panyakit
kuring  parna
pisan. Katambah aya tatangga urang sabrang nempo bari  ngomong kieu “Dulu
tetangga saya,pangkatnya sudah tinggi, pistolnya juga empat, lewat juga kena
db!” Duh Gusti haté jumerit pasrah. Mangkaning teu boga pentungan pentungan
acan.



 Unggal subuh, piheulang leungeun maranti ditojosan ku jarum, dicokot
getihna jang dipariksa, urutna raca bakating ku mindeung. Poé ka opat haté
asa bungangang, lantaran numutkeun hasil tés darah, trombositna mimiti naék.
Alhamdulillah nuhun Gusti, du’a kuring dikabul!Asa dijait ti sakaratul maut.
Poé kagenep asa leupas ti pangbérokan lantaran kuring geus diidinan  balik
ti rumah sakit. ”Sudi teuing sanajan tempatna tumaninah jeung diac-an,
sanajan suster na lir srikandi, sanajan haratis,komo bari jeung maya, sudi
teuing kaalamanan deui!”Ceuk kuring na jero haté basa kaluar ti rumah sakit.




Barang nepi kaimah, aya béja yén  geus aya deui nu keuna,tatangga kuring
ngan rada anggang. Pengurus rt didinya ngajukeun penyemprotan diwilayah
kuring, ngan  cenah  kudu geus tilu urang nu keuna karék bisa disemprot.
Jero pikir na pamaréntah asa ku téga téga teuing, nék nyemprot gé  maké
nungguan korban heula. Teerlaaaalu! Kitu meureun ceuk bang haji mah. Untung
ray poéna aya deui nu keuna, dua urang deuih, pikeun kuring jeung nu séjénna
nu can ka tarajang meureun untung da bakal gancang disemprot, tapi ceuk nu
katarajang, pasti nyebut bedul, sabab ngarasa dijieun tumbal.



Saméméh gering, enya boga dosa, bubud babad dipipir imah, meureun aya
reungit kadupak, boa keur bobogohan matak galak gé, nyoco kana awak teu
karasa. Nuduh kitu sotéh, moal nuduh jurig teu kadeuleu, piraku nuduh ka
tongo  da dicoco tongo mah paling bentol lebah huluna, pasti ku sia reungit,
buktina aing positip dbd. Jeung pasti keur babad, da dicoco dienggon mah
moal mungkin da jarang saré ti beurang kacuali tunduh, cenah mah reungit nu
shift beurang nu ngabalukarkeun db mah, reungit shift peuting mah dina
nyocona gé moal matak nanaon paling ngaganggu ngahéong palebah ceuli, teup
eunteup dina cukang irung, gelepak ditepak, reungit rikat miheulaan kabur,
antukna cukang irung katempuhan, meureudeuy nepikeun ka panon cimataan.



Saprak keuna dbd, mun aya reungit sok ginggiapeun, sieun dicoco deui,
mangkana mun aya reungit eunteup  sok langsung ditepak, komo eunteupna dina
pipi wanoja mah.



Batavia, 2 Januari 2011

syam ridwan

Kirim email ke