Paralun Punteun, abdi nyobi jawab nya, kaleureusan abdi kungsi ngaguar batik tasik, sanes jang nanaon sa'ukur abdi mah resep kana guguaran teh hehehe
1. Leureus batik tasik ( sanes batik tasik ungku, batik2 ti jawa barat sejen na ge sami ) teh kirang kasohor ti batik sejen na, sabab aya faktor2 nu nyebabkeun eta. Nu paling utami mah aya 2 faktor nyaeta 1.1 Sejarah = batik dijabar pernah pegat simpay berhubungan ti seja sirna na pajajaran, ti dinya seu'eur karajinan asli sunda nu ical padahal batik jabar teh khas pisan teu kirang sae na. Aya paninggalan batik asli pajajaran nu dianggo ku kaluarga kerajaan meni sae kacida motif na. 2.1 Batik jabar ku sabab pernah teuleum nya eta aya na teuh teu berkesinambungan ti turun temurun loba nu nembe2 muncul atanapi kaguar deui teu siga batik jawa dll pan aya berkesinambungan ti baheula. 3.1 batik dijabar sanes baju sapopoe ti jaman baheula na teu siga masyarakat sanesna nu angge batik jd baju khas daerahna. 4.1 pamarentah nya aya kirang kenceung ngapromosikeun batik jabar, tp nya balik deui da tos kalah pamor ti batik sejen. Puguh pamarentah kedah berperan penting di industri ieu da brhubungan jeung identitas ciri khas daerahna pan. 2. Sanes kurang berkembang, kurang sadar masyarakat na ka kacintaan batik jabar, teras biasana batik sejen mah tos loba model na ti motif modifikasi jeung model modifikasi. Biasana mah hal eta nu jd pilihan nu ngangge batik. Balik deui emang kirang dikenal oge. 3. Puguh bernilai tinggi mah da khusus batik tasik teh warna na nu cerah, berwarna warni, motif khasna nu langkung gaduhan nilai eksentrik ti batan batik sejenna tah hal ieu kedah di "eksekutifkeun" sina gaduh nilai jual tinggi. 4. Batik tasik jeung batik jabar sanesna, gaduh pelanggan pencinta khusus, teu saeutik nu kirang laku di lokal tp laku di ekspor teras abdi kungsi pernah nyandak batik tasik ieu kanggo urg balanda, prancis, itali jeung sanesna ( kanggo cendramata ) tah aranjeuna teh langkung reuseup ka batik tasik ti batan batik sejen duka sih apa sa'ukur ngahargaan abdi atanapi kumaha alesanna mah tp nu jelas rareseupeun. Aya oge nu terus bertahan sabab na hayang turut ngalastarikeun budaya. 5. Sadaya usaha ayeuna mah naek turun komo usaha khas kieu mah, upami nasib mah abdi mah yakin moal teuleum deui ngan eta kedah pinter2 modifikasi jeung selera pasar we. Jeung oge pamarentah daerah kedah bener2 turut campur. Tah sakitu ti sim kuring, punteun upami aya nu teu sae nanaon na ge ieu mah ti kuring we. Cag Sent from my BlackBerry® powered by Sinyal Kuat INDOSAT -----Original Message----- From: nurul iman <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Thu, 3 Mar 2011 13:08:48 To: <[email protected]> Reply-To: [email protected] Subject: Bls: [kisunda] Bagaimanakah nasib pengusaha Batik Tasikmlaya sekarang? Di kampung sim abdi mah seueur batik di daerah ciroyom, Cipedes ________________________________ Dari: nurul <[email protected]> Kepada: [email protected] Terkirim: Kam, 3 Maret, 2011 10:14:41 Judul: [kisunda] Bagaimanakah nasib pengusaha Batik Tasikmlaya sekarang? Ada beberapa pertanyaan yang ingin saya ajukan akang2, teteh2.... Mohon perhatiannya^^... 1)Benarkah bahwa Batik Tasik kalah tenar dengan Batik dari daerah lainnya di Indonesia? Jika ya, kenapa? apakah campurtangan pemerintah menentukan perkembangan industri tasik? 2)Di kampung saya, batik Tasik kalah laku dengan batik Pekalongan, Solo,dll. Apakah ini menunjukkan batik Tasik kurang berkembang? 3)Jika menurut Anda, batik Tasik bernilai tinggi, apakah yang menjadi nilai jual dan corak khas yang membedakan dengan batik di luar Tasik? 4)Apa yang menyebabkan para pengusaha Batik Tasik dapat bertahan hingga sekarang ini? 5)Ada yang bertanya kepada saya, bagaimanakah nasib para pengusaha batik Tasikmalaya dikarenakan usahanya dirasakan fluktuatif (naik turun)? Hapunten kapanjangan... Mohon masukannya... Diantos pisan balesannana... Haturnuhun atas perhatosannana.. wslm...
