dina makalah eta, aya konsep rupa 'buleud' tina babasan/paribasa
nyaeta "niat kudu buleud". tah saleresna buleud ieu nu dimaksad
kasampurnaan iman, sanes kotak atau kubus/kabah.

sifat buleud salaku simbol kasampurnaan kaimanan atawa beh dieu na
ideologi, sifatna universal, aya dimana-mana.

sanajan sanes mangrupa ayat atawa hadist, tos ti beh ditu, umat islam
ngangge lambang antariksa kanggo kaimanan, nyaeta bulan jeung bentang.
di puncak masjid sok dipasangan lambang bulan-bentang eta, mun teu
make eta, asa kurang afdol.

jadi mun karesten lambang agama/kaimanan teh salib tea, islam eta,
bulan bentang.

malah palang merah oge, di timur tengah mah diganti jadi bulan sabit
merah (red crescent). muhammadiyah ngangge lambang panonpoe.  duka
muhammad ali mah. jepang bendera buleud panonpoe isuk-isuk, cenah, jst

ka'bah mung kiblat solat. mun diadumaniskeun jeung babasan/paribasa
sunda, hirup kudu masagi, sigana ka dinya pisan simbolna teh.



On 3/4/11, oman abdurahman <[email protected]> wrote:

> Saterusna, aya pertanyaan. Upama di urang anu jadi simbol kasampurnaan
> atawa perjalanan teh nya lambang segitiga tea, tapi ari dina kosmologi
> anu miang tina agama, Islam khususna, geuning lambang kubus (segi
> opat?) anu aya teh (upamana: ka'bah). Naha di dieu aya pangaruh alam
> kana perkembangan budaya/simbol? Upamana wae, pedah di arab teu pati
> loba gunung anu bentukna segitiga (henteu samodel di urang), nepi ka
> anu medal teh simbol kubus. Diantos pedaranana.
>
> Hatur nuhun.
>
> manar
>
>


------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke