MZ: Punten Ki Hasan, ieu mah langkung ti sakaca.
MH: Keun wae, leuwih ti sakaca oge. Maksudna nulis sakaca teh, keur pamicu
we, ngarah kaduga ku balarea. Leuwih ti sakaca tangtu leuwih hade. Komo nepi
ka sabuku mah. Hehehe.

---------- Forwarded message ----------
From: Maman <[email protected]>
Date: 2011/3/5
Subject: [kisunda] Hayang Diajar Nulis di Koran
To: [email protected]




Hayang Diajar Nulis di Koran


*Fokus we kana hiji hal, tong loba nulis berbagai hal, tong loba omong
berbagai hal.*



Dina kaping 15 Januari 2011 kuring ngilu ”Pelatihan Nasional Menulis
Artikel,  di Kantor Galamedia Bandung”. Kuring sumanget pisan ngilu eta
pelatihan sabab boga cita-cita hayang sakali-kali bisa nulis dina media
koran. Kaduana kuring oge hayang boga kabisa tulas tulis dina media Korang.
Katiluna kataji  oge ku iklanna pedah nu mere pelatihan teh gegedug anu
sapopoe aktif dina koran Pikiran Rakyat.



Saenggeus diumumkan di Harian Umum Pikiran Rakyat tanggal 29 Desember 2010,
dina poe  Senen  tanggal 3 Januari 2011 kuring buru-buru  daftar jadi
peserta. Hariwang bisi teu kabagean tempat,  pas daftar  geuningan karek aya
3 urang anu daftar. Dina poe H na, kuring datang pang isuk-isukna. Nu ngilu
 pelatihan kirang langkung aya kana 40 jalmian.



Dina sesi kahiji dibenjerbeaskeun pasualan pentingna nulis-kalimah
ngagunakeun cara anu lugas teu bulat-beulit ngejelimet.  Kusabab kaayaan
katerbatasan rohangan anu aya dina lembaran kertas koran, nulis teu meunang
ngayayay. Dipaparkan  oge pentingna migunakeun basa Indonesia ’yang baik dan
benar’  sesuai jeung aturan  Ejaan Yang Disempurnakan (EYD). Wajib ceuk
hukum jeung penting ngahargaan basa nasional Indonesia jeung sabisa-bisa
ngahindarkeun make istilah basa deungeun. Saha deui anu ngahargaan basa
Indonesia lamun lain ku bangsana sorangan.



Wah, geuningan loba pisan aturan  serat sinerat atanapi tulis menulis dina
media koran teh. Umpamana kumaha nu bener dina ngantetkeun awalan jeung
akhiran me-an, pe-an, kumaha nu bener ngagunakeun awal ber, me, di, ke,
dari. Aturan konsonan, diftong, phonem jste. Lieur we lah. Jadi asa  inget
kuring baheula keur jaman kuliah diajar basa Indonesia. Suganteh gampang
tulas-tulis na koran teh.



Dina sesi  kedua  sumanget kuring  hayang diajar nulis artikel (ilmiah
populer) dina koran jadi rada tambah lungse. Penyaji kedua jentre
nyaritakeun secara filosofis  yen  syarat mutlak keur jadi penulis artikel
aya 4  hal. Hiji, boga otoritas atanapi kompetensi anu nyoko saluyu jeung
bidangna. Kadua boga pengaweruh anu luas jeung jero dina bidangna. Katiluna
boga kamampuan ngilo hal-hal anu aktual atanapi keur rame(haneut)
dipadungdengkeun di masyarakat. Kaopat mampu nyampeikeun kanyahona ku basa
anu dipikaharti ku jelema umum/publik bari teu make rumus-rumus  anu
rumit  pabeulit
 bin pabaliut.



Ceuk penyaji kadua,  konsumen media koran taya sanes masyarakat anu beragam
mun diklasifikasikeun aya tilu kalangan : 1 umum, 2 semi akademis 3.
kalangan akademi. Ngarana oge harian umum, tulisan anu alus kudu bisa
ngajangkau kalangan anu disebut di luhur.  Lamun tulisan akademis lewih
cocok keur kalangan na we. Penyaji kadua nedeskeun  soal pentingna
kompetensi. Umpamana aya jelema lulusan Sakola Peternakan, terus manehna
boga kanyaho soal peminyakan, sanajan loba kanyaho soal minyak, secara etika
teu cocok lamun manehna nulis soal perminyakan. Atanapi lulusan Teknik Kimia
ari nulis soal Astronomi, teu nyambung, kitu oge umpamana  sarjana Sosial
Politik, sanajan manehanana boga kanyaho soal  obat-obatan jeung panyakit,
tetep manehna teu boga hak lamun nulis artikel soal farmasi atawa
kedokteran.



Persyaratan  otoritas jeung kompetensi nyadarkeun kuring kanu pendidikan
jeung pangalaman hirup kuring dina hirup kumbuh kahirupan sapopoe.  Lamun
kitu,  umpamana kuring hayang nulis dina koran, kuring kudu nulis anu aya
kaitanna jeung pangalaman naon wae anu ku kuring nggeus kaalaman, tangtungna
sesuai jeung latar pendidikan.  Kuring lulusan Fakultas Sosial Politik
Jurusan Administrasi Publik (Negara) Unpad,  ngan ari kahirupan sapopoe
kuring sibuk dina bidang IT,  jeung kabeneran kuring oge  lulusan Senior
Programmer Komputer.



Beda jeung babaturan kuring, ti Sospol anu loloba jadi PNS, ari kuring mah
wirasuadma we, di bidang IT, Percetakan jeung Penerbitan.  Teuing kusabab
bakat kabutuh,  kuring gawe diluar jalur anu umum sakuduna ti Sospol biasana
arasup jadi PNS.  Baheula kuring teu wani neruskeun gawe jadi PNS , kusabab
ditempatkeun di Sajira  Serang Banten, asa jauh pisan ti Bandung. Sieun
ditigas mastaka.  J



Kuayana persyaratan di luhur  minat kuring jadi penulis di koran jadi rada
turun , padahal minat kuring  asa loba pisan, umpamana nulis soal filsafat,
sastra,  puisi, astronomi, politik, ekonomi,  agama, fisika jeung nu
lain-lainna. Ceuk budak ayeunamah meureun, ”Sok teu jeung sok nyaho”.
Kajeun.



Dina  sesi 3, Penyaji  anu katilu  ngaderes soal Kode Etik Jurnalistik
Wartawan. Dicaritakeun soal ’suka-duka’ jadi wartawan. Ceunah beurat boga
profesi  jadi wartawan, resikona bisa leungit nyawa kusabab nyalabarkeun
hiji berita. Tapi aya oge ceunah wartawan ’Amplop’. Wartawan anu  jual beuli
info nyaeta wartawan anu nyilidik, nyinyidik ku make jalan investigasi
langsung ka lapangan naliti kalakuan jeung sepak terjang pajabat. Difoto
jeung direkam bari nyumput ti kajauhan.  Geus meunang info jeung datana,  ku
manehna ditingalikeun ka Pajabat nu bersangkutan.



Ngakuna mah moal arek meres, ngan ngomong diplomatis, ’Bapa abdi gaduh data
anu bade disiarkeun dina koran, kumaha teu sawios-wios’.  Tangtu wae atuh si
Pajabat teh reuwaseun, teu nyangka manehna aya nu nutur-nutur jeung ngarekam
kalakuan manehna (tangtunga berita aib), resiko jabatan  manehna bisa
leungit. Teuing sabaraha duit eta wartawan dibere  ku pajabat, da beritana
teu jadi disiarkeun. Data nu aya diolah jadi informasi, nyaeta jadi duit,
tapi duit keur kapentingan sorangan.



Ku ngilu pelatihan nulis eta, kuring jadi aya minat pikeun nulis soal
politik. Kapikir ku uing geuningan loba pejabat publik dina mangsa kiwari
anu teu kompeten. Fakta di lapangan nunjukan hampir setengah na ti  Kepala
Daerah di Indonesia boga masalah.

CUNO, masalah ieu timbul kusabab Pajabat Publik, nu mangrupakeun hasil tina
Pemilihan Umum Kepala Daerah (berita Kompas, 18 Januari 2011), teu boga
dasar pendidikan politik jeung kebijakan publik anu memadai. Maenya artis
jadi pejabat publik anu boga tanggung jawab gede pikeun urusan masyarakat.
Asa araraneh.



Sanajan syaratna kitu, kudu aya kompetensi,  kuring mah embung ”terpenjara”,
da nu penting jang sadirieun kuring mah  kuring boga sudut pandang tertentu,
anu haneut, unik jeung menarik. Ceuk penyaji katilu, nulis teh ibarat
ngojay. Sakumaha jelema dibere teori ngojay, nepi ka belel letah ceuli
rebing oge, moal bisa ngojay lamun nu diajar ngojay teu ancrub ngagejebur ka
balong. Jelama bisa nulis alus lamun manehanana leukeun jeung junun terus
latihan nulis.

---00---


Punten Ki Hasan, ieu mah langkung ti sakaca.

--- On *Sat, 3/5/11, Ki Hasan <[email protected]>* wrote:




Kang ERN, sok atuh geura ngadongeng pangalamanana, ngarah tambah euyeub.
Tong panjang-panjang, sakaca we geura.

Kirim email ke