---------- Forwarded message ----------
From: Waluya <[email protected]>
Date: 2011/3/4
Subject: [kisunda] Sasak Gantung
To: [email protected], [email protected],
[email protected]




Waktu babaturan nu sok mere pagawean ti Jakarta nelepon, nanyakeun bisa
henteu ngagawekeun "akar-ukur" saeutik di Lahat Sumsel jeung di Plaju
Palembang, kuring ngajawab teu bisa gagancangan ayeuna-ayeuna, sabab balad
kuring keur di lalapangan kabeh. Babaturan teh humandeuar, tulungan cenah,
kapepet ku waktu. Kuring jadi mikir, inget ka baheula, pagawean model kieu
teh, sok dipigawe we ku sorangan, ngan ayeuna sanggeus umur cueut kahareup,
jadi kedul, sok neangan balad wae. Dipikir-pikir deui, ah nya enggeus
kuring we indit sorangan, bari tetep neangan balad, babaturan nu geus
pangsiun, si Pa E sina mantuan itung-itung nostalgia, sabab baheulana
manehna sok diajak-ajak ka lapangan ku kuring.

Jadi akhirna kuring indit ka Sumatera Selatan. Teu dicaritakeun perjalanana,

pokona kuring tepi weh ka Lahat. Sanggeus teteleponan jeung nu geus aya di
lapangan, kakara nyaho sihoreng lokasina teh proyek PLTU nu jauhna 4 km ti
jalan raya. Ti jalan raya asup ka jalan proyek. Pas mobil asup ka jalan
proyek, langsung dicegat ku Satpam, ditanya rek kamana. Kuring nerangkeun
rek ka lokasi, tapi ngadagoan nu ngajemput, sabab teu apal lebah-lebahna.
Ceuk Satpam teh, ka lokasi teu bisa make mobil siga nu dipake ku kuring
(Avanza), kudu make mobil dobel gardan. Rada ngahuleng ngareungeu info kitu
teh, keuheul ka babaturan nu nyebutkeun lokasina di sisi jalan raya. Tapi
dalah dikumaha, geus tepi kadinya, kudu dilakonan.

Teu kungsi lila datang nu ngajemput, lain si Indera, anak buah babaturan ti
Jakarta, tapi tanaga lokal dua urang, marake motor. Ceuk pagawe lokal teh:
"Enggak usah pakai jalan proyek Pak, kita pakai jalan yang dekat saja,
paling juga 300 m. Ayoh ikuti saya!"

Kacida atohna ngareungeu aya jalan nu leuwih deukeut teh, gagancangan
kuring saparakanca teh naek deui kana mobil, terus nunutur motor si tanaga
lokal. Mimiti mah di jalan raya, geus 2 kilometer asup ka jalan leutik,
bulak-belok, bulak-belok, tepi weh ka sisi walungan Lematang, nu harita
caina keur gede jeung tarik pisan, da hujan ngeyer wae sapeupeuting tepi ka
isuk. Jero hate teh, rek mawa kamana si kehed teh. Ti kajauhan kaciri aya
nu ngabentang di walungan, sasak! ....sasak gantung!

Meg teh kana hate, boa-boa lokasina teh di sabrang walungan ieu. Motor si
tanaga lokal eureun persis dina tangga fondasi sasak gantung. Atuh mobil
kuring oge ngilu eureun. Kuring turun, nyampeurkeun tanaga lokal: "Mana
lokasinya, disini?"

"Bukan Pak, di sebrang!", cenah, bari nunjuk ka sabrang walungan.

Kuring teu sasatna ngarongheap, sabab sasak gantung ieu teh panjang pisan
(ceuk tukang topo mah cenah leuwih ti 200 meter, sabab lebar walunganana oge

200 meter). Terus terang kuring rada "alergi" kana sasak gantung teh, komo
ieu mani panjang kitu, jaba cai dihandapna mani tarik. Tapi ari rek ngomong
teu sanggup....era, siga lain "urut" urang lapangan wae ...hehehe. Jeung
kacirina sasak gantungna weweg, tincakeunana make papan-papan kai nu
kacirina mah rekep pisan,

Jadi bismillah we, nu ti heula si Pak E, baheula mah keur ngora
pangwanianana, dituturkeun ku kuring, di tukang kuring si Kamto supir jeung
tanaga lokal nu dua urang. Mimiti naek kana tanggana, nu kira-kira luhurna 2

tepika 2,5 meter, geus kitu kakara nincak kana sasakna. Jle ...jle
....kuring ngalengkah, karasa rada ayun-ayunana. Ah geuning teu nanaon.
ngalengkah diteruskeun, meunang meureun 10 meter, ngarandeg heula
sakeudeung, ngarenghap, nempo kahandap. Gusti ...eta cai mani umpal-umpalan
kitu, nempo deui sasak nu rek disorang, geuning papanna teh jararang, geus
barolong deuih.

Hate beuki tagiwur, ngan ras inget waktu keur budak, ku Nini teh sok dibawa
nganjang ka lembur asal Nini di Padasuka Sumedang. Meuntas sasak Cipeles nu
kacida gorengna, barolong. Kuring sok sawan nempo cai dihandap nu
umpal-umpalan. Nini teh bari nyekel leungeun tarik pisan, nyarios: "Ulah
nempo kahandap Jang, ulah nempo kahandap, tempo kahareup, tempo kahareup!".

Enya, bener papatah Nini, ulah nempo kahandap, kuring ngusahakeun nempo
fokus ka hareup. Ngalengkah deui, salengkah, dua lengkah ..... terus maju,
beuki katengah, karasa sasak beuki ayun-ayunan, kuring oge kabawa ka
ayun-ayun. Eureun heula, ngarenghap, nempo ka Pa E, nu terus ngalengkah,
tapi leungeunna nyekel kana kabel baja. Kuring nurutan nyekelan kana tali
baja sasak, lumayan ...jadi reugreug, leungeun bisa barang cekel. Ngan
tetep we karasa ayun-ayunan. Dipaksakeun ngalengkah deui, salengkah, dua
lengkah ...bari leungeun tetep nyenyekel kana tali baja. Terus maju,
ayun-ayunan beuki tarik ...reg eureun heula. Geus tilu parapatna geuning,

Teu kahaja, ngereret kahandap, hiyyy....itu cai beuki umpal-umpalan,
gancangan nempo difokuskeun deui kahareup, ngalengkah deui, bari lengkahna
dipanjangkeun, jle ..jle, ayun-ayun, jle ...jle, ....grek ....krak ...,
rongheap papan nu ditincak ku suku kenca, ngagebros saeutik. Gancang
ngalengkah deui, euweuh deui pilihan, kudu gancangan tepi ka sisi. Leungeun
masih nyekelan kabel baja....tapi beuki lila kabel baja beuki luhur, tepika
ahirna teu karawel deui. Kapaksa leungeun teu barang cekel, rada
guluang-galeong, tapi ka sisi ukur sababaraha meter deui. Jle ...jle ...jle
......tungtungna tepi oge ka sisi, kana fondasi sasak. Plong teh, hate mani
ngemplong asa leupas tina siksaan, tapi meg deui, inget engke balikna kudu
ngaliwat deui.

Si Indera geus nungguan, kuring langsung nyampeurkeun bari langsung
nanyakeun, aya alternaptip jalan sejen salian ngaliwatan sasak gantung ieu.
Aya cenah, ngan kudu leumpang 4 km. Omongna mah ngahaja, mere jalan nu teu
jauh, karunya ari make jalan proyek mah, kudu leumpang jauh jaba turun naek.

Kuring unggut-unggutan siga nu nganuhunkeun, ngan bari ngomong :" Pulangnya
saya mau jalan yang 4 kilometer saja!".

"Kenapa Pak, harus jalan sejauh itu?", ceuk si Indra heraneun.

"Ah .....hayang olah raga we!", ceuk kuring teh, bari rada nyengir .......

 

Kirim email ke