Ronggeng Tujuh Kala Sirna ( Bagan Ka Lima ) by Rall Lians D'Antares on Monday, October 4, 2010 at 3:51pm
............................................. ............................................. (48) Rakéan kasampak di sisi laut. Harita geus parek ka sareupna ! Inyana keur neuleukeun laut anu ombakna mingkin garedé mingkin raruhur, mingkin jauh nyéblokna ka darat... ngabudah buburialan, bari ngagugulung anu dilimpas, bari ngagur ngagalugur harus... dibarengan angin kenceng .... mingkin kenceng mingkin bédas ... melendoykeun tangkal kalapa, melendoyna mani daréngkdék ! Kencengna angin anu ngagelebugna ririntakan cara ombak paudag-udag gancang, nyempal-nyempalkeun tangkal garedé, ngarungkadkeun tangkal jarangkung, bari ngaguruh ti kajauhan... datangna bari murilit, nyiwit kenceng cara suling dipetitkeun .... nyéorkeun keusik ti basisir, jiga hujan anu kerep! Mantak pikeueungeun, mantak pisieuneun, pieun jelema hanteu bisa sosoranganan di angin barat ! Jauh di tengah laut, kadeuleu aya sababaraha parahu hanteu béda catang palid nurutkeun palidna guntur... Rakéan unggah ka ruhur karang, abéh teges kadeuleuna. Ti Ruhur karang anu liuh dihalangan deui karang, Rakéan neuleukeun prahu... kabéhna aya sapuluh. Garedé eujeung jarangkung, béda ti parahu-parahu anu inyana anggeus neuleu. Rakéan lain urang basisir. Inyana hanteu wauh keuna bangun parahu, ngan inyana nyaho, nu kumaha rupa kolek, nu kumaha rupa payang, jeung nu gedé jasa ngarana kapal.... tapi anu harita kadeuleu umpal-ampul dicocoo ombak, leuwih gedé payang, jeung leuwih leutik manan kapal ! Parahu naeun? Keur inyana tatanya jero haté, kadeuleu parahu daratangna gancang jasa... kadeuleu teges loba parahu anu paréunggas tihang layarna ! Jeung kadeuleu di parahu anu rada gedé, ngebul haseup mani nyerebung, jeung seuneu katémbong ngageda-gedag.... Kahuruan ! Parahu keur kahuruan! Rakéan hayang nulungan, tapi kumaha nulungannanan ? Lain tulunganeun, sabab jauh teuin, jeung lautna ... deuleu ... ! Inyana ngan bisa neuleukeun bari hanteu puguh polah jeung ratug haté keketugan ! Parahu anu keur hurung, ku ombak didémpétkeun ka parahu hiji deui... der kahuruan. Ku Ombak nu neunggar di buritan, parahu anu keur démpét, dipisahkeun deui, tapi disoloyongkeun ka tengah parahu-parahu anu séjénna. Der deui tambah dua parahu jadi jiga tungku pakapuran.... opat parahu gedé umpal-ampul jaradi seuneu dina cai, cai laut anu keur motah ! Parahu saha ? Ti kajauhan ku Rakéan kadeuleu anu laluncatan ka laut.... Harita di Ci Dadap, di Sumur Haur Pamunjungan, Nyi Putri Bidadari Arum Wiyaga ngarasa aya anu sasambat ti tengah sagara ! Ku inyana dilik dina dampal leungeun.. témbong bajo-bajo anu beurang téa. Tapi.... tapi heueuh bajo anu tadi deuk ngaruksak Ci Dadap téa ! Tapi heueuh, bajo sotéh tadi ! Ari anu keur sasambat di angin barat mah, jelema keur lésot tina kabajoannana.... Apanan ceuk éyang Aki Léngsér, tulungan sakur anu di sagara deuk cilaka ku angin barat. Tapi ceuk éyang Aki Léngsér kénéh, caremkeun parahu-parahu bajo keuna batu karut ! Ceuk éyang Aki Léngsér ogé deuk cilaka. Tapi ieu mah keur cilaka ! Mudu kumaha nyaaaaah ? Ceuk éyang Aki ogé, caremkeun parahu-parahu bajo, lain bajo-bajona atuh hartina ! Nya ku Nyai Putri Bidadari Arum Wiyaga, opat parahu bajo anu keur jaradi gulungan seuneu, jeung genep deui anu hanteu kahuruan, ku inyana diléongkeun ka basisir ... jegér... parahu anu panggedéna neumbrag karang batu karut.... haluanana mani bencar, buritannana ngacung ka ruhur... dijepit karang di jero laut, hanteu jauh ti muharana Ci Sakawayana... Ci Sakawayana anu kiwari, tapi muharana mah, anu baheula.... Parahu-parahu anu séjénna, kandas dina keusik bari digubag-gabigkeun ombak (49) di lebahan anu jauh ti darat, eujeung moal bisa didatangan dina laut keur motah kitu ! Aya tilu anu ku Rakéan kadeuleu teges ! Tina parahu anu bencar kadeuleu aya anu mecleng ka laut. Hiji lalaki jangkung gedé anu dedegan inyana, asa-asa Rakéan nyorang neuleu, tapi hanteu inget deui saha-sahana. Inyana bareng mecleng jeung hiji budak awéwé. Laju harita kénéh, lebahan éta lalaki ragag ka laut, ngocopok lauk gedé jasa.... Kadeuleu teges ku Rakéan, lauk gedé eudeuk nyaplok éta budak ! Rakéan eudeuk luncat, eudeuk nulungan, tapi jauh teuin.... moal kaburu! Kadeuleu teges ku Rakéan barang lauk gedé geus calangap, budak téh ngalugas kujang ... lauk gedé harita kénéh ngejat bari ngajeblag, jiga reuwas pangreuwas-reuwasna, laju leungit ka jero laut. Tapi budakna, ku ombak galeng anu gedé ruhur jeung ngabudah, diséblokkeun ka basisir.... Ku Rakéan laju diburu, dipangku dibawa jauh ka darat..... Waktu deuk diécagkeun, budak téh deuk narajang Rakéan, tapi kujang inyana katéwak ku Rakéan bari murilitkeun leungeun budak. Ngan baé hanteu bedas ! Ceuk éta budak sabari tetejeh :”Leupaskeun, bajo, leupaskeun!” Ceuk Rakéan : “Kula mah, lain bajo” Budakna neuleukeun Rakéan, jiga sieun, tapi hanteu sieun... laju hanteu sieun.... Ceuk Rakéan : “Dia saha ?” Ceuk budak sabari ngagibrigkeun buuk inyana anu baseuh : “Urang Ci Dadap, kula ditéwak bajo” Rakéan ngarénjag dina haté ... Ci Dadap..... bajo.... jeung ieu kujang .... tétéla kujang jieunan inyana baréto.... Ceruk Rakéan : “Saha dia ngaran ?” Ceuk Budak : “Nyai !” Haté Rakéan béda rasana, ceuk pikir inyana “ :Tiiiilok geus sagedé kieu? Boa anak kokolot ... ?! Tapi éta kujang ????” Bajo,bajo anu sok rarampog sabari ngahuru, bari cuculik jeung peupeuncit.... Keun baé ! Sapeuting éta mah, moal barisa unggah... kara jleng ogé, geus dibaretot céot, dibareubeutkeun keuna karang ku pulek dina ombak ! Rakéan jeung budak anu rancucud, narindak ka tukangeun karang anu nadah angin anu kencengna ngadadak rosa jasa. Di anu iuh, inyana eudeuk miruha, nyieun seuneu pieun ngagarang samping budak ! Ceuk budak : “Lapar....!” Lapar ... Rakéan ogé ti kamarina kénéh can manggih kéjo, anggeus ngakanan cau leuweung baé. Ras inyana inget, tadi ti ruhur karang kadeuleu di beh wétan aya imah. Harita, poé geus laju poék. Beurang keur tukeur giliran, giliran peuting ngarurub alam..... Rakéan nindak sabari nungtun budak, narindak dina peuting anu poék, ngalawan angin anu ngagelebug rosa jasa, nepieun budak mah teu bisa laju.... Nya digandong ! Di Babakan leutik anu harita imahna kara aya opat suhunan, arinyana disuguhan. Ceuk anu boga imah : “Ti marana ?” Ceuk Rakéan : “Ti Kulon ! Ari budak mah, urang Ci Dadap ! Diculik bajo !” Ceuk nu boga imah : “Bajo ? Di mana aya bajo ?” (50) Rakéan nyaritakeun anu tadi kadeuleu inyana ! Urang babakan hanteu arengeuh, sabab tadi keur ngareli keuna sodong di béh tonggoh. Ceuk nu boga imah : “Loba ?” Ceuk Rakéan : “Nya. Loba sugan, amun teu marodar ku ombak mah“ Urang babakan dikumpulkeun, laju badami. Laju nararindak bari marawa pakarang ka lebahan parahu kandas ... nararindak dina peuting anu poék. Kabéhna, dua aki-aki, opat nini-nini nu baredas kénéh nutukeun halu, opat lalaki mareujeuhna gagahna, lima awéwé mareujeuhna leuleus liatna, genep barudak bujang meujeuhna teuas heuheurasna, genep barudak tanggung mareujeuhna dédéglerna, jeung opat cawéné mareujeuhna sareseg peupeungkeurna! Di babakan tinggal hiji nini-nini anu geus moal teurak disangray disangray acan. Inyana nanggoan imah jeung barudak anu laleutik keneh ! Tapi anggeus kitu diatur ku Anu Nyieun lalakon, nepi ka basisir téh, ti darat ngadak-ngadak ngagelebug angin kenceng rosa jasa. Urang babakan nareuleu lima parahu gedé anu melegmeg hideung di laut anu poék, laju nyoloyong deui ka tengah laut. Nyoloyongna garancang jasa, ditiup angin anu kenceng diséréd ombak anu galedé ruhur .... mingkin jauh mingkin jauh .... Di basisir anu harita kasampak pabalatak dina keusik, sugan aya opat puluh bajo.... laju didareukeutan ! Anu arambekan kénéh jeung anu arusik, laju dipodaran. Lain taralenges! Tapi di mana-mana ogé ari bajo mah dikaritukeun ! Anu henteu arambekan kénéh jeung anu hanteu arusik ogé, diparodaran deui, abéh bener-bener paraéhna ! Rakéan sabari ngagandong budak awéwé téa, ogé nindak ka basisir. Inyana mah néangan bajo-bajo anu sareger kénéh, anu babari teuin ngamodarannana mah, ku inyana disérénkeun ka urang babakan. Inyana mah hayang bajo anu sareger, bajo-bajo anu barisa kénéh ngalawan enya-enya ! Tapi hanteu kasampak aya deui bajo ! ======================== Cag teundeun ..... Urang tunda di babakan anu bakal gagal, anu gagalna sabab anu nyariar untung, teu barisa ngitung, ngahambur dur diawur-awur .... kari somah katempuhan, nebus gadéan anu lapur..... Urang tuduhkeun heula lebahan bencarna parahu gedé anu panggedéna ! Dina pisan urut bencarna parahu bajo, anu buritanana ngacung ka ruhur, nepi ka kiwari témbong kénéh sesa-sesana. Tapi geus ngarupa karang anu nyeplés buritan prahu gedé .... Ceuk anu harayang diperecaya mah cenah, éta karang téh, baheulanana buritan parahu bajo anu bencar téa ! Ayana parek pisan ka karang batu karut anu ogé disarebut BATU LAWANG, sabab numpukna kénca katuhu, cara gapuran jaman baheula! Ayana éta batu lawang hanteu sabaraha jauhna ti muhara Ci Sakawayana. Baheula mah éta Batu Lawang téh, ayana jauh jasa ti laut, ceuk anu nyaraho di ugana, engké jaga, amun di balik batu anu jiga lawang geus ngadeg imah teu dihateupan, éta lawang baris dibuka ku anu ngarasupkeun jaman harudang jeung hariwang. Hariwang pieun sakur anu nyunyusah jeung nyingsieunan somah ! Hareudang pieun anu sarenang dina babangsat, aradigung abong keur pangkat, jararembar dina ruruba.... Deui ceuk ceunah ti anu nyaraho di ugana, Amun Batu Karut diaut-aut di gunung anu digempur, geura tanggoan baé datangna béja : Aya Raja Gagah dipaéhan anu edan, anu ngaku-ngaku Ratu Adil, da bongan saruka-suka di lain wayah ! ======================== Urang tunda sing waspada ........ ! (51) Urang teruskeun ! Peuting éta, Rakéan ngendong di babakan leutik. Rupa-rupa pikiran jadi pikiraneun inyana. Eudeuk tatanya, budakna anggeus héés ! Caturkeun baé isukna ! Inyana jeung éta budak narindak la Ci Dadap ... mapay sisi basisir ka wétankeun, nyabrang cai ngojayan walungan, asup leuweung ka raura leuweung, unggah pasir turun pasir, mapay-mapay sisi gunung... sabari ngagandong budak ! Ceuk budak : “Di leuweung tadi, geuning euweuh kerud ?” Ceuk Rakéan : “Euweuh !” Ceuk budak : “Di rancah itu, euweuh jurig ?” Ceuk Rakéan : “Heunteu !” Ceuk anu digandong : “Bapa teu sieun jurig ?” Ceuk Rakéan : “Henteu” Ceuk anu digandong: “Kunaha hanteu sieun ?” Ceuk Rakéan : “Batur !” Ceuk anu digandong, sora inyana sora heran, anu héran eujeung kaeueung : “Bapa ogé jurig ?” Ceuk Rakéan sabari mesem : “Lain ! Jelema biasa, cara bapa nyai ! Saha bapa nyai ?” Ceuk anu digandong : “Bapa nyai mah euweuh !” Ceuk Rakéan : “Ka mana ?” Ceuk anu digandong : “Ceuk Ambu, inyana keur nyaba jauh !” Hate Rakéan séjén deui rasana, ceuk pikir inyana : “Mun kieu, lain anak Nyai Putri !” Laju ceuk inyana : “Ngaran Ambu dia saha ?” Ceuk anu digandong : “ Aaaaaambu !” Ceuk Rakéan : “Ngaran inyana ?” Ceuk anu digandong : “Heueuh, Ambu ! ======================== Caturkeun baé, geus narepi ka muhara Ci Mandiri, sabrang kalér anu ruhur. éar anu nareuleu : “Kapanggih, batur, kapanggiiiiih ! Nyi Putri leutik kapanggih .... !” Ceuk anu harayang nareuleu : “Mana .... mana ?” Ceuk anu nareuleu : “Tah ! Di sabrang kalér “ éar sasisi lembur : “ Heueuh, tuh, digandong !” Rakéan diparapagkeun, laju disarabrangkeun sabari ngagandong kénéh, disabrangkeun dina bandungan ! Ceuk anu nyabrangkeun, saurang : “Huh !” Ceuk batur inyana saurang : “Haaah ?” Ceuk anu tadi sabari haréwos : “Jiga monyét !” Ceuk batur inyana : “Heueuh, joré jasa. Jiga lutung !” Ceuk saurang deui sabari nulak bandungannana digancangkeun, jeung sora anu keueung : “ Boa jurig ti Coblong....!” Anu nyarabrangkeun laju kareueung, narulak bandungannana digarancangkeun jasa… can ogé bandeungan adek pisan ka sisi, arinyana geus ting aracleng laju lalumpat gancang jasa .... éar anu marapagkeun. Tétéla ka Rakéan, anu digandong téh puguh anak Nyai Putri Purnamasari. Haté Rakéan atoh jasa... Bari nangkeup pageuh heula, inyana ngécagkeun anu digandong! Rakéan atoh kabina-bina. Sakali deui inyana nangkeup Nyi Putri Mayang Sagara, nangkeup nyaah deudeuh jasa, sabari ngusap-ngusap bari calimba..... Nyai Putri leutik laju tereleng baé lumpat, mulang diiring ku nu lalumpat di pandeuri ... Diringkeun barudak loba, nu ngiringkeun sabari lumpat, jeung ku kolot-kolot sabari lumpat, ku aki-aki sabari lumpat, mun lumpatna pararétot. (52) jeung ku nini karudang iteuk nu lumpatna dalugdag-daligdeug.....! Ngan Rakéan anu hanteu lumpat. Inyana mah ngagidig biasa, alak-ilik sabari nindak ...Paaaaangling ayeuna mah ! heueuh, bener geus kebel miang ti Ci Dadap téh ! Inyana inget kénéh lebah-lebahna imah Nyi Putri lebah panyimpangan anu aya katapangan ! barang inyana nepi, Rakéan bener pangling. Sabab imah nyi putri anggeus séjén .... leuwih gedé leuwih alus. Sakurilingna dipageran berenuk jaradi kerep. Pakarangannana lega, bararesih jeung caraang, hanteu dipelakkan. Ngan loba tatangkalan pangiuh-ngiuh ! Jeung Kamuning jeung kembang Dayang, ngajajar rapih dipelak ! Inyana eudeuk asup, tapi ku kokolot anu harita jeung jelema loba ngagarimbung ruareun pager, inyana hanteu meunang. Ceuk Rakéan : “Kunaha ?” Ceuk kokolot anu pangkolotna : “Mantak kasiku ! Pakarangan Puun mah, sangar. hanteu beunang ditincak sambarangan suku!” Rakéan eudeuk nyebut ngaran inyana, tapi kaburu inget talatah Ki Léngsér “Hanteu meunang aya nu nyaho, saha sia, naeun sia !” Ceuk Rakéan : “Tah., atuh ! Kujang Nyai Mayang Sagara. Kujangna mah, béjakeun Kujang Rakéan !” Najan inyana hayang jasa papanggih jeung Nyi Putri Purnamasari, inyana hanteu jadi. Laju inget sumur haur, sumur haur pamunjungan, nu baréto inyana ngadegkeun ! Inyana nindak. Keur inyana deuk sibeungeut, méméh unggah ka pamunjungan, dina kobak hérang caina, beungeut inyana kadeuleu cara dina eunteung ! rakean reuwas jasa ! Inyana sedih jeung nalangsa, neuleu rupa inyana joré kabina-bina ! Inyana ceurik ... sedih mani nyeletit, ci mata inyana nyarakclakan keuna kobak hérang caina ..... Ras inget ka omong Ki Léngsér, inyana téh keur mudu maké kedok ..... Kacaturkeun Rakéan munjung di pamunjungan. Inyana hanteu nyaho dideuleukeun ku anu hanteu kadeuleu, teu kadeuleu ku mana manusa di raga jelema ! Ceuk pikir anu neuleukeun, anu neuleukeun hanteu kadeuleu : “Saaaaha éta téh ? Asa ku coooop keuna haté !!!!” Laju inyana némbongan, dina rupa waruga nini-nini, anu kolot mani bongkok, nu buuk ngan huis wungkul, bujigjrig aut-autan .... Ceuk inyana ka Rakéan : “Saha Dia ? Ti Mana ?” Ceuk Rakéan : “ Kula mah teu boga ngaran. baheula mah ti Pajajaran!” Ceuk Nyi Putri Arum Wiyaga anu ngarupakeun nini-nini : “Basa baheula di Pajajaran, tangtu dia boga ngaran !” Ceuk Rakéan : “ Nini, baheula mah jaman kaliwat. Di Kiawari jaman ayeuna, di jaman keur dilampahan, ngaran kaula anu baheula, geus lebur kaluluh waktu, geus hilang diusap papastén! Ngaran anu kiwari, kumaha karep anu nyebutna, sebut monyét, hampék ! Sebut kunyuk, hanseug. Moal kula eudeuk nyeri keuna haté, da puguh di kieu rupa!” Ceuk anu dina rupa nini-nini : “Basa dia, cara kalakay ditebak barat! Sora dia, cara pulek curug dina sedong ! Naeun sabab kitu ?” Ceuk Rakéan : “Sababna, kaula hirup jadi jelema nu gelarna kabagéan, mudu malang dina bagja, mudu nyukang mapay lara. kaula keur ngalalana, dititah nyiar tarataseun jalan pieun nu nyusul. (53) Nu teu sabar nanggoan jaman, ngarep-ngarep datangna wayah, peunggasna caringin kurung disayangan manuk sabrang, jeung karapyak tinggal saralak, anggeus diruksak banténg coréléng ! Kaula mah mudu mapak raja : anu anggeus diparunggu ka heulang sabrang, dipindahkeun ka hulu banténg ! Kaula mudu nyaksian : Banténg ngamuk nguwak-ngawik, ngabuburak raja panyelang nu karanceuh lila teuin jeung arédanna kamalinaan ! Ceuk anu ngarupa nini-nini : “Mantak naeun dina dia ngalalana, dia maké ngaran dia anu baheula ? Abéh kabéhan pada nyaraho !” Ceuk Rakéan : “ Moal eudeuk jadi guna, ngalulungkut anu geus undur ! Sabab ceuk carita kolot baheula : Engké mah ka hareupna, euweuh ngaran anu maneuh, hanteu kaeur ditukeur-tukeur, gunta-ganti sina murilit, pabeulit euweuh nu ngarti…! kaula keur nyiar ngaran anu hadé dibawa paéh !” Ceuk anu ngaruipa nini-nini : Anu hadé kadéngéna ? Atawa anu hadé dina hartina ?” Ceuk Rakéan : “Anu hadé ingeutaneun ! Sabab anu hadé dina déngé, can tangtu hadé dina harti ! Anu hadé dina harti, can tangtu hadé balukarna !” Ceuk anu ngarupa nini-nini : Mun cara baheula ? Maké Ciung, maké Manara ? Kumaha amun Ciung Panungtung, atawa Wanara Minda Kalang ?” Ceuk Rakéan : “Ngaran kitu mah, ngan hadé pieun dina carita, pieun lalakon kosong euweuh toongeun. Pieun dongéng anu ramé, tapi réHé ku bukti baris ngajadi ! kaula hayang ngaran : Anu napak dina rupa, anu teu sulaya ti pangabisa ! Anu teu pondok diheureutkeun, anu ngeusi dina harti, eujeung manjang dina jaman, anu pantes dijajarkeun dina tepas diamparan siloka! Heueuh, rupa kaula, rupa lutung ! Mun maké lutung ?” Ceuk anu ngarupakeun nini-nini : “Heueuh ! Tapi kumaha ngarékana abéh alus ?” Ceuk Rakéan : “Kula moal nurutan anu ngan raresep pupulasan ! Sanajan kituna disababkeun paréntah jaman ! kaula sanggup hirup dina adegan anu wajar ! Rupa kaula, rupa lutung. Ti seret poé ieu, ngaran kaula : Ki Lutung ! Moal ditambahan naeun-naeun deui” Rakéan laju pamitan .......Inyana nindak deui, undur ti Sumur Haur Pamunjungan, di deuleukeun ku nini-nini anu malik deui jadi geulis, jadi deui Putri Bidadari Arum Wiyaga anu ngileus deui di pamunjungan ..... nanggoan wayah miang ditéang ..... http://www.facebook.com/note.php?note_id=439373484069
