gancanging catur ............ dua pihak pasukan lapis kahiji jeung kadua geus 
paamprok....der wae ragot perang jurit silih telasan........... enyaan Pihak 
Pandawa waranian sosoroh amuk.............atuh barisan Kurawa teh kadesek, 
masing Durganda Durgandi usaha satekah polah nyumangetan para bawahanana; 
keukeuh we para Prajurit Kurawa kadesek malundur.
Ningal gebrakan awal kitu hasilna Suyudhana tipengker mani sosoak emosi bari 
ngalepatkeun pimpinan ( nya eta Bhisma ); atuh Bhisma teu seueur saur enggal 
wae marentahkeun para senapatina ngambreg  ka lini payun.
Sanjan Pihak Pandwa sumangetna gede tapi ayeuna mah teu mangga pulia diamuk ku 
prajurit2 pilihan; atuh Bhima enggal wae masihan Komando supay pasukanana 
ngamuk nuju ka lini payun. Tapi ketak Bhima kapiheulaan manten ku Ingkang Putra 
Gatotkacha nu mimpin pasukan gerak cepat; atuh der para Senapati Bhisma 
diperangan ku Pasukan pringgandhani.
Teu kantos lami pasukan Bhisma tos ting barurisat teu kiat ngalawan jurit 
pasukan Gatotkacha.

Jaya Bang winga winga, amarah Resi Bhisma enggal wae marentah kusirna 
ngajalankeun karetan ngurilingan nu nuju perang ragot; satiap dugi ka hiji 
tempat peperangan, Bhisma mentang2keun gondewana; atuh mani ting belesur 
jampirng. Sakedet netra ratusan prajurit Pandawa jadi korban. Kitu deui para 
Tamtama lan senapatina.

Bhima Gatotkacha sami waspada enggal marentah pasukanana mundur, ulah ngangseg 
teuing; sabab moal tiasa ngalawanan Bhisma nu memang ahli panah; para prajurit 
diparentah nyusun pasukan TAMENG (Mun jaman Romawi mah posisi kura2 tea).
Tapi pangamukna Bhisma Dewabrata lir ibarat Dewa Yama lungsur nyabutan nyawa 
satiap prajurit Pandawa.

Dibeulah katuhu Utara perang ragot sareng Guru sadaya nya eta Resi Drona; ari 
Wratsangka silih panah sareng Salya; dibeulah kenca Satyaki oge nuju ngamuk 
mentang2keun panahna tapi dihalangan ku Jaayadratha; atuh rame perang ragot 
silih panah. Tapi Jayadratta kadeseh teras mundur ditulungan ku Resi Krepa.

Perangna Utara sareng Drona kacida gegetna; Resi Drona ngan ukur nakisan; tapi 
Utara terus maju ngadesek; SRET! hiji panah nyipat ka na raksukan Resi Drona. 
Resi Drona nyaur di na manahna :"Eeh ieu budak kamari, geus cucungah, diantep 
kalah ngalunjak; ulah sambat kaniaya rasakeun pembalesan ti Kaula." Enggalna 
wae Drona ayeuna ngaleupaskeun jamparingna tangginas pisan; atuh kacida ripuhna 
Utara; barang keur gugup siuuut  jeprot ! Trek ! Potong gondewa Utara. Utara 
rikat nyandak Tumbak teras dilempagkeun ka Resi Dron; tapi ngan sakilat eta 
Tumbak tos parotong ditengah jalan ku panah Resi Drona; keur kitu siut siut dua 
panah anu tarik pisan ! teu katahan ku Utara; nu hiji nancep di na dssada 
Uttara; nu hiji deui ngeunaan pisan tenggek Uttara atuh harita keneh sapat 
tenggek Uttar; pinastingemasi pati. Surak bala Kurawa mani ngaguruh.

Perangna Salya ngalawan Wratsangka oge rame pisan; duanana silih panah teu aya 
nu asor; enggalna Wratsangka manahan sababaraha kali ka Salya dugi ka Salya 
kapanah panganana; saterasna karetana oge diancurkeun ku Wratsyngka. Salya 
kalintang amarahna, enggl ngalempag tumbak nu keuna pisan ka na dada Wrtsyangka 
dugi ka parat ka tukang. Harita keneh Wratsyangka lastari ngemasi pati.

Atuh pasukan pandawa kacida ripuhna diditu Mahasenapati Bhisma terus 
mentang2keun panahna; Bhima, Nakula, sadewa oge malundur miris ku pangamuk Resi 
Bhisma.
Enggl SDatyaki ngantunkeun lawanna Krepa teras megat Bhisma; der atuh dua 
Pahlawan perang nu sami2 jago panah ngadukeun kasaktenna. Itu ieu papada wani; 
teu aya nu mundur.

Tapi lami2 Satyaki oge kadesek, tos boborot getih, enggal disampeurkeun ku 
Bhima teras dijewang dibawa mundur. Bhisma teu ngudag; teras we neraskeun 
hancan ngamuk ka para prajurit Pandawa.

"Ela dalah ! Bhisma, Bhisma................. sampeyan ngan ukur wani ka para 
prajurit, yeuh lawan Kaula Arya Seth !" Eta nu sosoak teh nyata Arya Setha 
rakana Uttara sareng Wratsyangka. Anjeunna bade males pati k Drona sareng 
Salya; tapi barang nyaketan tempat pangperang paamprok sareng Bhisma nu nuju 
sosoroh amuk. Memang Bhisma teh musuh kahot kanggo Setha mah; atuh teu 
ngengkekeun deui, Setha teras nangtang perang ka Bhisma.

Bhisma teu seueur saur teras wae mayunan Setha; der we ieu dua pahlawan teh 
rame silih panah; duanana pada digjaya, sami2 Resi. Sami2 jago panah. Tapi 
lami2 Bhisma kadesk ku Seth; nyata Setha pilih tanding; kareta perang Bhisma 
diancurkeun ku Setha dugi k Bhisma luncat ti na karetana. Teras dipanahan ku 
Resi Setha; tapi memang dasar Bhisma sakti mandraguna; teu aya hiji oge nu 
tiasa ngaraheutan ka Bhisma. Bhisma amarah lajeng wae mentang jamparing 
sababaraha kali; Seta rada ripuh nakisan; hiji panah ngeunaan gondewana; atuh 
potong sapada harita. Barang Setha bade ngagentos gondewana jol deui panah nu 
motongkeun deui gondewana; katilukalina panangan seta nu buntung disamber panah 
Bhisma; barang bade luncat; tenggekna tos kasabet ku panah Bhisma; atuh tiwas 
sapada harita.

Pihak Kurawa sarurak mani ting jarerit; Prabu Matsyapati badi belapati tapi 
panonpoe tos teu katingal; nu hartina perang poe eta lekasan.

HANCA 





      

Kirim email ke