Di kemah Pasukan Kurawa peuting eta diayakeun pesta ; lantaran poe tadi
perangna Unggul pisan. Suyudhana tambah yakin yen Pandawa bakal serah
bongkokan. Gawena ngan muji2 we ka na kasakten Bhisma di na peperangan tadi.
Bhisma ngan ukur mesem; tapi akhirna Bhisma sasauran :" Poe ieu Eyang meunang,
lantaran i pihak Pandawa can maju Arjuna jeung Srikandhi, mangka waspada lamun
eta dua jelema geus maju. Tangtu urang sarerea bakal susah."
Suyudhana teu resepeun pisan ku komentarna Bhisma, tapi dicaram ku Sakuni na
waktu Suyudhana bade nambalang; nya atuh akhirna pesta teh ditutup we nepi ka
dinya; da para Prajurit kudu reureuh pikeun nyanghareupan perang isukan.
Ari di Kemah Pandawa, satutasna Perang poe kahiji, terus ngayakeun gempungan;
sadaya Pahlawan hadir, diantawisnana Dristadjumna Maha Senapati Pandawa;
Satyaki, Srikandhi , Abimanyu, Gatotkacha, Drupada sareng seueur2 deui. Paling
payun calik Pangeran Yudhistira diapit Nakula Sadewa; Sri Kresna oge teu
kantun. Arjuna tungkul semu alum; ari Bhima teu weleh gegereman lantaran
panasaran ku perang tadi.
Enggalna wae Yudhistira muka ieu pasamoan; bari tetep leuleuy keudeu Pangeran
Yudhistira sasauran :"Para rai sadaya, sareng pinisepuh lan para Pahlawan
sadaya, urang tos maphum yen perang poe tadi nyat urang teh eleh
kasoran."
"Teu saeutik nu mati ngemasi pati, bari teu terang naon marga lantaranana; teu
saeutik nu binasa ku Panah Bhisma, bari jeung teu puguh ngabela saha sahana ?
Tah ku sabab kitu, cek pamikir Kaula, ieu perang teh pamohalan dituluykeun; da
pasti urang bakal carem, tumpes, moal aya nu yasa ngalawan ka Resi Bhisma."
"Hehehehee...................."Kresna gumujeng samemeh nyarios.
"Ke heula anan yayi, mani hararampang kitu ka na serah bongkokan teh..........."
"Hngng............ Kula teu satuju ngeureunan perang." Bhima teu tahan ngiring
komentar.
"Ah, Kakang Prabu Yudhistira, punten............ naon alesanana bade ngeureunan
perang ?"
SDatyaki ngiring nyarios bari rada mentegeg.
"Alesanana mah jelas; Kaula karunya ka para prajurit, nu teu tuah teu dosa; teu
hir teu walahir pipilueun perang jeung urang; padahal peperangan urang teh mun
nempo kajadian perang poe tdi, pasti elehna. Urang teh sasat ngorbankeun jutaan
jiwa bari teu aya usaha sama sakali."
"hehehehe, teu lepat Rayi Prabu, teu lepat, memang urang kadeseh, kasoran
jurit...........
tapi cek akang mah, usaha urang teh kakar 10%; da loba keneh PAHLAWAN2 nu
NGALANGGUR embung maju, mun ieu para Pahlawan daek maju mah, tangtu kajadianana
moal kitu."
Arjuna nu ti tatadi tungkul wae, ayeuna mah asa kasindiran enggal ngiring
wicara:"
Sewu2 bebendu laksa2 duduka Kakang Yudistira, Rai tadi memang teu acan maju
perang; lantaran masih keneh ngemutkeun katalian dudulurn sreng babarayaan.
Tapi tadi katingal ku Rayi, Eyang Bhisma estu tega pisan perangna; saha wae nu
caket ka anjeunn tangtu dibinasa. Tah Rayi SUMPAH; enjing Rayi bade majeng
jurit bare moal mikirkeun soal babarayaan; Eh Kurawa mangkahade kudu waspada !
Isuk Kaula bakal jadi Bhatara Yama keur sampeyan sakabeh!"
Nguping susumbar Arjuna sakitu, sueuer para Pahlawan nu hadir kaleprok. Pang
tarikna Satyaki, ku panuju2na.
Sanggeus jempe ngong deui Prabu Kresna nyarios, ayeuna mah ka Arjuna:" Yayi
Kaipe,
kumah mun sampeyan mayunan kangjeng Eyang Resi Bhisma ? naha bakal mundur ?"
"Saksian ku sadayana, Kaula Arjuna masing mayunan Bhisma atanapi Guru Drona,
Kaula bakal maju moal mundur satungtung buuk."
Geer atuh sarurak deui di kemah Pandawa. Sadaya Pahlawn pada reugreug sareng
yakin poe isuk Pandawa bakal meunang, bakal males pati perang poe tadi.
Hanca