Isukna dua pihak geus maraju deui............... ayeuna mah Pasukan Pandawa nu 
ngamimitian nyerang; barang keur papada bentrok perang ti tukang nyurungkuy 
hiji kareta perang; dikusiran ku Sri Kresna, nyata Dananjaya maju perang bareng 
nyaketan nu ragot perang ; Arjuna mentang jamparing sakilat2; sakedet netra 
puluhan pasukan Kurawa/Astina gemprah keuna ku panah Dananjaya. Atuh Para 
Prajurit Astina kacida rareuwasna; sawareh mah ting balecir ninggalkeun palagan 
lantaran sieun pangamukna Dananjaya.

Dananjaya teras maju bari mentang2keun jamparing; persis patani keur nyacar 
jukut.

Sadaya Pasukan astina kacida rareuwasna; aya sababaraha Pahlawan nu nyoba2 
megatan Arjuna; tapi ngan sakedet netra tiwas jadi babatang, jadi mangsa panah 
Arjuna.
Bhisma waspada enggal majengkeun karetana ; tapi Bhisma dikepung ku para 
Pahlawan Pandawa; atuh der tarung campuh, Arjuna bebas neraskeun pangamukna. 

Bhisma ripuh, lantaran kedah masihan komando, bari bade megatan Arjuna nu tos 
tebih pisan, ari anjeunna repot dikoroyok ratusan Pahlawan. Enggal wae nyandak 
panah saktina ; ti na hiji panah kaluar ratusan panah; atuh seueur par Pahlawan 
Pandawa binasa atawa tatu.

Arjuna barang ningali Bhisma ngaluarkeun panah saktina; enggal anjeunna oge 
ngaluarkeun panah saktina teras dipentangkeun ka pihak Astina; atuh seueur 
pisan para Prajurit Kurawa/Astina nu binasa. 

Perang poe kadua ieu kacida campuhna ; tapi akhirna pihak Pandawa poe ieu nu 
unggul.

Suyudhana kacida amarahna, cocorowokan pajarkeun Bhisma pilih kasih. Lantaran 
Arjuna incu kinasih Bhisma teu kersa maju ngalayanan Dananjaya ! sareng seueur 
deui hujatan ka Bhisma ti Suyudhana. Demi Bhisma mah teras wew istirahat di 
kemahna ;  teu pisan ngawaro ka na cocorowokan Suyudhana nu ngaweweleh anjeunna.

HANCA




      

Kirim email ke