Kang Jalak, kamana wae? Iraha ngalih deui ka Jakarta? Si kuring ayeuna mah
rada mindeng ditugaskeun ka Jakarta. Kutan aki salira teh kungsi damel di
perkebunan perkebunan mana?

manar

2011/3/15 Jalak Pakuan <[email protected]>

>
>
> Waaah top pisan KO hanjakal teu aya video jalan dago nya. Memang heran naha
> baheula aya ku resep marake baju, jas bodas/krem nya ? Emut ka pun aki
> anggoan bodas2 kitu teh nu disetrika ku setrikaan areng logo hayam jago nepi
> ka ngajerepet seukeut tea. Hanjakal teu aya di video, meureun teu diajak ku
> juragan perkebunan padahal baheula teh ahli tata buku di perkebunan.
>
> hatur nuhun KO.
>
> salam
> tirta
>
>
> Makarya Mawa Raharja
>
>
>  ------------------------------
> *Dari:* oman abdurahman <[email protected]>
> *Kepada:* [email protected]
> *Terkirim:* Sel, 15 Maret, 2011 15:57:03
> *Judul:* [kisunda] Nostalgia Bandung baheula
>
>
>
> Baraya,
>
> Nyelang heula sakedapan tina padungdengan anu aya, boh tina anu beurat
> atawa anu hampangna. Urang noong Bandung jaman baheula, bisa diilikan
> di dieu: http://www.mahanagari.com/ Boa-boa aya aki atawa uyut salah
> saurang ti antara urang anu kafilm di dinya.
> Wilujeng nongton. Hampura lamun eta alamat film2 Bandung baheula geus
> kungsi dipostingkeun
>
> manar
>
>  
>

Kirim email ke