Ari ngadongengkeun pakebonan teh, sok inget kana pangalaman keur budak. Pedah harita kungsi diajak nganjang ka baraya nu dines di pakebonan enteh pangalengan, nu tugasna jadi tukang ngarungan duit keur bagikeuneun ka pagawe pakebonan. Da harita mah can usum gajih pagawe ditranfer ka bank, nya duit gajih sok dikarungan we.
Didongengkeun soteh, pedah aya hal nu rada husus, tug nepi ka kiwari eta pangalaman teh masih ngalangkang dina ingetan. Malah masih bisa ngabayangkeun kumaha konstruksi imah nu dianjangan. Nu matak helok teh, pedah numutkeun nu jadi kolot, eta lalakon nganjang teh sasat uing masih keneh bolon pisan. Bisa jadi eta pangalaman teh, pangalaman nu mawa kesan jero pisan, nu matak nepi ka kiwari masih keneh inget. 2011/3/19 oman abdurahman <[email protected]> > > > Kang Jalak, kamana wae? Iraha ngalih deui ka Jakarta? Si kuring ayeuna mah > rada mindeng ditugaskeun ka Jakarta. Kutan aki salira teh kungsi damel di > perkebunan perkebunan mana? > > manar > > > 2011/3/15 Jalak Pakuan <[email protected]> > >> >> >> Waaah top pisan KO hanjakal teu aya video jalan dago nya. Memang heran >> naha baheula aya ku resep marake baju, jas bodas/krem nya ? Emut ka pun aki >> anggoan bodas2 kitu teh nu disetrika ku setrikaan areng logo hayam jago nepi >> ka ngajerepet seukeut tea. Hanjakal teu aya di video, meureun teu diajak ku >> juragan perkebunan padahal baheula teh ahli tata buku di perkebunan. >> >> hatur nuhun KO. >> >> salam >> tirta >> >> >> Makarya Mawa Raharja >> >> >> ------------------------------ >> *Dari:* oman abdurahman <[email protected]> >> *Kepada:* [email protected] >> *Terkirim:* Sel, 15 Maret, 2011 15:57:03 >> *Judul:* [kisunda] Nostalgia Bandung baheula >> >> >> >> Baraya, >> >> Nyelang heula sakedapan tina padungdengan anu aya, boh tina anu beurat >> atawa anu hampangna. Urang noong Bandung jaman baheula, bisa diilikan >> di dieu: http://www.mahanagari.com/ Boa-boa aya aki atawa uyut salah >> saurang ti antara urang anu kafilm di dinya. >> Wilujeng nongton. Hampura lamun eta alamat film2 Bandung baheula geus >> kungsi dipostingkeun >> >> manar >> >>
