Prajurit2 Kurawa ngarasa miris; teu teteg deui sumangetna; maranehna ngaromong 
saha nya nu bisa ngalawan Arjuna ? Wah carem ayeuna mah pasukan Kurawa ?

Ari dipihak Pandawa Pangeran Arjuna pada muji ku sadayana; para prajurit 
Pandawa balik deui sumangetna; yakin yen perang bakal dimeunangkeun ku pihak 
Pandawa.

Isukna, perang poe katilu geus dimimitian; ayeuna Bhisma marentah sang Prabu 
BHagadatta nyiapkeun pasukan khusus pikeun ngaladenan "Pasukan Gerak Cepat" 
Pringgandhani nu dipimpin ku Gatotkacha; sabab unggal2 turun ieu pasukan 
kachina perkasana; teu aya hiji pasukan nu bisa nandinganana; estu tarangginas 
, baredas jeung garalak. Hiji2na nu bisa nandingan ngan ukur pasukan ti 
Trajutisna; eta oge lamun beurang, da peuting mah pamohalan bisa nandingan 
Gatotkacha lan Pasukanana.
Ku margi sakitu Bhisma ngadamel paraturan yen lamun Panonpoe SURUP; Perang 
liren.
Salah sahiji alesanana lantaran rada paur ku krtak Gatotkacha saparakanca,

Perang di na poe katilu mah Bhisma ngamuk deui da tos teteg lantaran Bhagadatta 
bakal ngahalangan ketakna Gatotkacha; samemehna Bagadatta boga tugas nu penting 
oge nya eta tanggung jawab Logistik pikeun kalangsungan Perang. Ku lantaran 
ngafepan Pasukan Pringgandhani, cepenganana dipasihkeun ka Prabu Burisrawa.

Waspada sri Kresna enggal nyauran Arjuna:"Arjuna, mangka was[ada ; tuh Bhisma 
geus maju perang, tuh loba prajurit ting jarungkel, teu manggapulia, sok ulah 
diantep."

"Sok atuh majukeun ieu kareta, deukeutkeun ka kareta Bhisma; Kaula bakal 
ngahalangan ketakna, nu ngarugikeun pihak urang."

Der we Krisna mecut kudana; nyaketan kareta perang Bhisma. Waspada para 
Senapita Bhisma, teu ngantos komando deui sayana maju ngaraponan Dananjaya.
Tapi Arjuna teu gentar; ngan sakilat2 panah Arjuna tos ting belesur nyaerang ka 
Senapati nu ngarepung; tu manggapulia hiji mara, hiji mati; sapuluh nmara 
sapuluh mati.

Enggal Bhisma miwarang para senapatina mundur; teras anjeunna mentang panah; 
nepi ngahiung sorana ku tarik2na; Arjuna rikat mentangkeun panahna ; panah 
Bhisma kapanah ku panah Arjuna lajuna katahan; dugi ka tempat Arjuna gampil 
pisan ditewak ku Arjuna. Teras ku panah eta pisan, Arjuna males ka Bhisma. Tapi 
tiasa ditakis ku Bhisma.

Eta dua pahlawan Agung, sami2 silih panah; lami2 sabagian nu dareukeut ka na 
perang Arjuna Bhisma; loba keneh lalajo nu perang ti batan silih kadek; ku ieu 
bitotamana Arjuna Bhisma enggoning katapisan Manah, akhirna loba praajuris nu 
reses heula ti na peperangan.

Perangna Arjuna ngalawan Bhisma, kacida gegetna; duanana teu aya nu pisan daek 
ngelehan; silih panah terus; Arjuba Bhisma sami2 kapanah taratu; tapi teu 
ngabahyakeun.
Sigana mun Srangenege teu surup mah; ieu dua pahlawan teh bakal terus perang 
moal aya eureunna samemeh lawanna binasa mah.

Poe ieu perrang ditutup; Pasukan Kurawa Astina rada unggul saeutik.

Lajengkeuneun



      

Kirim email ke