Neraskeun
Abah jalan-jalan jeung urut kabogoh ka Ginza Jepang.Geus jam 2 beurang can
dahar waé, atuh puguh lapar pisan.
Mah lapar henteu?, ceuk Abah
Ih puguh atuh, ieu beuteung mani kukurubukan kieu
Wah lamun aya restoran Padang mah ngeunah meureun
Enya nya, biasana gancang, teu perelu mesen heula
Tuh aya restoran nu palayana maké robot!
Enya nya, maké robot mah sigana gancang disuguhkeunana
Kacaritakeun, sup wéh ka restoran robot éta.
Gék diuk pahareup-hareup jeung urut kabogoh Abah.
Enya waé palayana téh robot.
Robot datang ngadeukeutan, pék ngomong :
What is your nationality?, robot nanya.
Indonesia ceuk Abah.
Selamat datang, ceuk robot maké bahasa Indonesia.
Apa bahasa suku Anda?, robot nanya deui.
Sunda, ceuk Abah.
Wilujeng sumping. Badé pesen naon? ceuk robot maké basa Sunda.
"Canggih mah", abah ngaharewos ka urut kabogohna.
Aya lotek?, ceuk urut kabogoh nanya ka robot.
Aya
Pesen dua porsi
Porsi ageung atanapi alit?
Porsi ageung
Sabaraha céngékna?
Nu hiji dua, nu hiji sapuluh
Nganggo kangkung?
Enya
Nganggo waluh?
Enya
Nganggo engkol?
Enya
Badé engkol ti China atanapi asli Jepang?
Nu mana waé lah, Abah mimiti rada ambek.
Kacangna badé diréndos atanapi di blénder?
Kumaha sia !
Kacangna setengah mateng atanapi mateng?
Goréng sing garing!
Nganggo goréng bawang henteu?
Maké kéhéd! Abah sesengor tarik pisan.
Dibungkus daun cau atanapi dipiringan?
Dipiringan !
Lisahna margarine atanapi lisah kalapa?
Jalantah kuya ! bari ambek da geus aya sapuluh menitna.
Robot cicing, lampuna buburinyaian, sigana mah keur proses.
Kira-kira tilu menitan kakara robot téh ngomong deui :
Hatur nuhun. Pesenan katampi. Mung teu tiasa dicumponan
Naha? Geus lila-lila aing tanya-jawab jeung sia teu bisa dilaksanakeun
siah?
Kumargi teu acan aya kuya sareng jalantahna
..
Bisa gélo aing ! Yu Mah indit ah, teu jadi dahar didieu !
Hehe
AS
------------------------------------
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
[email protected]
[email protected]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[email protected]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/