Jigana mah eusi postingan teh, arang langka diimeutan eusina. Ieu carita, paling henteu dina bulan februari-maret, geus tilu kali dipostingkeun
2011/3/21 Ii Sumirat <[email protected]> > > > > Neraskeun > > Abah jalan-jalan jeung urut kabogoh ka Ginza Jepang.Geus jam 2 beurang can > dahar waé, atuh puguh lapar pisan. > > “Mah lapar henteu?”, ceuk Abah > > “Ih puguh atuh, ieu beuteung mani kukurubukan kieu” > > “Wah lamun aya restoran Padang mah ngeunah meureun” > > “Enya nya, biasana gancang, teu perelu mesen heula” > > “Tuh aya restoran nu palayana maké robot!” > > “Enya nya, maké robot mah sigana gancang disuguhkeunana” > > Kacaritakeun, sup wéh ka restoran robot éta. > > Gék diuk pahareup-hareup jeung urut kabogoh Abah. > > Enya waé palayana téh robot. > > Robot datang ngadeukeutan, pék ngomong : > > “What is your nationality?”, robot nanya. > > “Indonesia” ceuk Abah. > > “Selamat datang”, ceuk robot maké bahasa Indonesia. > > “Apa bahasa suku Anda?”, robot nanya deui. > > “Sunda”, ceuk Abah. > > “Wilujeng sumping. Badé pesen naon?” ceuk robot maké basa Sunda. > > "Canggih mah", abah ngaharewos ka urut kabogohna. > > “Aya lotek?”, ceuk urut kabogoh nanya ka robot. > > “Aya” > > “Pesen dua porsi” > > “Porsi ageung atanapi alit? > > “Porsi ageung” > > “Sabaraha céngékna?” > > “Nu hiji dua, nu hiji sapuluh” > > “Nganggo kangkung?” > > “Enya” > > “Nganggo waluh?” > > “Enya” > > “Nganggo engkol?” > > “Enya” > > “Badé engkol ti China atanapi asli Jepang?” > > “Nu mana waé lah”, Abah mimiti rada ambek. > > “Kacangna badé diréndos atanapi di blénder?” > > “Kumaha sia !” > > “Kacangna setengah mateng atanapi mateng?” > > “Goréng sing garing!” > > “Nganggo goréng bawang henteu?” > > “Maké kéhéd!” Abah sesengor tarik pisan. > > “Dibungkus daun cau atanapi dipiringan?” > > “Dipiringan !” > > “Lisahna margarine atanapi lisah kalapa?” > > “Jalantah kuya !” bari ambek da geus aya sapuluh menitna. > > Robot cicing, lampuna buburinyaian, sigana mah keur proses. > > Kira-kira tilu menitan kakara robot téh ngomong deui : > > “Hatur nuhun. Pesenan katampi. Mung teu tiasa dicumponan” > > “Naha? Geus lila-lila aing tanya-jawab jeung sia teu bisa dilaksanakeun > siah?” > > “Kumargi teu acan aya kuya sareng jalantahna………..” > > “Bisa gélo aing ! Yu Mah indit ah, teu jadi dahar didieu ! > > Hehe > > AS > > >
