Saperti ilaharna di kota-kota gede, ewe-salaki boga pagawean masing-masing. 
Kacaritakeun aya hiji kulawarga ngora anyar pangantenan, ari indit ka kantor 
teh 
naek mobil babarengan.
Nya kitu ari tas lekasan ngantor oge balik babarengan samobil.
Hiji mangsa salakina telat ngajemput pamajikanana, atuh puguh wae barang srog 
ka 
kantor pamajikanana
dijamedudan. Salila di perjalanan balik ti kantor teh eta ewe-saaki ngabetem 
wae.
Salakina ngarasa boga dosa, neangan akal sangkan bisa ngajak ngobrol jeung 
pamajikanana.
Pas  mobil ngaliwatan pom bensin, salaki ngarasa aya bongbolongan pikeun 
ngobrol.

Salaki: "Nyi, terang teu singkatan SPBU?"
Pamajikan ngajawab bari jeung masih jamedud:"Nyahoo!"
Salaki:" S singkatan tina naon?"
Pamajikan:"Solar!"
Salaki:"P na naon?"
Pamajikan:"Premium!"
Salaki:"Ari B na naon?"
Pamajikan:"Bensin!"
Salaki:"U na singkatan naon?"
Pamajikan:"Uyup wae ku maneh...!"

mrachmatrawyani


      

Kirim email ke