Kiriman Kang Dede ([email protected]) ======== ulin deui ka mitoha
dongeng iyeu rek dibagi 2 bab jiganmah. Nu kahiji dongeng indit, jeung nu kadua waktu balik Waktu indit. Ka Bali soteh aya maksud rada sarius. Salian ti rek aya pagawean, nya sakalian silaturahmi jeung kolot pamajikan. Indit ti Semarang teh naek Beus Karya Jaya, indit jam satengah opat sore make ongkos 200 rewu. Make Karya Jaya teh pedah geus biasa ngalangan da enya atuh pelayanana alus kacida. Beus na alus jeung supirna tara ngebut deuih. Naek ti hareupeun kantor we da bongan eta jalur beus teh liwat kahareupeun kantor. Diuk dina jok nomor 8 anu sorangan. Sikuring teh atoh oge da bisa nyanghunyar dina beus moal kudu diuk wae. Pondok carita nepi ka Pati, beus eureun tuluy naek saurang lalaki kira kira 35 taunan jeung panona rada sipit. Tuluy diuk digigireun sikuring. Kusikuring teh ditanya rek tujuana kamana. Manehna teu ngajawab kalahkah ngaluarkeun telepon bari mencetan nomor, tuluy manehna ngomong dina eta telepon teh. Sikuring hare hare we teu pati malire teuing. Tapi rada kaget oge gening basana lain Jawa atawa Indonesia, tur sikuring teu pati wawuh kana eta basa. Ah...sikuring teu pati malire iyeuh, dina hate keun we antep ah mending sare we. Antukna sikuring sare da tunduh tea basa peuting tas lalajo pelem. Barang beunta sadar sikuring dihudangkeun titah dahar ku kenek, da eta beus teh boga fasilitas makan malam cenah. Jrut kuring turun bari muru panumpang lain anu geus pauntuy untuy antri rek dahar. Beres dahar sikuring solat heula da wanci geus jam 10 peuting. Sakalian we di hijikeun solat isya teh jeung magrib, di qoshor tea cenah ngarana. Si kenek marentah ka panumpang kudu naraek deui da beus rek di berangkatkeun deui. Sikuring hanjat deui ka eta beus, beus tuluy ngageuleuiyeung deui maju. Eta batur sakorsi teh cicing wae teu cumarita nanaon. Antukna sikuring teu wani ngaganggu, guher deui sikuring sare. Lilir - lilir deui di daerah Banyuwangi, geus rek deukeut ka Palabuhan Ketapang. Sibatur sakorsi teh nanya bari jeung pepeta leungeun. Ngomongna alon pisan nepika kusikuring teu kadenge. "kenapa pak?" tanya sikuring Manehna kalahkah pepeta deui wae. Sikuring rada bingung, boa-boa iyeu jelema teh lain urang indonesia. Akhirna sikuring ngawanikeun nanya make bahasa ingris. Sihoreng enya sanggeus rada loba cumarita, manehnateh urang Korea anu rek balik ka nagrina liwat Ngurah Rai Bali. Manehna gawe disalasahiji Universitas di Seoul bidang Desain Furniture, jiganamah peneliti. Manehna ka Indonesia sorangan ngahaja cenah ka Jepara rek diajar jeung sakaligus nalungtik seni ukir jepara, khusuna parabot rumah tangga. Manehna oge gening teu pati jauh ti sikuring, bahasa inggrisna paspasan. Tidinyamah kuring jeung manehna rada bisa ngobrol. Ngan barang kenalan sikuring teu inget saha ngaran manehna. Teung da ngarana bakat ku hese barijeung harita teh wawanohan dina jero kapal penyebrangan anu rame ku musik tea barijeung loba tukang dagang. Memeh naek ka Kapal pan sok aya pamariksaan identitas khususna KTP jeung Pasport. Jigana manehna rada bingung, bet dititah turun tina beus. Kusikuring teh dijelaskeun, yen pamariksaan model kieu geus biasa malahmah jadi salasahiji aturan anu baku pikeun jalma anu hayang nincak pulo Bali. Geus dijelaskeun model kitu manehna ngarti tukuy nyiapkeun pasportna tuluy dibawa turun, diasongkeun ka patugas anu geus ngajega. Naek kana kapal manehna ngajak ngobrol barijeung sikuring rada ngadeukeutkeun cepil da bongan manehna ngomong alon pisan. Manehna nyarita yen apal Indonesia khususna Jepara ti dosena urang Indonesia. Manehna geus 2 minggu di Jepara, harita manehna rek balik heula cenah tuluy minggu hareup rek datang deui jeung babaturanana. Sarua tujuanana rek diajar jeung nalungtik seni ukir jepara. Manehna geus boga Pamajikan tur boga anak 2. Manehna sorangan umurna 42 taun cenah. Sikuring ngawanohkeun jadi urang Bandung we meh rada keren. Sikuring oge ngadonegkeun jiga kumaha kota Bandung jeung soal seni jeung kaayaan alamna. Manehna jangji cenah mun ka Indonesia deui minggu hareup hayang ulin ka Bandung. Kusikuring manehna dibejaan yen mun hayang ka Bandung datang we ka ITB, tong poho toong heula *site*-na bandung.go.idatawa itb.ac.id. Manehna tuluy nyatet eta du *site*-teh barijeung nganuhunkeun. Nepi ka palabuhan Gilimanuk, sikuring asup deu kana beus. Teu lila manehna meunang telepon jigana tibabaturana. Manehna menta tulung kasikuring narima eta telepon. Ceuk jalma dina telepon nanya: "Udah sampe dimana pak?" "Ini baru juga turun dari kapal" ceuk sikuring. "Kira-kira berapa lama lagi nyampe Ubung?" ceuk eta jalma. "Paling 2 sampe 3 jam lagi" ceuk sikuring. "Oh....iya maksih ya Pak" ceuk eta jalma. Sikuring nanya ka eta si Korea ngeunaan saha eta jalma. Manehna ngomong yen eta jalma cenah urang travel. Nepi ka terminal Ubung kabeh panumpang turun. Sikorea eta misah turuna tuluy nelepon tukang travel meureun. Manehna ngadeukeutan sikuring bari nganuhunkeun barijeung ngasongkeun leungeun ngajak sasalaman. Manehna rada percaya yen urang Indonesia teh memang saropan jeung ramah. Tidinya sikuring bungah kacida geus bisa nembongkeun sifat anu alus. Nya mudah-mudahan we kabeh turis atawa urang asing boga panileyan model kitu, enya.....*bangsa Indonesia adalah bangsa yang ramah*. cag ah... jd
