> YADI supriadi wendy <yadi@...> wrote:
> buah  jarak lain teu bisa dipake bahan dasar biodiesel, bisa pisan 
> malah, leuwih ti eta buah "nyamplung" nu seueur di sisi basisir oge 
> bisa dijadikeun bahan dasar biodiesel. Ah pokona mah bungbuahan nu 
> sarupaning jarak, nyamplung, jagong, sampeu jrrd, dina dasarna mah 
> bisa dijadikeun energi (nu aya eusi hidro karbon). 

Terus terang kuring pesimis bahan bakar tina nabati bisa ngaganti bahan bakar 
tina fosil. Sababna diperlukeun lahan anu lega pisan di sakuliah dunya keur 
melakna. Tah umpama kitu, ari lahan keur melak pangan/NYATUna jelema dimana? 
Leuleutikan masalah ieu kungsi kajadian kurang leuwih 3 taun katukang, waktu 
harga minyak nerekel jadi 150 dollar/ barrel. Lahan lahan pertanian di Amerika 
nu tadina melak bahan pangan dikonversi jadi pelak jagong kabeh keur bahan 
biofuel. Akibatna urang Mexico amuk-amukan da jagong ti AS nu di ekspor ka 
Mexico jadi mahal, padahal jagong keur urang Mexico lain keur "inumeun" mobil, 
tapi hakaneun jelema. Kitu deui di Indonesia nu ngilu kababuk pangpangana 
kadele nu jadi mahal, da patani kedele ngonversi lahanna jadi jagong nu leuwih 
mahal.

Biofuel ukur bisa ngasubtitusi, tapi moal bisa ngaganti peran bahan bakar tina 
fosil. Kitu deui sumber enerji sejen: geothermal, sinar panonpoe atawa nuklir. 
Sabab nuklir oge perlu bahan bakar uranium, nu engkena beak oge.

Tah kulantaran kitu, di mangsa kahareup, duka teuing iraha-irahana mah, sigana 
gaya hirup manusa bakal robah, beda pisan jeung ayeuna. Gaya hirup model 
ayeuna, moal bisa dipertahankeun deui ...da sumber-sumber enerjina kawatesan 
(terbatas). Cik aya nu bisa ngaramal kira-kira gaya hirup model kumaha 200-300 
taun kahareup?

Baktos,
WALUYA

Kirim email ke