Waktos Suyudhana mundur, Bhima masih sempet ngalempag ku tumbak pondok; keuna 
pisan ka na dada Sang Djakapitana; atuh kapidara bari mundur digarotong ku para 
prajuritna.
Dugi ka kemah, saparantos emut ti na kapiuhanana, teu antaparah deui Suyudhana 
ngincid ka kemah Bhisma; datang2 teras wae nengterewelang ngalepatkeun Resi 
Bhisma.

"Aki, perang teh geuning beuki dieu lain aya kamajuanana, malah urang nu terus2 
kasoran ku Pandawa ? Naha diantep wae ku eyang ? Formasi nu ku urang susun 
tangtu burakrakanana; padahal nu nyusun kapan Panglima Perang nu geus kahot ? 
Naon sababna Aki ? naha Aki ngantep wae Kurawa eleh ? Atawa Aki ngan ukur 
nongton ?"

Bhisma ngawalerna tina ieu tuduhan Duryodhana teh estu sabar pisan, pinuh ku 
kawijaksanaan sepuh :"Pangeran Utama, Duqyodhana, hidep ulah ringrang, hidep 
kudu teger, ulah leutik hate; eyang sareng samudaya Pahlawan tetep bakal toh 
pati jiwa raga pikeun hidep. Tuh tingali Resi Drona; Kritamarma; Salya; Wikarna 
; Aswattamma; Bhagadatta; Sakuni; Raja kembar Winda - Anuwinda; Raja Trigarta 
Susarma ; Guru Kripa; Burisrawa; sareng masih seueur deui Pahlawa sanesna. 
iMaranehna toh pati jiwa raga pikeun ngabela hidep; Taya gunana hidep hate; 
leutik burih; Optimis teu meunang pesimis."
Suyudhana teu nyarios naon2 deui; teras we ngaleos ka kemahna.

Di na Poe katujuh; Kurawa nyusun Formasi Tarate; Tiap Divisi Pasukan disusun 
mirupa bunderan2; Tiap bunderan aya pasukan gajahna nu dilengkepan ku 7 Kareta 
perang nu lengkep sanjatana. Tiap kareta dieusi ku 7 Senapati pasukan Kavaleri; 
disokong ku 10 Tamtama ahli panah; ditambah 10 purah nakis serangan panah ti 
mana wae.
Ditengah tengah eta bunderan2 Suyudhana ngadeg di na kareta emasna nu murub 
mubyar pinuh ku sosoca. Katingal Duryodhana gagah pisan lir ibarat Dewa Indra 
lungsur ti kahyangan.

Demi Pasukan Pandawa nyusun Formasi Wajra Wyaha ( kilat tatit/halilintar ).

Perang di na poe katujuh estu campuh pisan; disakuliah tempat aya nu tarung; 
pasukan lawan pasukan ; Pahlawan ngalawan Pahlawan deui.

Akhirna sanggeus karalang kuriling, gok we Arjuna papendak sareng Bhisma; atuh 
ragot perang pupuh. Dina waktos nu ampir sami Drona patepung sareng Prabu 
Maespati; atuh rame silih panah. Aswatama lawan Srikandhi; Duryodhana ngalawan 
Dristadjumna; Salya lawan Nakula nu diaping ku Sadewa. Raja kembar Wina - 
Anuwinda mayuna Raja Kasi Yudhamanyu.
Kritamarma, Citrasena, Wikarna, Durmasha, ngoroyok Bhimasena. Ari pasukan Gerak 
Cepat nu dipimpin ku Gatotkacha tos dipegat ku Bhagadatta Raja Trajutrina.
Detya Alambasa ngalawan Satyaki; Burisrawa ngalawan Dristaketu ( Cedi ); Kripa 
lawan Chekitana; Srutayu silih panah sareng Yudhistira.

Jadi na perang poe katujuh; Pahlawan nu jaradug tos pada sami2 tepang sareng 
musuh2na; Para prajurit oge silih telasan sareng papada prajurit deui. Estu 
rame pisan kaayaan perang poe katujuh ieu.

HANCA 

Kirim email ke